Anda di halaman 1dari 1

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang manehana tacan keneh
manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da
teu bisa naek.

Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyet, uing
manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke
paparoan” “Hade,” tembal Sakadang Monyet.

“Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan
cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we
neureuyan ciduh.

“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. Tapi
Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.

Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka
kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun
aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya
beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.

ADVERTISEMENT

Anda mungkin juga menyukai