Anda di halaman 1dari 2

Dongeng Bahasa Sunda

Peucang Keuna ku Leugeut


Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani.
Boréngna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan
bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru
indit ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani
datang ka kebon.

Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan


Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun néwak Peucang.
Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu
dibaluran ku leugeut.

Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang


reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang
panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya
sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul.
Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong
deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui. Di teunggar ku
huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik
ngageunggeuik, pasrah kana nasib.
Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina
jajalmaan. Peucang nu geus teu walakaya di téwak ku Pa
Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak kebon Pa Tani.
Terjemahan

Kancil Terkena Getah


Suatu hari Kancil mendatangi kebun mentimun Pak Tani.
Mentimunnya sudah matang-matang. Am, Kancil memakan
mentimun. Setelah mentimunnya hampir habis lalu Kancil
segera pergi meninggalkan kebun Pak Tani.

Tidak berapa lama, datanglah Pak Tani ke kebun. Pak Tani


sangat kaget melihat mentimunnya habis dimakan kancil. Pak
Tani mencari akal untuk menangkap Kancil. Setelah merasa
yakin, Pak Tani membuat orang-orangan yang dibaluri getah.
Esoknya, Kancil datang lagi ke kebun Pak Tani. Kancil kaget
karena di kebun ada orang sedang berdiri. Kancil penasaran,
lalu mendekati orang-orangan. Kancil bertanya beberapa kali,
tetapi tidak dijawab. Kancil jadi kesal.

Kancil menendang orang-orangan, tetapi kakinya jadi lengket.


Ditendang kembali dengan kaki belakang, kakinya lengket
lagi. Ditanduk dengan kepalanya, kepalanya ikut lengket.
Akhirnya Kancil menangis terisak-isak, pasrah terhadap nasib.
Pak Tani sangat gembira melihat Kancil lengket pada orang-
orangan. Kancil yang sudah tidak berdaya ditangkap oleh Pak
Tani. Sekarang tak ada lagi yang merusak kebun Pak Tani.

Anda mungkin juga menyukai