Heru : Sangkuriang
Anastasia : Dayang Sumbi
Angel : Sang Hyang Tunggal
Gobin : Dewa
Anggelisa : Dewi
Cyntia : Wayung Hyang / babi
Hendri : Tumang / Anjing
Fadhliyana : Pertapa Sakti
Jessica : Makhlus Halus 1
Inggrit : Makhlus Halus 2
Aldy : Raja Sungging Perbangkara
Dina hiji mangsa, aya saurang Dewa sareng Dewi anu hirup di kahyangan.
Dewa : Dewi, kamari abdi dibere tugas ku Sang Hyang Tunggal. Abdi teh kudu ngadamaikeun rakyat
jeung ngaberantas kajahatan di bumi.
Dewa : Duh teu nyaho euy, abdi teh meni males pisan.
Dewa : Teu level atuh abdi mah ngurusan anu kos kitu.
Dewi : He’euh oge nya, manusa teh hese di bejaanana. Cape hate abdi ngabejaanana.
Dewa sareng Dewi ahirna leuwih mentingkeun kahayang sorangan. Manehna sare waktos di
titah ku Sang Hyang Tunggal.
Sang Hyang Tunggal : Kamana ieu si dewa jeung dewi teh, didagoan teh teu dateng. Geus lah abdi
teang sorangan weh.
Waktos Sang Hyang Tunggal neangan Dewa jeung Dewi, Sang Hyang Tunggal manggihan Dewa
jeung Dewi keur sarare.
Sang Hyang Tunggal : Eleuh-eleuh si belekok, di titah malah sarare di dieu kabeh, buru hudang! Bisi
di banjur cai yeuh ku Abdi.
Dewi : He’euh Gusti, Abdi ge meni cape pisan. Jadi weh Abdi milu sare.
Sang Hyang Tunggal : Cape atawa males maneh teh. Geus mulai ayeuna, maraneh kabeh mangkat
titempat ieu ka bumi, tong balik deui, sampe masa hukuman maneh beak.
Ngarti teu?
Sanggeus eta, si Dewa jeung Dewi teh dikutuk ku Sang Hyang Tunggal , Dewa dikutuk jadi Anjing
namina Tumang, lamun Dewi dikutuk jadi Celeng namina Wayung Hyang.
Raja Sungging : Aduh meni kabelet kiih euy. Ah euweh jelema ieu lah, abdi kiih di dieu wae.
Celeng : ngok ngok, meni hayang nginum.. (muter-muter) nah ieu aya cai, nginum ah..(nginum
kiihna Raja Sungging)
Wayung Hyang nginum cai kiih na Raja Sungging, nu nyebabkeun manehna reuneh. Saenggeus
eta manehna ngalahirkeun saurang putri. Saenggeus manehna ngalahirkeun Wayung Hyang nempo aya
Raja anu keur ngalewat, Wayung Hyang nempatkeun putri na di handap tatangkalan pikeun ditempo ku
Raja Sungging.
Oowaa owaaa oweee oweeee (sora orok)
Raja Sungging : (ngadenge sora orok) sora naon eta? Jurig lainnya? Aduh meni sieun abdi. (jalan
nempo tina sumber sora) hoh aya orok, (di gendong) meni geulis pisan ieu orok, abdi bere nami Dayang
Sumbi weh.
Raja Sungging nampi Dayang Sumbi ka karajaan manehna. Dayang Sumbi jadi awewe anu geulis.
Loba para Raja jeung Pangeran anu hayang ngawinkeun manehna. Ahirna Dayang Sumbi mutuskeun rek
ngasingkeun dirina di bukit jeung saekor anjing nyaeta si Tumang. Dina sajeroning pangasingan.
Sapopoena sok ngadon ninun , taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang
murag.
Dayang Sumbi : deuh ilah sagala murag eta benang teh, keur kagok deui, geus lah sing saha bae nu
daek nyokotkeun jeung nganteurkeun eta benang,lamun awewe abdi jadikeun dulur, lamun lalaki rek
dijadikeun salaki.
Harita teh, aya anjing jalu nu ngaranna si Tumang, nyokot eta benang jeung nganterkeun ka
dayang Sumbi. Benang mireungeuh yen nu nganterkeun taropong teh mangrupa Anjing jalu atuh kacida
ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur ilmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu
meunang di bolaykeun. Bari ngherup ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu
ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang. Nepi ka budak lalaki nu ngaranna Sangkuriang.
