Anda di halaman 1dari 6

SANGKURIANG

• Sangkuriang

• Dayang Sumbi

• Sang Hyang Tunggal

• Dewa

• Dewi

• Wayung Hyang / babi

• Tumang / Anjing

•Pertapa Sakti

• Makhlus Halus 1

• Makhlus Halus 2

• Raja Sungging Perbangkara

Dina hiji mangsa, aya saurang Dewa sareng Dewi anu hirup di kahyangan.

Dewa : Dewi, kamari abdi dibere tugas ku Sang Hyang Tunggal. Abdi teh kudu ngadamaikeun rakyat

Jeung ngaberantas kajahatan di bumi.

Dewi : alus atuh, kumaha perkembanganana?

Dewa : Duh teu nyaho euy, abdi teh meni males pisan.

Dewi : Hoh kunaon kitu?

Dewa : Teu level atuh abdi mah ngurusan anu kos kitu.

Dewi : He’euh oge nya, manusa teh hese di bejaanana. Cape hate abdi ngabejaanana.

Dewa : Mendingan urang sare weh nya.

Dewi : Hayu lah, geus urang sare weh.

Dewa sareng Dewi ahirna leuwih mentingkeun kahayang sorangan. Manehna sare waktos di
Titah ku Sang Hyang Tunggal.

Sang Hyang Tunggal : Kamana ieu si dewa jeung dewi teh, didagoan teh teu datang. Geus lah rek
diteang ku sorangan.

Waktos Sang Hyang Tunggal neangan Dewa jeung Dewi, Sang Hyang Tunggal manggihan Dewa
Jeung Dewi keur sarare.

Sang Hyang Tunggal : Eleuh-eleuh, di titah malah sarare di dieu kabeh, buru hudang! Bisi dibanjur ku cai
Dewa jeung Dewi : Waduh, ampun Gusti.

Dewa : Abdi teu kahaja, kalah kasarean kusabab abdi cape pisan.

Dewi : He’euh Gusti, Abdi ge meni cape pisan. Jadi weh Abdi milu sare.

Sang Hyang Tunggal : Cape atawa males maneh teh. Geus mulai ayeuna, maraneh kabeh indit
titempat ieu ka bumi, tong balik deui, nepika masa hukuman maneh beak. Ngarti teu?

Dewa Jeung Dewi : Ampun Gusti, atanapi abdii teh …

Sang Hyang Tunggal : Geus tong loba ngomong maneh, buru indit ayeuna!

Dewa jeung Dewi : muhun Gusti.

Sanggeus eta, si Dewa jeung Dewi teh dikutuk ku Sang Hyang Tunggal , Dewa dikutuk jadi Anjing
Namina Tumang, lamun Dewi dikutuk jadi Celeng namina Wayung Hyang.

Raja Sungging : Aduh meni kabelet kiih euy. Ah euweh jelema ieu lah, abdi kiih di dieu wae.

Saenggeus kiih, Raja Sungging mangkat.

Celeng : ngok ngok, meni hayang nginum.. (muter-muter) nah ieu aya cai, nginum ah..(nginum Kiihna Raja Sungging)

Wayung Hyang nginum cai kiih na Raja Sungging, nu nyebabkeun manehna reuneh. Saenggeus eta manehna
ngalahirkeun saurang putri. Saenggeus manehna ngalahirkeun Wayung Hyang nempo aya
Raja anu keur ngaliwat, Wayung Hyang nempatkeun putri na di handap tatangkalan pikeun ditempo ku Raja
Sungging.
Oowaa owaaa oweee oweeee (sora orok)

Raja Sungging : (ngadenge sora orok) sora naon eta? Jurig lainnya? Aduh meni sieun abdi. (leumpang bari
ngadengekeun sumber sora) hoh aya orok, (dipangku) meni geulis pisan ieu orok, abdi bere ngaran Dayang Sumbi
weh.

Raja Sungging mawa Dayang Sumbi ka karajaan manehna. Dayang Sumbi jadi awewe anu geulis. Loba para Raja
jeung Pangeran anu hayang ngawinkeun manehna. Ahirna Dayang Sumbi mutuskeun rek ngasingkeun dirina di bukit
jeung hiji anjing nyaeta si Tumang. Dina sajeroning pangasingan sapopoena sok ngadon ninun , taropong paragi
ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag.

