Anda di halaman 1dari 12

MODUL AJAR

INFORMASI UMUM

A. Identitas Modul
Nama Penyusun : Jaya Kusumah, S.Pd
Satuan Pendidikan : SMA Negeri 6 Karawang
Fase :E
Kelas : 10
Alokasi Waktu : 2 ( dua ) JP

B. Kompetensi Awal
1. Membandingkan jenis dongeng, berdasarkan isi, struktur, dan aspek kebahasaan;
2. Menampilkan berbagai jenis dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, atau
dramatisasi.

C. Profil Pelajar Pancasila


1. Mandiri
2. kreatif
3. Berkebinekaan Global

D. Sarana dan Prasarana


Laptop, HP, Koran, Majalah, Link GMeet atau ZoomMeet

E. Target Peserta Didik


1. Peserta didik regular;
2. Peserta didik yang mengalami kesulitan/lambat;
3. Peserta didik dengan capaian tinggi/cepat

F. Model Pembelajaran
PJJ Daring

KOMPONEN INTI

A. Tujuan Pembelajaran
1. Peserta didik mampu menjelaskan unsur intrinsik dongeng dengan tepat;
2. Peserta didik mampu menjelaskan unsur pamohalan dongeng dengan tepat;
3. Peserta didik mampu membedakan wanda dongeng;
4. Peserta didik mampu menyebutkan unsur bahasa dongeng;
5. Peserta didik mampu menceritakan kembali isi dongeng;
6. Peserta didik mampu menampilkan dongeng dengan cara ngadongeng, monolog, atau
dramatisasi.

B. Pemahaman Bermakna
1. Mikaweruh perkara dongeng;
2. Maham unsur-unsur dongeng.

C. Pertanyaan Pemantik
1. Kungsi teu sadérék ngadéngé dongéng?
2. Ti saha sadérék kungsi ngadéngé dongéng?

D. Kegiatan Pembelajaran
1. Kegiatan Pendahuluan ( 15 Menit )
a. Guru dan Peserta didik bertanya jawab tentang kegiatan yang akan dilaksanakan
hari ini.
b. Peserta didik bertanya jawab untuk menyamakan konsep tentang teks cerita
dongeng.
c. Peserta didik membaca teks cerita dongeng dari buku, file, dan atau sumber dari
internet.
2. Kegiatan Inti ( 60 Menit )
a. Peserta didik Membaca dan mengamati beberapa contoh dongeng.
b. Peserta didik Mengamati dan memahami unsur-unsur dongeng.
c. Peserta didik Bertanya jawab isi dari contoh dongeng.
d. Peserta didik Mencari informasi/ referensi tentang cara membacakan atau
mendongeng dari berbagai sumber.
e. Peserta didik Mencari kata-kata sulit dan menemukan artinya dalam kamus.
f. Peserta didik Membandingkan berbagai contoh teks cerita dongeng.
g. Peserta didik Mengevaluasi dan mendiskusikan kaidah teks cerita dongeng.
h. Peserta didik Menyampaikan cerita dongeng secara lisan.
i.
3. Kegiatan Penutup
a. Guru dan peserta didik menyimpulkan kegiatan pembelajaran;
b. Peserta didik merefleksi pembelajaran hari ini dengan panduan guru.

E. Asesmen
Asesmen Diagnostik
1. Naon anu dimaksud dongeng téh?
2. Naon wae unsur-unsur intrinsic anu aya dina dongeng?
Asesmen Formatif
1. Pék baca salah sahiji dongéng tuluy analisis unsur-unsur intrinsikna!
2. Caritakeun deui eusi dongéng anu kungsi dibaca ku sadérék baca!

Asesmen Sumatif
Uraian
Sebutkeun unsur intrinsik anu aya dina dongéng ”Nini-nini Malarat jeung Deleg
Kasaatan”?
1. Tema
2. Tokoh
3. Alur
4. Latar/tempat kajadian
5. Amanat

F. Pengayaan dan Remedial


Pengayaan
1. Jelaskeun naon anu disebut dongéng!
2. Jelaskeun papasingan dongéng dumasar kana eusina! Contoan!

Remedial
1. Pék tuliskeun deui salah sahiji dongéng sunda anu hidep apal. Upama poho deui, bisa
maca buku kumpulan dongéng atawa nanyakeun ka kolot di imah!

LAMPIRAN

A. Bahan Bacaan

Nini-Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan


Jaman baheula aya nini-nini nu kacida malaratna. Papakéanana geus butut sarta laip,
disampingna ogé ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan
sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah sapoé dua poé henteu manggih-manggih
sangu, ngan ukur nginum cai wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus
henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana.
Imahna ge nyempil, ditangkodkeun kana tonggong imah baturna, kitu ogé hateupna
bilikna geus balocor, henteu aya pisan anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu
boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka Gusti Allah, tong
boro ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu
bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih kadaharan. Manéhna
ngarasa lapar kacida. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna,
“Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh jung manéhna indit ka tegal, néangan dangdaunan atawa
bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral
leumpang ngajugjug ka tegal kaso, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui aya
walungan gedé.
Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék
pindah ti walungan ka talaga.  Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal deleg teh
kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh kagaringan, awakna
seuseut nepi ka henteu bisa maju leumpangna. 
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu aya
hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana,
kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda hujan! 
Yaa Allah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur.
Barang geus kira-kira satengah jam lilana, datang hujan gedé naker mani
cileungcangan. Ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang, tuluy kebat meuntas ka talaga.
Ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh
balikna teu barang bawa.
Kacaritakeun éta nini-nini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di
jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah téh, meureun dipaparin,
ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing  mah rék neda duit.”
Ti dinya éta nini-nini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur
nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa Allah kuring neda
duit!” Kitu baé omongna teu eureun panedana ka gusti Allah, geus teu aya pikiran deui ka
nu séjén.
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nini-nini téh, banget ngéwaeunana, ku
sabab gandéng jeung bosen, unggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nini-
nini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, “Nini!
Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka
dieu, méré duit ka manéh. Jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka
leuweung, meureun aya hasilna. Jeung deui, lamun manéh henteu beunang dicarék, geura
undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.” Tapi ku si nini teu dipaliré.
Barang geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh beuki kacida garétékeunana,
henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot
karung goni beunang ngeusian ku beling datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel
ambeh beurat. Niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina dinyanaan duit paparin
Allah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna ku éta karung ambeh
kapok moal ngomong kitu-kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
diponcorkeun ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna. Nini-nini téh kalenger tina
bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk teh kacida atoheunnana,
panyanana nya éta karung duit, paparin ti Allah.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Allah!
Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur Ajengan, aya kénéh nun?” Ti
dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi
duit.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten. Kitu deui dipikanyaah ku
tatanggana jeung tambah alus budina, suka tutulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna
ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun ka dirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-
nini téa jadi beunghar lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.  Geus kitu boga niat
hayang nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, ménta dibales ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung
beling ka manéhna, pokna, “Nini sabenerna éta duit téh asalna beling beunang kula
ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina kaula kesel ngadéngékeun
anjeun ngomong baé nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi éta beling dumadakan jadi duit
kabéh.  Ku kituna ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung
beling, tangtu bakal jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang
ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeh kaula leuwih beunghar manan nini.”
Wangsul nini téh, “Hadé, heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.
Ti dinya éta jalma téh tuluy balik. Sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan
sakumaha polahna nini-nini téa, sarta ngomong, pokna, “Yaa Allah kuring neda duit! Yaa
Allah kuring neda duit!”  Kitu baé omongna, jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén
bakal meunang duit ti Allah dua karung goni parinuh.
Barang geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur
tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang mékprékan, sarta tuluy dibawa naék ka
para, ti dinya heug éta dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna si jelema.
Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan, malah-malah tulang tonggongna nepi ka
potong. Sanggeus inget geuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh
dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-
nini téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur
Ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun
jadi duit. Ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina bawaning
aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka Gusti Allah, pokna, “Ih naha Allah téh wét
pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh! Ari kaula henteu! Jeung deui kumaha, naha
Allah téh geus diganti deui? da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Allah nu
jeneng ayeuna bet henteu bisaeun?”
Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-
pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok
tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa. Lawas-lawas manéhna jadi
malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa. ***

(Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN


VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A.
UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis. [Dicutat tina blog ”Kumpulan Carita jeung
Dongeng”])

A. Perkara Dongeng

Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok.
Memang aya oge anu kesan pamohalanana teh teu karasa, nyaeta dongeng-dongeng anu
nyaritakeun kahirupan sapopoe saperti dongeng-dongeng si kabayan.
Contona nyaeta :
1. Dongeng “Sakadang kuya jeung sakadang monyet”
2. Dongeng “Sasakala tangkuban parahu”
3. Dongeng “Sasakala maung panjalu”

Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral. Dogeng teh karya balarea, hartina tara
kanyahoan saha anu ngarangna. Sumberna sacara lisan, dongeng di dongengkeun deui.
Munasababna upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi teh.