Dayang Sumbi : duh abdi keur hoyong pisan jantung mencek. Jug sangkuriang pang teangan heula eta
jantung mencek.
Waktos Sangkuriang jeung Tumang nepi dina hutan, Sangkuriang ningali hiiji celeng atanapi Tumang
malah ngagegel baju Sangkuriang .
Sangkuriang : eleuh-euleuh kunaon sih maneh Tumang? Jadi weh buruan abdi leungit!
Sangking ngambekna Sangkuriang nembak si Tumang terus jantungna diberekeun ka Dayang Sumbi.
Sanepina dibumi
Sangkuriang : (gelisah sieun dicarekan ku Dayang Sumbi) sebenerna jantung nu didahar ku ema, eta
the jantung si Tumang ma.
Dayang Sumbi : naon??? Maneh geus keterlaluan Sangkuriang! (babari ngagaplok Sangkuriang)
Sangkuriang : (masang beungeut kesel ka Dayang Sumbi) kunaon sih ma? Ema meuni ngabealaan si
Tumang sampe kieu ka abdi?!
Dayang Sumbi : maneh nyaho teu?! Si Tumang eta bapa maneh Sangkuriang! Manehna jelmaan
pangeran nu diturunkeun ka bumi. Artina maneh geus ngabunuh bapa kandung maneh sorangan!!
(babari ceurik).
Sangkuriang : teu mungkin ma! Teu mungkin! Bapa abdi lain saurang anjing!(sangkuriang kabur tina
imah ninggalkeun emana sorangan).
Sangkuriang ereun dina hiji hutan. Teu lila Sangkuriang kapanggih jeung saurang pertapa sakti.
Pertapa sakti : hey, budak kasep. Kunaon anjeun cicing sorangan didieu ? mana rerencangan anjeun?
Sangkuriang : saha nyai? Abdi keur aya masalah sareng ema abdi.
Pertapa sakti : anjeun teu perlu nyaho saha abdi, nu jelas mendingan anjeaun milu abdi ka bumi.
Pertapa sakti : nah iyeu imah abdi, teu usah era ka abdi kusabab abdi ngan hirup sorangan didieu.
Pertapa sakti : anjeun icing sareng abdi didieu sampe anjeun bisa tenang.
Kaisukan poena.
Pertapa sakti : kadieu nyai kenallkeun ka anak buah satia nyai. (bari muka botol nu diharepna).
Mahluk gaib 2 : muhun, aya naon? Tumben ngageroan abdi. Aya tugas naon nyai?
Pertapa sakti : teu aya nanaon, nyai nga hoyong ngenalkeun maraneh kabeh ka Sangkuriang panghuni
anyar imah iyeu.
Pertapa sakti : geus tong tebar pesona didieu. Balik deui ka tempat asal maneh ayeuna.
Mahluk1 : nyai teu bisa ningali abdi seneng pisan.(langsung mangkat tina tempat eta)
Mahluk2 : tong pohonya kasep mun butuh nanaon ka abdi wae. (ninggalkeun tempat eta).
Saengges eta sangkuriang tuluy diajaran ku pertapa sakti sampe jadi jelma nu hebat.
Sangkuriang : nyai, maafnya salami iyeu abdi tos ngarepotkeun nyai. Ayeuna abdi bade ninggalkeun
nyai pikeun mulai kahirupan anyar abdi.
Pertapa sakti : nya Sangkuriang, tong sampe sakituna. Nyai seneng kusabab Sangkuriang bisa jadi anak
angkat nyai salami iyeu. Hati-hati ngagunakeun ilmu nu dibere ku nyai eta.
Dina perjalananna sangkuriang papanggih jeung Dayang Sumbi nu masih mangrupakeun parawan geulis
kusabab anjeunna pake ilmu awet jaya. Didinya Sangkuriang teu ngenalkeun Dayang Sumbi salaku
indungna.
Dayang Sumbi : hmm, abdi Dayang Sumbi. Abdi keur neangan kaya bakar didieu.
Sangkuriang : hah? Dayang Sumbi?? (kaget kusabab ngedenge ngaranna sarua kos indungna).
Sangkuriang : oh teu nanaon, menang teu abdi milu ameng ka bumi anjeun?
