Anda di halaman 1dari 1

Akbar Halimul Aziz (7G)

Dongeng Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet


Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang
manehana tacan keneh manggihan nanaon. Jalan ka tengah poe, manehna manggih tangkal
cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da manehna teu bisa naek.
Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung.“Sakadang
Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing
tulungan pangalakeun, engke paparoan”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan
ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut
dihakanan.
Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we
neureuyan ciduh. “Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk
Sakadang Kuya ngagorowok. Tapi Sakadang Monyet teu paduli, jongjon bae metikan jeung
ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana,
ngunek-ngunek hayang males.
Isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana
bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit
nepungan Sakadang Monyet. Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya
beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik
uing menta!” Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar
buah loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh
menta ngarah dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu
mere cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang
ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!”
tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin
Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak….
Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur bareto.

Anda mungkin juga menyukai