Dayang Sumbi : deuh ilah murag sagala eta benang teh, keur kagok deui, geus lah sing saha bae nu daek nyokotkeun
jeung nganteurkeun eta benang,lamun awewe abdi jadikeun dulur, lamun lalaki rek dijadikeun salaki.

Harita teh, aya anjing jalu nu ngaranna si Tumang, nyokot eta benang jeung nganterkeun ka Dayang Sumbi. Benang
mireungeuh yen nu nganterkeun taropong teh mangrupa Anjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag
ucap nu keur ilmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunang di bolaykeun. Bari ngaherup ku lantaran
geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang. Nepi ka
boga budak lalaki nu ngaranna Sangkuriang.

Dayang Sumbi : duh abdi keur hoyong pisan jantung mencek. Jug sangkuriang pang teangan heula eta jantung
mencek.

Sangkuriang : muhun ma, Sangkuriang bade ka leuweung heulanya jeung Tumang.

Dayang Sumbi : oh nya ntos jang, sing hati-hatinya.

Sangkuriang : muhun ma, abdi angkat heula.


Waktos Sangkuriang jeung Tumang nepi dina hutan, Sangkuriang ningali hiiji celeng atanapi Tumang kalah ngagegel
baju Sangkuriang .

Sangkuriang : eleuh-euleuh kunaon sih maneh Tumang? Jadi weh buruan abdi leungit!

Sangking ngambekna Sangkuriang nembak si Tumang terus jantungna diberekeun ka Dayang Sumbi.

Sanepina dibumi

Sangkuriang : ma, abdi balik. Ieu jantung nu dipikahayang ku ema.

Dayang Sumbi : oh nuhun Sangkuriang.

Sangkuriang : enya sami-sami ma.

Dayang Sumbi langsung ngagoreng eta jantung teras ngadaharna.

Sangkuriang : kumaha ma? Ngeunah teu??

Dayang Sumbi : ngeunah pisan Sangkuriang. Ngomong-ngomong mana eta si Tumang?

Sangkuriang : (gelisah sieun dicarekan ku Dayang Sumbi) sebenerna jantung nu didahar ku ema, eta teh jantung si
Tumang ma.

Dayang Sumbi : naon??? Maneh geus keterlaluan Sangkuriang! (babari ngagaplok Sangkuriang)

Sangkuriang : (masang beungeut kesel ka Dayang Sumbi) kunaon sih ma? Ema meuni ngabelaan si Tumang sampe
kieu ka abdi?!

Dayang Sumbi : maneh nyaho teu?! Si Tumang eta bapa maneh Sangkuriang! Manehna jelmaan Pangeran nu
diturunkeun ka bumi. Artina maneh geus ngabunuh bapa kandung maneh sorangan!! (bari ceurik).

Sangkuriang : teu mungkin ma! Teu mungkin! Bapa abdi lain saurang anjing!(sangkuriang kabur tina imah
ninggalkeun emana sorangan).

Sangkuriang ereun dina hiji hutan. Teu lila Sangkuriang kapanggih jeung saurang pertapa sakti.

Pertapa sakti : hey, budak kasep. Kunaon anjeun cicing sorangan didieu ? mana rerencangan anjeun?

Sangkuriang : saha nyai? Abdi keur aya masalah sareng ema abdi.

Pertapa sakti : anjeun teu perlu nyaho saha abdi, nu jelas mendingan anjeun jeung abdi ka bumi.

Sangkuriang : oh, muhun nyai.

Sanepina dibumi pertapa sakti.

Pertapa sakti : nah iyeu imah abdi, teu kudu era sabab abdi ngan hirup sorangan didieu.

Sangkuriang : muhun nyai.

Pertapa sakti : anjeun cicing sareng abdi didieu nepika anjeun bisa tenang.

Sangkuriang : muhun nyai, hatur nuhun nyai.

Kaisukan poena.
Sangkuriang : nyai.. nyai..

Pertapa sakti : naon Sangkuriang? Nyai didieu.

Sangkuriang : (langsung nyamperkeun pertapa sakti) keur naon nyai didieu?

Pertapa sakti : kadieu nyai kenalkeun ka anak buah satia nyai. (bari muka botol nu diharepna).

Kaluar dua mahluk gaib kasayangan petapa sakti.

Mahluk gaib 1 : muhun nyai, aya naon ngageroan abdi?