Dayang Sumdi sareng Sangkuriang indit bareng nuju ka bumina Dayang Sumbi. Sanepina di bumi Dayang
Sumbi.
Dayang sumbi : iyeu bumi abdi. Hampura lamun bumi abdi goreng.
Sangkuriang : teu nanaon geulis. Hmm, mana kolot anjeun? Ko teu katingalian?
Dayang Sumbi : abdi tos teu boga kolot. Didieu abdi cicing sorangan.
Saban poe Sangkuriang jeung Dyang Sumbi ngajalin hubungan. Maranehna samakin tambah cinta. Hiji
poe keur Sangkuriang sasarean di pangku ku Dayang Sumbi
(keur ngusap buuk Sangkuriang ningali tanda nu aya dipanon Sangkuriang, Dayang Sumbi kaget)
Dayang Sumbi : hmm, Sangkuriang tanda di panon ajeun eta tanda beukas naon?
Sangkuriang : oh, iyeu tanda beukas abdi leutik abdi dicarekan ku indung abdi terus digetok kunu
gayung jadi aya bekas nepi ka ayeuna.
Dayang Sumbi : Sangkuriang! Anjeun teh anak abdi nu baheula lengit. Urang moal bisa neruskeun
hubungan iyeu!
Sangkuriang : teu! Mustahil! Tong ngabohong ka abdi! Indung moal hirup sampe ayeuna lamun masi
aya manehna geus kolot.
Dayang Sumbi : bener Sangkuriang! Abdi teh indung maneh. Abdi masi ngora kusabab abdi ppake elmu
awet jaya.
Dayang Sumbi : nya geus lamun anjeun masi teu percaya. Aya hiji syarat nu kudu anjeun pinuhan.
Lamun anjeun teu bisa ngabulkeun syarat eta anjeun teu bisa kawin sareng abdi teras ngakuan abdi
indung anjeun.
Dayang Sumbi : anjeun kudu ngajieun parahu nu gede saencan hayam berkokok. Lamun anjeun teu
bisangabulkeun eta kabeh anjeun kudu narima kaayaan.
Sangkuriang jeung Dayang Sumbi papisah. Sangkuriang lieur pikeun neangan cara ngajieun parahu
sagede kitu dina waktos nu saetik. Teu lila Sangkuriang nimuan cara nyaeta menta tolong ka mahluk-
mahluk bogana pertapa sakti.
Sangkuriang balik ka bumina pertapa sakti pikeun nimuan mahluk-mahluk bogana pertapa sakti.
Sangkuriang : hei mahluk-mahluk kaluar! Abdi keur butuh bantuan maraneh kabeh.
Mahhluk 2 : muhun, naon wae nu bisa abdi kerjakeun piken anjeun kasep?
Sangkuriang : maraneh kabeh kudu jieunkeun parahu nu gede pikeun calon istri abdi saencan hayam
berkokok.
Sangkuriang : abdi teu hayang nyaho, pokona maraneh kabeh kudu jieiun eta parahu saencan hayam
berkokok. Lamun teu, maraneh kabeh abdi musnahkeun!
Sangkuriang ngambek ahirna nendang parahu eta sampe eta parahu tibalik.
Dayang Sumbi : sangkuriang, kumaha pagawean maneh? Sora hayam geus kadangu, eta tandana waktu
geus beak.
Sangkuriang : nteu Dayang Sumbi. Pokona anjeun kudu tetep jadi istri abdi!
Dayang Sumbi : anjeun kudu nepatan janji Sngkuriang. Anjeun the putra abdi. Anjeun teu bisa nikah
sareng abdi.
Sangkuriang : pokona abdi hoyong kawin sreng anjeun Dyang Sumbi! Abdi cinta ka anjeun.
Dayang Sumbi lumpat ninggalkeun Sangkuriang. Atanapi Sangkuriang masih mimiilueun Dayang Sumbi.
Sampe akhirna Dayang Sumbi teu bisa nanaon teras mohon ka Syang Hyang Gusti.
Dayang Sumbi : Gusti, tulungan abdi, abdi teu bisa ngalakukeun nanaon deui. Abdi pasrah Gusti.
Samantara Dayang Sumbi masi dikejer-kejar ku Sangkuriang. Tiba-tiba Dayang Sumbi berubah jadi
kekembangan.
Akkhirna Sngkuriang malah asup ka dunia gaib jeung teu balik-balik deui.
TAMAT