Anda di halaman 1dari 10

NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA

“SANGKURIANG”

Kelompok 2
Disusun oleh:
1. Gazira Hawa Dilova (13/9.9)
2. Gusti Arna Firmansyah (14/9.9)
3. Helmizan Herwanto Putra (15/9.9)
4. Islodi Putra Gunawan (16/9.9)
5. Jessica (17/9.9)
6. Johan Imanuel (18/9.9)
7. Keisha Amelia Ivana (19/9.9)
8. Khenyta Putri Larasati (20/9.9)
9. Khumairo Novia Rahmani (21/9.9)
10. Mareta Hildayanti Putri Sofiandi (22/9.9)
11. Meisya Hazmah (23/9.9)
12. Michael Christian Juliano Salo Soamantha (24/9.9)

SMP PGRI 1 CIBINONG


Jl. Golf Km 0,5 Kelurahan Ciriung, Kecamatan Cibinong, Kabupaten Bogor
Peran:
1) Helmizan Herwanto Putra (15) Sebagai Jaka
2) Michael Christian (24) Sebagai Sangkuriang
3) Jesicca (17) Sebagai Dayang Sumbi
4) Johan Imanuel (18) Sebagai Si Tumang
5) Keisha Amelia Ivana (19) Sebagai Lilis
6) Gazira Hawa Dilova (13) Sebagai Nyi Iis
7) Meisya Hazmah (23) Sebagai Nyi Derwi
8) Khumairo Novia Rahmani (21) Sebagai Ceu Ida
9) Islodi Putra Gunawan (16) Sebagai Jin Jajang
10) Gusti Arna Firmansyah (14) Sebagai Jin Ujang
11) Mareta Hildayanti Putri Sofiandi (22) Sebagai Narator 1
12) Khenyta Putri Larasati (20) Sebagai Narator 2

Narator 1: Dikisahkeun dina sarebu taun kepengker, aya raja jeung ratu anu ngalahirkeun
putri meuni geulis kacida. Ngarana Dayang Sumbi anu kasohor geulis jeung pinter, hiji nu
matak dipikaheman teh nyaeta ieu putri meuni manja. Dina hiji wanci, Dayang Sumbi nuju
ngarajut dipayun bumi istana barijeung ngarasa lemes, putri leungiteun benangna.

Adegan 1

Dayang Sumbi : Ihhh murag wae, kunaon sih! males pisan, sok atuh ambilin nanti yang
ambilin kujadikan suami.

Narator 1: Saparantosna putri ngecapkeun sumpah, torojol anjing sakti si Tumang datang.

Tumang: Ieu pintalan benangnya, Tuan Putri! Sok manga!

Dayang Sumbi : Hah? Naha kalakah saekor anjing nu ngambil pintalan benangna? nya
atuh mau ga mau… aku
harus nikahkeun anjing ieu. Eleuh eleuh Gusti, kumaha ieu?

Narator 1: Saterusna Dayang Sumbi jeung Tumang nikah jeung hirup bagja nepi ka
dikaruniai anak nu
mangrupa anak manusa atanapi miboga kakuatan gaib kawas bapana. Ieu budak
dingaranan
Sangkuriang. Dina mangsa tumuwuhna tea Sangkuriang biasana dibarengkeun ku
Tumang. Hiji
poé Dayang Sumbi ngageroan anakna Sangkuriang.
Adegan 2

Dayang Sumbi : Sangkuriang anaking, indit moro jeung Tumang keur pesta karaton.

Sangkuriang : Baik, bunda. Sangkuriang tangtos bade meunangkeun kenging buruan anu
seueur.

Narator 1: Sangkuriang oge angkat ka leuweung sareng Tumang.

Adegan 3

Sangkuriang : Kamana deui nya? Naha sih rusa teh meni hese hese pisan diteang? Capek
ih. Sakeudeung
deui rek peuting, pokona abdi kudu meunangkeun nu bunda hoyong. Bantuan atuh
Tumang! Lamun teu ngabantuan, panahna bakal nancep di tubuh maneh siah Tumang!

Narator 1: Sangkuriang anu kacapean ngancem bakal maehan si Tumang lamun teu
meunang rusa.
Tumang anu titatadi lulumpatan neangan rusa kacapean teras balik deui ka tempat
Sangkuriang.

Tumang: Sangkuriang, Sangkuriang! Rusa-na can kapanggih… Kumaha atuh? Lamun


moro rusa-na
dilanjutkeun enjing deui kumaha?

Sangkuriang : Hampura Tumang. Kuring geus janji bakal ngabawa daging rusa keur
Bunda poe ieu.

Narator 1: Sangkuriang nyokot anak panahna teras diarahkeun ka si Tumang.