Mahluk gaib 2 : muhun, aya naon? Tumben ngageroan abdi. Aya tugas naon nyai?

Pertapa sakti : teu aya nanaon, nyai ngan hoyong ngenalkeun maraneh ka Sangkuriang panghuni anyar imah iyeu.

Sangkuriang : abdi Sangkuriang. Seneng kenal sareng anjeun sararea.

Mahluk 1 : eleuh-euleuh meuni kasep pisan iyeu budak teh.

Mahluk 2 : enya euy meuni kacida pisan kasepna.

Pertapa sakti : geus tong tebar pesona didieu. Balik deui ka tempat asal maneh ayeuna.

Mahluk1 : nyai teu bisa ningali abdi seneng pisan.(langsung mangkat tina tempat eta)

Mahluk2 : tong pohonya kasep mun butuh nanaon ka abdi wae. (ninggalkeun tempat eta).

Saengges eta sangkuriang tuluy diajaran ku pertapa sakti nepika jadi jelma nu hebat.

Sangkuriang : nyai, hampuranya salami ieu abdi tos ngarepotkeun nyai. Ayeuna abdi bade ninggalkeun Nyai pikeun
mulai kahirupan anyar abdi.

Pertapa sakti : nya Sangkuriang, tong sampe sakituna. Nyai seneng kusabab Sangkuriang bisa jadi anak angkat nyai
salami ieu. Hati-hati ngagunakeun elmu nu dibere ku nyai eta.

Sangkuriang : muhun nyai abdi angkat heula.

Dina perjalananna sangkuriang papanggih jeung Dayang Sumbi nu masih mangrupakeun parawan geulis kusabab
anjeunna pake ilmu awet jaya. Didinya Sangkuriang teu kenal Dayang Sumbi salaku Indungna.

Sangkuriang : hei, saha nami anjeun? Keur naon didieu sorangan?

Dayang Sumbi : hmm, abdi Dayang Sumbi. Abdi keur neangan suluh didieu.

Sangkuriang : hah? Dayang Sumbi?? (kaget kusabab ngedenge ngaranna sarua kos indungna).

Dayang Sumbi : muhun, emangna kunaon? Aya nu salah ti ngaran abdi??

Sangkuriang : oh teu nanaon, menang teu abdi milu ameng ka bumi anjeun?

Dayang Sumbi : muhun mangga.

Sangkuriang : hatur nuhun geulis.

Dayang Sumbi sareng Sangkuriang indit bareng ka bumina Dayang Sumbi. Sanepina di bumi Dayang Sumbi.
Dayang sumbi : iyeu bumi abdi. Hampura lamun bumi abdi goreng.

Sangkuriang : teu nanaon geulis. Hmm, mana ibu sareng rama anjeun?

Dayang Sumbi : abdi tos teu gaduh ibu rama. Didieu abdi cicing sorangan.

Sangkuriang : oh, hampura. Abdi teu terang.

Dayang Sumbi : muhun teu nanaon.

Saban poe Sangkuriang jeung Dayang Sumbi ngajalin hubungan. Maranehna saling mikanyaah. Hiji poe keur
Sangkuriang sasarean di pangku ku Dayang Sumbi

(keur ngusap buuk Sangkuriang ningali tanda nu aya dipanon Sangkuriang, Dayang Sumbi rewas)

Dayang Sumbi : hmm, Sangkuriang tanda di panon ajeun eta tanda tilas naon?

Sangkuriang : oh, iyeu tanda tilas abdi keur leutik dicarekan ku indung abdi terus digetok kunu gayung jadi aya
tapakna nepi ka ayeuna.

Dayang Sumbi : Sangkuriang! Anjeun teh anak abdi nu baheula lengit. Abdi moal bisa ngalanjutkeun hubungan ieu!

Sangkuriang : teu! Mustahil! Tong ngabohong ka abdi! Indung moal hirup nepika ayeuna lamun masih aya manehna
geus kolot.

Dayang Sumbi : bener Sangkuriang! Abdi teh indung maneh. Abdi masi ngora kusabab abdi make elmu Awet jaya.

Sangkuriang : moal mungkin! Pokona anjeun kudu kawin jeung abdi!

Dayang Sumbi : nya geus lamun anjeun masi teu percaya. Aya hiji syarat nu kudu anjeun pinuhan. Lamun anjeun teu
bisa ngabulkeun syarat eta anjeun teu bisa kawin sareng abdi teras ngaku abdi indung anjeun.