B. Papasingan Dongeng

Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan
nyaeta :

1. Dongeng Sasakala (Legenda)


Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal
kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan.
Contona dongeng :
a. Sasakala Situ bagendit
b. Sasakala gunung tangkuban parahu
c. Sasakala talaga warna
d. Sasakala maung panjalu
e. Sasakala uncal tandukan
f. Sasakala pare

2. Dongeng Babad (Sage)

Anu dimaksud dongeng (sage) teh nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun
kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Contona :
a. Dongeng kean santang
b. Dongeng seh abdul muhyi
c. Dongeng prabu siliwangi
d. Dongeng dipati imbana gara
e. Dongeng sunan penana di puntang

3. Dongeng Sasatoan (fabel)

Dongeng Sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta


paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun
akal pikiran. Contona :
a. Sakadang kuya jeung sakadang monyet
b. Sakadang peucang

4. Dongeng Jelema Biasa( Farabel )

Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa.
Conto anu paling kamashur dina sastra sunda nyaeta dongeng-dongeng sikabayan.

a. Dongeng Para Nabi/Wali


b. Dongeng Pieunteungeun
c. Dongeng Pamuk

5.Dongeng Mite
Dongeng anu aya patalina sareng kapercayaan kalelembut atawa hal-hal gaib ( Mite )

Contona :

a. Dongeng nyirorokidul
b. Dongeng Dedemit
c. Dongeng jurig

D. Struktur Dongeng

-pendahuluan: pernyataan umum kalimah panganteur pikeun muka hiji dongeng


- kajadian/ kajadian dina dongeng: kajadian anu disusun sacara runtuyan wayah (kronologis)
-panutup

E. Warna kecap dina Basa Sunda di antarana :

1. Kecap Barang
    Kecap barang sabenerna ngarupakeun ” ngaran ti sakumna mahluk”
Contona ngaran :
a. Jelema
b. Sato
c. Tutuwuhan

Kecap barang aya dua rupa :

Nu nyata/konkret : – Jalma, Batu, Tangkal


Nu teu nyata/abstrak : – Kasieun, kalakuan, kumbaheun.

2. Kecap Pagawean
Kecap pagawean nyaeta sagala kecap anu mangrupa gerak laku mahluk/mangrupa kalakuan.
Contona : – Dahar, sare, ulin, nulis.

3. Kecap Sipat/kaayaan
Nyaeta kecap anu nerangeun kaayaan atawa sipat
Contona : – Bangor, goreng, alus.
4. Kecap Gaganti (kecap sulur)
Nyaeta kecap nuduhkeun nu bogana, nyaeta :
ka 1 tunggal : kuring, abdi,
ka 2 tunggal : maneh, anjeun
ka 3 tunggal : manehna, anjeuna
ka 1 jamak   : kuring sarerea, abdi sadayana
ka 2 jamak   : maaneh, aranjeun
ka 3 jamak   : maranehanana, aranjeunanana

5. Kecap Bilangan
a. Anu nuduhkeun jumlah : – hiji, dua, tilu
b. Nuduhkeun tingkat       : – kahiji, kadua, katilu

6. Kecap Panyeluk
Biasana digunakeun pikeun ngedalkeun emosi atawa perasaan anu kuat, diantarana lamun 
reuwas, nyeri, kaget, sumanget, contona :
hey ! halo ! ah !
aduh ! kurang ajar !

7. Kecap Panunjuk
Nunjuk nu deukeut : ieu
Nunjuk nu jauh : itu

8. Kecap Pangantet
Ngantetkeun dua bagian kalimah, nulisna di pisahkeun
Cntona : di dapur, ka kota, kana mobil.

9. Kecap Panyambung
Nyambungkeun sababaraha omongan nepi ka jadi kalimah ngantet
Contona : jeung, terus, tuluy, lantaran.