Sangkuriang balik deui ka
bumina mawa daging si Tumang keur ngaganti daging rusa.

Adegan 4

Sangkuriang : Ibunda, ieu dagingna.

Dayang Sumbi : Hatur nuhun nak. Bunda masak heulanya, engke urang emam
sasarengan.

Narator 1: Saeunggeus nerima dagingna, Dayang Sumbi masih teu nyadar keneh lamun si
Tumang teh
leungit, tuluy ngolah dagingna.
Adegan 5

Dayang Sumbi : Ieu emamnya, di dahar heulanya. Sasauran-sasauran naon anjeun ningali
Tumang? parantos diteang ke manten manten nanging anjeunna teu aya

Sangkuriang: Tu-tumang geus maot…

Dayang Sumbi : Hah? Maot? Saha anu ngabunuh si Tumang asa tadi ngilu kamu
berburu… Saha anu ngabunuh nak? Jangan-jangan…

Sangkuriang : Ke heula bun, Sangkuriang bisa ngajelaskeun! Tadi, Sangkuriang sareng si


Tumang can
manggih rusa hijipun. Jadi saacan balik ka imah abdi kapaksa ngabunuh si Tumang.
Daging anu tadi dimakan teh sabenerna daging si Tumang…

Dayang Sumbi : Kurang ajar siah! Dasar anak anjing! (mukul)

Sangkuriang : Aduh nyeri Bunda! Kunaon sih Bunda marah-marah wae? Jadi bunda lebih
nyaah ka Tumang
daripada aku? Yaudah lah Sangkuriang rek pergi we.

Dayang Sumbi : Lain kitu nak! Lain kitu maksud Bunda! Bunda nyaah pisan ka
sangkuriang. Sangkuriang!

Narator 1: Walopun Dayang Sumbi geus menta maaf, Sangkuriang keukeuh indit
ninggalkeun indungna.
Akhirna, Dayang Sumbi indit neangan dewi erek curhat jeung menta bantuan.

Adegan 6

Dayang Sumbi : Lilis! Lilis! Tolong bantu aku…

Lilis: aya masalah naon gerangan Dayang Sumbi? Hoyong naon?

Ceu Ida: Lamun rek menta harta jeung kakuasaan, lain di dieu tempatna. Mending pergi
daripada ngabuang waktu Lilis.

Lilis: Geus ceu, teu nanaon. Kita denger dulu.

Ceu Ida: muhun, Lilis. Sok, Dayang Sumbi teh butuh naon?

Dayang Sumbi : Lilis, Tolong pertemukan abdi jeung budak abdi, Sangkuriang.

Lilis: Muhun Dayang Sumbi.


Adegan 7

Narator 2: Sababaraha taun saeunggeusna, Sangkuriang anu ngumbara saumur hirupna


mutuskeun pikeun balik ka kampung halamanana. Ngaranna ogé diganti jadi Jaka.
Sagemblengna, Jaka reuwas sabab sagalana geus robah. Jaka ogé jatuh cinta ka awewe
Geulis anu teu lain nyaeta Dayang Sumbi, indungna sorangan. Sanajan kitu, duanana teu
saling kenal.

Jaka: Masyaallah meni geulis

Jaka: Palay nikah sami aa teu?? aa lamar.

Dayang Sumbi: Hoyong a, tampan oge aa na. (salting)

Adegan 8

Narator 2: Saacan pernikahan, Jaka rek berburu heula. Jaka menta tulung ka Dayang
Sumbi jang ngiketkeun iket kepala.

Jaka: Pang iketkeun lah geulis.

Dayang Sumbi : Oke, a. Eh hulu na naha?? ieu tatu a?

Jaka: Nya kitu weh. Baheula abdi ngalakukeun kasalahan teras ditampiling ku bunda anu
keur ngamuk. Jadi weh abdi ninggalkeun bunda abdi.

Dayang Sumbi : (dalem hati) Hah? Maneh teh budak aing... tatu di taar na sami sepertos
tiheula. Anjeunna saleresna anaking Sangkuriang. Kumaha ieu...

Jaka: aku pergi dulu yah.

Adegan 9

Narator 2: Dayang Sumbi lieur kudu ngalakukeun naon. Manehna medatangkeun ka


sakabeh jalma nu
pang deukeutna ka manehna nanya naon tindakan kahareupna.

Ceu Ida: Gais kalian masak naon di imah?

Nyi Derwi: Abdi ngadamel lotek buat suami, cenah mah ngeunah. Ti bintang hiji nepi ka
sapuluh dibere
dua.