Sangkuriang : naon syaratna? Pasti abdi bisa ngabulkeunana.

Dayang Sumbi : anjeun kudu ngajieun parahu nu gede saencan hayam berkokok. Lamun anjeun teu

Bisangabulkeun eta kabeh anjeun kudu narima kaayaan.

Sangkuriang : muhun. Abdi pasti ngabulkeun syarat eta.

Sangkuriang jeung Dayang Sumbi papisah. Sangkuriang lieur pikeun neangan cara ngajieun parahu sagede kitu dina
waktos nu saetik.

Teu lila Sangkuriang nimuan cara nyaeta menta tolong ka makhluk-makhluk bogana pertapa sakti.Sangkuriang balik
ka bumina pertapa sakti pikeun nimuan mahluk-mahluk bogana pertapa sakti.

Sangkuriang : hei mahluk-mahluk kaluar! Abdi keur butuh bantuan maraneh kabeh.

Mahluk 1 : aya naon kasep? Aya nu bisa abdi bantuan?

Mahhluk 2 : muhun, naon wae nu bisa abdi kerjakeun piken anjeun kasep?

Sangkuriang : maraneh kabeh kudu jieunkeun parahu nu gede pikeun calon istri abdi saacan hayam kongkorongok

Mahluk 1 : naon? Moal mungkin abdi bisa ngagawekeun eta kabeh?!

Mahluk 2 : enya bener kasep. Eta pagawean anu mustahil.


Sangkuriang : abdi teu hayang nyaho, pokona maraneh kabeh kudu ngajieun eta parahu saencan hayam
kongkorongok. Lamun teu, maraneh kabeh abdi musnahkeun!

Mahluk1&2 : muhun tuan. Abdi bakal ngabulkeun pamentaan tuan.

Dina waktos mahluk-mahluk keur ngajieun parahu eta, Dayang Sumbi sieun Sangkuriang bisa ngabulkeun kahayang
anjeunna. Dayang Sumbi neangan cara pikeun ngagagalkeun maranehna.

Dayang Sumbi akhirna nimuan cara nyaeta nakol halu pikeun ngabersihan beas.(babari nakol halu)

Dayang Sumbi : tok! Tok! Tok! Tok!

(mulai aya sora hayam kongkorongok)

Sangkuriang rewas. Mahluk-mahluk geus teu daek ngalanjutkeun tugasna.

Sangkuriang : kunaon maraneh pada ereun? Buru lanjutkeun pagawean maneh!

Mahluk 1 : hampura tuan. Abdi teu bisa ngalanjutkeun kusabab sora hayam tos kadangu ku abdi.

Mahluk 2 : muhun tuan eta tandana matahari kaluar.

Sangkuriang : cicing maneh! Tong loba omong!

(mahluk-mahluk eta ninggalkeun pagaweanana)

Sangkuriang ngambek ahirna najong parahu nepika eta parahu tibalik.

Dayang Sumbi : sangkuriang, kumaha pagawean maneh? Sora hayam geus kadangu, eta tandana waktu geus beak.

Sangkuriang : nteu Dayang Sumbi. Pokona anjeun kudu tetep jadi istri abdi!

Dayang Sumbi : anjeun kudu nepatan janji Sangkuriang. Anjeun teh putra abdi. Anjeun teu bisa nikah sareng abdi.

Sangkuriang : pokona abdi hoyong kawin sareng anjeun Dayang Sumbi! Abdi cinta ka anjeun.

Dayang Sumbi lumpat ninggalkeun Sangkuriang. Tapi Sangkuriang masih mimilu Dayang Sumbi. Nepika akhirna
Dayang Sumbi teu bisa nanaon teras mohon ka Sang Hyang Gusti.

Dayang Sumbi : Gusti, tulungan abdi, abdi teu bisa ngalakukeun nanaon deui. Abdi pasrah Gusti.

Samantara Dayang Sumbi masi diudag-udag ku Sangkuriang. Dayang Sumbi jol berubah jadi kekembangan.

Sangkuriang : Dayang Sumbi!!!!

Akhirna Sangkuriang asup ka dunia gaib jeung teu balik-balik deui.Kajadian eta akhirna dingaranan Tangkuban
Parahu ku jelema sakitar.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai