Anda di halaman 1dari 2

PUPUH SUNDA

ASMARANDANA Eling-eling masing eling Di dunya urang ngumbara Laku lampah nu utama Asih ka papada jalma Ucap tekad reujeung lampah Tingkah polah sing merenah Runtut rukun sauyunan Hirup jucung panggih jeung kamulyaan DANGDANGGULA Mega beureum surupna geus burit Ngalanglayung panas pipikiran Cikur jangkung jahe koneng Naha teu palay tepung Sim abdi mah ngabeunying leutik Ari ras cimataan Gedong tengah laut Ulah kapalang nya bela Paripaos gunting pameulahan gambir Kacipta salamina GAMBUH Hulang-huleng, hulang-huleng Ngahuleng ngaraga meneng Hate ratug, tutunggulan Heunteu terang, kaler-kidul Turug-turug, turug-turug Harita teh, enggeus burit Panonpoe geus rek surup Keueung sieun aya meong DEMUNG Mungguh hirup di alam dunya Ku kersaning anu agung Geus pinasti bakal panggih Suka bungah jeung kasedih Dua rupa nu tumiba Sakabeh jalma di dunya Senang patumbu jeung bingung Eta geus tangtu kasorang LADRANG Aya hiji rupa sato leutik Engkang-engkang, engkang-engkang Sok luluncatan di cai Ari bangun arek sarupa jeung lancah MAGATRU Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung Rajamandala, Cimahi Leles, Limbangan, Tarogong BALAKBAK Aya warung sisi jalan Rame pisan ku nu jajan Tihothat nu ngaladangan Nu jarajan sukan-sukan

DURMA Moal ngejat sanajan ukur satapak Geus dipasti ku jangji Mun tacan laksana Numpes musuh sarakah Heunteu niat seja balik Najan palastra Mati di medan jurit

GURISA Hayang teuing geura beurang Geus beurang rek ka Sumedang Nagih ka nu boga hutang Mun meunang rek meuli soang Tapi najan henteu meunang Mo rek buru-buru mulang Rek terus guguru nembang Jeung diajar nabeuh gambang KINANTI Budak leutik bisa ngapung Babaku ngapungna peuting Nguriling kakalayangan Neangan nu amis-amis Sarupaning bungbuahan Naon bae nu kapanggih

LAMBANG Nawu kubang sisi tegal nyair bogo meunang kadal atuh teu payu dijual rek didahar da teu halal MASKUMAMBANG Duh manusa mana kaniaya teuing teu aya rasrasan abong ka mahluk nu laip nyiksa henteu jeung aturan Hulu abdi karaosna langkung nyeri tulang asa bejad tanduk mah pon kitu deui taya raoskeuneunnana Jeung saterusna..

MIJIL Mesat ngapung putra Sang Arimbi Jeung mega geus awor Beuki lila beuki luhur bae Larak-lirik ninggali ka bumi Milari sang rai Pangeran Bimanyu

PANGKUR Euleuh itu budak gembul Awak gembru bayuhyuh gawena kedul Ukur heuay jeung nundutan Ka sakola unggal poe kabeurangan He barudak tong nurutan Ka nu gembul kokomoan Bisi kedul jeung ogoan Awal akhir katempuhan SINOM Warna-warna lauk empang Aya nu sami jeung pingping Pagulung patumpang-tumpang Ratna Rengganis ninggali Warnaning lauk cai Lalawak pating suruwuk Sepat pating karocepat Julung-julung ngajalingjing Sisi balong balingbing, sisi balungbang

PUCUNG Estu untung nu bisa mupunjung indung jeung nyenangkeun bapa tanda yen bagjana gede hitup mulus kaseundeuhan ku berekah Lutung buntung luncat kana tunggul gintung Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek Bajing kuning jaralang belang buntutna

WIRANGRONG Barudak mangka ngalarti Ulah rek kadalon-dalon Enggon-enggon nungtut elmu Mangka getol mangka tigin Pibekeleun sarerea Modal bakti ka nagara

Anda mungkin juga menyukai