Anda di halaman 1dari 1

Peucang Keuna ku Leugeut

Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Boréngna keur méujeuhna arasak. Am,
Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit
ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon.
Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun
néwak Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.
Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur
nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi
teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul.
Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet
deui. Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik,
pasrah kana nasib.
Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. Peucang nu geus teu walakaya
di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak kebon Pa Tani.

Terjemahan
Kancil Terkena Getah

Suatu hari Kancil mendatangi kebun mentimun Pak Tani. Mentimunnya sudah matang-matang.
Am, Kancil memakan mentimun. Setelah mentimunnya hampir habis lalu Kancil segera pergi
meninggalkan kebun Pak Tani.
Tidak berapa lama, datanglah Pak Tani ke kebun. Pak Tani sangat kaget melihat mentimunnya
habis dimakan kancil. Pak Tani mencari akal untuk menangkap Kancil. Setelah merasa yakin, Pak
Tani membuat orang-orangan yang dibaluri getah.
Esoknya, Kancil datang lagi ke kebun Pak Tani. Kancil kaget karena di kebun ada orang sedang
berdiri. Kancil penasaran, lalu mendekati orang-orangan. Kancil bertanya beberapa kali, tetapi
tidak dijawab. Kancil jadi kesal.
Kancil menendang orang-orangan, tetapi kakinya jadi lengket. Ditendang kembali dengan kaki
belakang, kakinya lengket lagi. Ditanduk dengan kepalanya, kepalanya ikut lengket. Akhirnya
Kancil menangis terisak-isak, pasrah terhadap nasib.
Pak Tani sangat gembira melihat Kancil lengket pada orang-orangan. Kancil yang sudah tidak
berdaya ditangkap oleh Pak Tani. Sekarang tak ada lagi yang merusak kebun Pak Tani.

Anda mungkin juga menyukai