Nyi Iis: Abdi mah nuju nga go-pud


Dayang Sumbi : Gais bahaya gais! kumaha atuh… Si Sangkuriang… Sangkuriang teh..
(ngos ngosan)

Nyi Iis: Kunaon ari ente? Paciweuh pisan.

Nyi Derwi: Heueh, kalem we.

Ceu Ida: Kunaon si Sangkuriang?

Dayang Sumbi : Mas Jaka teh sebenarna Sangkuriang! Aku nyaho persis luka di
kepalana baheula!

Nyi Iis, Nyi Derwi, Ceu Ida, Lilis: HAH? TEU MUNGKIN!

Dayang Sumbi : Aslian! Teu wadul! Keureut ceuli aing!

Adegan 10

Narator 2: sanggeus Jaka balik, Dayang Sumbi ngajelaskeun permasalahanna.

Dayang Sumbi : Sangkuriang, Sangkuriang. Kamu teh anakku. Anu pas dulu mukul
kepala kamu teh aku. Ieu
Dayang Sumbi ibumu, Nak. Maafkan ibu, Nak. Hampura. Ibu nyesel pisan geus nampar
kamu.
Tong lanjutkeun kainginan kamu untuk melamarku ya, Nak.
(Ceu Ida, Nyi Iis, Lilis, sareng Nyi Derwi nguping percakapan)

Ceu Ida: Hah, ke heula ke heula… Ieu teh sanes Sangkuriang. Ieu mah Harry Potter
kitunya?

Nyi Iis: Please atuh ceu, tong salpok! aya aqua?

Lilis: Surprise guys! Kalian baru tau?

Nyi Derwi: Cicing tong gandeng!

Jaka: Ah! Lu mah ngarang carita. Teu mungkin! teu kudu ngada-ngada. Naon anu kamu
omongkeun teh bohong! Abdi teu percaya!

Dayang Sumbi : Dengar anakku! Naon anu bunda caritakeun tadi teh bener. Kamu teh
putraku sorangan anu baheula pernah ninggalkeun bunda. Bunda teu bisa nikah jeung
kamu, Sangkuriang! Teu bisa
pokokna mah!

Jaka: Gamau ah! Abdi teu paduli kamu teh saha! Pokona kita tetep bakal kawin.
Nyi Derwi: inikah kekuatan cinta?

Nyi Iis: Meni, so sweet pisan…

Adegan 11

Narator 2: Dayang Sumbi lieur naon deui anu kudu dilakukeun jang ngabatalkeun
parnikahana jeung budakna sorangan, Sangkuriang.

Dayang Sumbi : Rek dikumaha-keun nya?

Nyi Derwi: Kabur we atuh..

Nyi Iis: Tong kabur atuh, engke malah kumaha kumaha

Lilis: Lagian aneh aneh wae maneh mah, geus papanggih jeung budak kalakah kabur

Ceu Ida: Tah dengekeun!

Dayang Sumbi : Geus lah maraneh mah euweuh nu ngabantu mending aku mikir
sorangan.

Adegan 12

Dayang Sumbi : Sangkuriang, apakah kamu masih ingin nikah sama aku? Masih
keukeuh?

Jaka: Masih dong calon istriku nu paling geulis

Dayang Sumbi : Lamun kitu saacan nikah abdi gaduh dua syarat.

Jaka: Naon sok?

Dayang Sumbi : Abdi hoyong kamu ngabendung sungai citarum sareng ngajieun parahu
jang nyebrang. Tapi,
duanana kudu kamu selesaikeun saacan subuh. Kudu bisa pokona mah

Jaka: Hah? Kumaha ieu…

Dayang Sumbi : Kumaha? Waktu kamu teu loba. Sok atuh putuskeun, hoyong moal?

Jaka: Nya sok! Abdi bakal ngabulkeun dua sarat eta saacan subuh! Sakieu mah atuh cetek
lah.
Demi nikahkeun kamu, naon wae bakal abdi lakukeun!
Adegan 13

Narator 2: Sangkuriang ninggalkeun Dayang Sumbi dan manggil jin-jin anu sakti keur
ngabantuan nyelesaikeun dua syarat ti dayang sumbi.

Jaka: Cek cek hiji dua dimarana wahai jin-jinku?

Jin Jajang , Jin Ujang: Hadir bos! (suara saja)

Jaka: Kalian teh bodo apa gimana? Apan teu katingali ku urang. Kadieu tunjukeun wujud
kalian!

Jin Ujang: (muncul) Hadir bos! Nu nyumput mah si Jajang tah.

Jin Jajang: Henteu bos abdi ngan nunutur si Ujang!

Jin Ujang: Ulah fitnah jang! Dosa!

Jin Jajang: Teu fitnah aih! Kamu we itumah! Aku wae anu dicarekan teh.

Jaka: Udah atuh tong gelut wae!

