Anda di halaman 1dari 1

NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG KASAATAN

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten papakeana geus butut sarta laip, dismapngna
oge ngan ukur bias nutupan orat kitu deui dahar leueuteuna salawasna ngan sapoe sakali bae, malah-malah
sakapeungmah datang ka pot pisan sape dua poe hanteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai
wungkul. Ari buburuh dederep teu kaduga jeung geus hanteu laku, wantu-wantu geus kolot kurang tanagana.
Jadi kahirupannana taya deui ngan tina ngarorotek bae dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari bebenanganana
dipake nukeran beas atawa cangkaruk ka tatanggana.

Pandening imahna ngan disempil bae di tangkiodkeun kana pongpok imah baturna, kitu oge hatepna,
bilikna geus balocor, teu aya nu daek nulungan mangomeankeun ku sabab teu boga sanak baraya sumawona
anak incu istuning ninggul pinang.

Ari eta nini-nini teh sakitu nya kokolotannana henteu pisan nyaho ka gusti allah komo ngalampahkeun
kana parentahna, kana jenengana oge teu apal. Dina hijim mangsa eta nini-nini geus dua poe henteu manggih-
manggih daharaeun, nukeran sangu ka tatanggana oge teu aya nu mere. Tidinya manehna tuluy ngajentul di
imahna bari humandeuar, bari pokna “aduuuuuh… cilaka teuing diri aing ieu nya ayeuna meren paeh
langlayeuseun teh.”

Saenggeus ngomong kitu manehna boga niat rek ngarorotek deui ka tegal bari sugan manggih
dangdaunan atawa bongborosan nu ngenah di dahar keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral
manehna lempang ngajugjug ka tegal kaso kurut di duruk, anu dekeut kana talaga sarta di sabeulahna deui
kasampak walungan gede. Barang dating kadinya eta nini-nini the manggih lauk deleg nu kcida lobana, rek
pindah tina walungan kana talaga. Saenggeus nepi kana tengah-tengah eta tegal kaberangan, panon poe geus
kacida teuing panasna, jadi deleg kabeh awakna taluhur kukumurna kutina seuseut dating nepi ka teu bisa
maju lempangna. Nepikeun kasiksa kasaatan.

Didinya eta nini-nini teh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk mani loba
keur nukeran sangu. Tapi manehna heran nempo aya hiji deleg anu panggedena kawas-kawas anu jadi ratuna
bari anehna eta deleg bisaeun ngomong, pokna “gusti allah kuring neda hujan” nepikeun sababaraha kali bari
tanggah ka luhur. Ari ku nini-nini didengekeun bae eta caritaan deleg the haying nyaho kumaha kajadianana.
Barang geus kira-kira satengah jam lilana, breeeeettt…. datang hujan gede pisan, tidinya eta deleg barisaeun
deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini teh datang kangadeg-deg awahing tiris kahujanan bari
lengoh teu mawa nanaon.

Kacaritakeun eta nini-nini saenggeus datang kaimahna tuluy mikir bari ngomong dina jero hatena
“iiihhh…. Bua lamun aing ge neda widi kanu ngaran allah teh, meren dipaparin saperti cara deleg tadi ngan
bedana aingmah rek menta duit. Tidinya eta nini-nini teh seug bae tapakur di imahna bari ngomong nurutan
kalakuan deleg tea “gusti kuring menta duit” nepikeun sababaraha kali.

Teu sawatara lila tatangga eta nini-nini teh ngambek sabab hariwangeun ngadenge eta nini-nini.
Panyentakna eta nu boga imah ku nini-nini teu digugu, tonggoy wae ngomong menta duit ka allah sangkan
dikabul maksudna.

Anda mungkin juga menyukai