10. Kecap Anteuran


Kecap nu sok marengan kecap pagawean malar leuwih anteb.
Contona : gek diuk, jol datang, bray caang, blug labuh, burusut ngising.

11. Kecap Sandang


Keur ngahormat : Sang ratu, Sang raja, Sang jendral, Hang tuah, Si geulis.
Keur sato : Sakadang kuya, Sakadang monyet, Sang kancil.

12. Kecap Panganteb


Keur mere tekenan kana omongan anu dipentingkeun, conto : Mila teh bageur, Mia mah teu
bisa.
Keur nuduhkeun/ngantebkeun warna, contona : beureum euceuy (burahay), koneng enay
(umyang), bodas ngeplak (nyacas)
13. Kecap Sawandana/Sinonim
Conto :
Beunghar = Sugih
Untung    = Mucekil
Pancen     = Tugas
Subur       = Makmur

14. Kecap Sabalikna/Antonim


Conto :
Nanjak    = Mudun
Tonggoh = Landeuh
Lega        = Heureut
Getol       = Ngedul

Ciri- ciri Dongeng


• ngagunakeun alur basajan;
• carita singget sarta usik gancang;
• sipat inohong henteu diuraikan
secara rinci;
• ditulis kawas gaya penceritaan
secara lisan.

Kalimat Pembuka dina Dongeng


biasana kalimah pembuka dongeng kawas ieu
-dina jaman baheula basa
-beribu-ribu warsih anu tuluy
- di hiji negri anu laér
-kecap sahibul hikayat

F. Kiat Sukses ngadongeng

Ceuk Elin Sjamsuri dina buku Dongéng Aki Guru, sarat suksés
ngadongéng téh di antarana:

a. Kudu apal kana lalakon. Sakapeung kudu tapis improvisasi lamun


pareng poho kana lalakonna.

b. Kudu ngabogaan téhnik vokal anu hadé, utamana dina ngarobahrobah


sora tokoh-tokoh dongéng.

c. Kudu apal suasana dongéng. Upamana suasana pilemburan,


pileuweungan, karaton, jeung sajabana.
d. Kudu maké éksprési anu merenah, boh dina pasemon, lentong, peta,
jeung réngka.

B. Lembar Kerja Peserta Didik

Lengkepan tabel dihandap ?

Dongeng Dongeng Dongeng Dongeng Dongeng


legenda Sage fabel farabel Mite
Wangenan

Conto

Jawab panya dihandap kalwan jentre ?

1. Aya sabaraha hiji kecap barang nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
2. Aya sabaraha hiji kecap pagawaean nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
3. Aya sabaraha hiji kecap sipat/kaayaan nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
4. Aya sabaraha hiji kecap gaganti / kecap sulur nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat
Jeung Deleg Kasaatan?
5. Aya sabaraha hiji kecap bilangan nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
6. Aya sabaraha hiji kecap panyeluk nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
7. Aya sabaraha hiji kecap panunjuk nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
8. Aya sabaraha hiji kecap pangantet nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
9. Aya sabaraha hiji kecap panyambung nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
10. Aya sabaraha hiji kecap anteuran nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
11. Aya sabaraha hiji kecap sandang nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
12. Aya sabaraha hiji kecap panganteb nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?
13. Aya sabaraha hiji kecap sawandana/Sinonim nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat
Jeung Deleg Kasaatan?
14. Aya sabaraha hiji kecap sabalikna/Antonim nu aya dina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung
Deleg Kasaatan?

Pancén Mandiri
1. Analisis struktur dongeng Nini-Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan Dumasar strukturna !
2. Sebutkeun fungsi sosial tina dongeng Nini-Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan Dumasar
strukturna ?
3. Analisis unsur-unsur tina dongengan Nini-Nini Malarat Jeung Deleg Kasaatan Dumasar
strukturna !
4. Jieun naskah drama tina dongeng!

C. Glosarium
Dongéng = carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna
sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna.
D. Daftar Pustaka
Google
Sudaryat, Y. 2017. Panggelar Basa Sunda. Jakarta: Erlangga

Anda mungkin juga menyukai