Anda di halaman 1dari 4

Contoh Dongeng Sunda: Sakadang Kuya Jeung

Sakadang Monyet
Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih
nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak,
tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang
Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu
buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke
paparon”

“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”


Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet,
tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu
dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.

“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya
ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah
maledogan ku cangkangna.

Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.

Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak,
warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan.
Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati
supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.

Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing
menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa
paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah
dipikarunya.
“Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta
teh milik kami?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah
loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah
dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin
Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak….
Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto
SASAKALA SITU BAGENDIT
Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék
sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna
sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu
larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh,
ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung
campur jeung batur, da sieun kasoro téa.

Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu
gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit
nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya
nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng.
Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé
geus bérés, bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu
ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana
gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu
ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna
mah geus lain picaritaeun wé.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé
boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik.
Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum.
Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé
nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut
tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung
Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé
baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

Anda mungkin juga menyukai