Jin Jajang, Jin Ujang: Tuh kan… (saling menunjuk)

Jaka: Cicing atuh. Kita teh ada projek badag nu kudu dilakukeun.

Jin Jajang, Jin Ujang: naon eta teh bos

Jaka: Jadi… urang teh mau nikah… tapi nya kitu… aya syaratna kitu gais… syaratnya teh
nya eta…

Jin Jajang: Skip teu paham.

Jin Ujang: Nu jelas atuh bos! tong ngang ngong ngang ngong kitu!

Jaka: Kita kudu nyieun sungai citarum jeung parahu saacan subuh!

Jin Jajang, Jin Ujang: Hah?

Jin Jajang: Ngabendung sungai citarum?

Jin Ujang: Parahu?

Jin Jajang, Jin Ujang: Samalem? Nooo!


Jaka: Cicing kalian borokokok! Pokona, kita kudu ngalakukeun naon anu Dayang Sumbi
hayang!

Narator 2: Sangkuriang jeung jin-jinna mulai ngagawean kahoyongan Dayang Sumbi.


Dengan kekuatan Jin-jinna, manehna ngabendung cai sungai ti lumpur sareng taneuh.
Sedangkeun, Sangkuriang neang bahan-bahan keur ngajieun parahu.

Jaka: Kumaha? Bendungan udah oke?

Jin Jajang: Oke bos!

Jin Ujang: Dipoles saeutik jadi lah.

Jaka: Oke mantap. Kadieu maraneh bantu nyieun parahu atuh. Sakeudeung deui geus rek
subuh!

Jin Jajang, Jin Ujang: Siap bos!

Jin Ujang: Anu bos, ieu teh syarat keur nikahkeun Dayang Sumbi nya? Meni hese pisan.

Jin Jajang: Betul jang, maenya dalam sapeuting kudu nyieun bendungan jeung parahu?

Jin Ujang: Si Bos teh resep pisan ka Dayang Sumbi matakna rela ngalakukeun naon wae,
nya kan bos?

Jaka: Heueuh.

Jin Jajang: Tapi lamun teu dibantu oge bos mah bisa naon atuh, teu bisa nanaon

Jin Ujang: Ulah kitu ari maneh. Bos teh jago pisan tanpa arurang oge.

Jin Jajang: Tetep we atuh. Kita teh udah jadi kapercayaanna si bos tau!

Jin Ujang: Teu kitu! Bos teh

Jaka: Geus cicing! Kalian teh jin-jin kapercayaan urang jadi kerjana kudu serius! Engke
lamun urang geus kawin, urang bere stabrak

Jin Jajang, Jin Ujang: Asik!


(dayang sumbi ngintip dari kejauhan)

Dayang Sumbi : (dalem hati) Astagfirullah, gancang pisan! Maenya geus jadi deui?
Kumaha atuh?!

Narator 2: Dayang sumbi anu noong ti kajauhan ngarasa khawatir sabab dua syaratna
geus rek beres.
Adegan 14

Narator 2 : Dayang sumbi mimiti gelisah,margi pagawean jaka atos hoyong rengse
padahal fajar lami keneh

Dayang Sumbi: Aduh kumaha ieu teh, kuring kedah gagalin rencana jaka sateuacan
subuh.

Nyi Derwi: Berdoa atuh, teda kaanehan sami pangeran.

Nyi Iis: Leres tuh, berdoa supados usaha Jaka teh gagal.

Narator 2: Dayang sumbi oge berdoa kalawan khusyu ka Pangeran supados usaha Jaka
teh gagal.

Adegan 15

Narator 1: Kaanehan oge lumangsung, sarangenge medal langkung enggal. Usaha Jaka
oge gagal.

Jin Jajang: Bos, tingali bos! Ayeuna geus subuh!

Jin Ujang: Enya bos, coba dengekeun! Eta suara hayam berkokok!

Jaka: Hah? Teu mungkin kehed! Urang apal jelas iraha waktu subuh! Ieu teh kabeh pasti
perbuatan
Dayang Sumbi, anjir! (Marah-marah)

Narator 1: Sangkuriang akhirna ngeeureunkeun gaweana sabab ngarasa gagal


ngalaksanakeun syarat ti Dayang Sumbi. Kulantaran ambek jeung kesel, Sangkuriang
ngutuk Dayang Sumbi teras ngaruksak bendungan anu geus dijieun ku sorangan. Desa-
desa pun kalelep ku cai bendungan. Sangkuriang oge najong parahu jieunan soranganana
nu terah jadi ka tengah leuweung. Nepi ka parahu eta tibalik ngabentuk gunung
Tangkuban Parahu.

Anda mungkin juga menyukai