Anda di halaman 1dari 4

SI ENENG HAYANG KAWIN

 Sisindiran 2x, hayu urang sisindiran


Sisindiran 2x, warisan budaya urang
Sisindiran 2x, nu ka sindir tong belikan

*lagu kaso panjang


Di hiji tempat kacaritakeun aya hiji awewe nu hayang kawin kusabab geus jangar mikiran
tugas sakola nu eweh ereunna.

Eneng: “Assalamualaikum.” (uih sakola)


Ambu & Apa: “wa’alaikumussalam.”
Ambu: “Nembe uih bageur?”
Eneng: “Muhun, Ambu.”
Apa: “Kunaon bageur meni lalungse kitu?”
Eneng: “Eneng mah cape sakola teh Ambu, Apa, loba tugas, mening kawin wae kitu?”
Ambu: “Ulah atuh geulis,
Ka Cibiru jeung Bi Wiwin
Numpak mobil Neng Laila
Tong buru buru kawin
Mening ge sakola heula
Apa: “Bener neng ieuh
Si April teu boga imah
Di imahna loba nanah
Ngabangun rumah tangga mah
Teu salilana ngeunah
Eneng: “Ih Ambu jeung Apa mah teu ngarasakeun
Meuli gula ejeung beas
Beasna meunang ti Banten
Sakola mah seeur tugas
Tugasna teu kinten – kinten
Ambu: “Da kumaha dei atuh bageur, da emang geus jadi kawajiban.”
Eneng: “Enya ntos atuh Ambu ah, Eneng mah bade ameng.”

Teu lila ti harita Momo jeung Soi nyamper

Momo & Soi: “Eneng..........., urang ameng...”


Eneng: “Saha?”
Momo & Soi: si Eneng diudag bagong
Bagongna teh di Burangrang
Naha Eneng jadi sombong
Henteu kenal ka arurang
Eneng: “ih Momo, Soi, suganteh saha. Eneng teh keur rarungsing.”
Soi: “Rarungsing kunaon atuh Eneng?”
Eneng: “Eneng teh hayang kawin.”
Momo: “Astagfirullah, Eneng hayang kawin? ituh si Fio mempeung jomblo”
Eneng: Aya jalmi teu boga halis
Ka bentar ku guludug
Eneng elin anu geulis
Maenya reuseup nu budug
Fio : Ceu Icih masak surundeng
Keur masak teh tijongjolon
Saha nu Daek ka Eneng
\ Gumeulis jeung beuki ngorong
Soi: “Euh da si Fio mah hayang kanu geulis wae
Hayang teuing buah muris
Teu bisa ngasakannana
Hayang teuing kanu geulis
Teu bisa ngakalanana
Fio: “Nya heeh ,saha anu embung kanu geulis?”
Momo:Hayang teuing buah manggis
Manggisna murag ka solokan
Hayang teuing kanu geulis
Boga bengeut ngan pas – pasan
Eneng, Soi, Momo: “Entah apa yang merasukimu ea ea ”

Fio: “Eh ulah kitu,


Aya simeut dina toge
` togena nu kang Abdullah
Najan bengeut kieu oge
Ciptaan gusti Allah
Babarengan: *nyanyi Subhanallah
(Ambu datang)
Ambu: “eleuh – eleuh, aya naon ieu teh?”
Sadayana: “Eh Ambu, aya naon Ambu?”
Ambu: “Eta bade ka Eneng”
Eneng: “Muhun Ambu, bade aya naon?”
Ambu: “Geura uih bageur, bantosan Ambu di bumi.”
Soi: “buru eneng kaditu, lainna hayang kawin? Diajar masak heula meh jadi istri soleha”
Momo: “Heeh juig barang gawe heula meh poho kawin”
Eneng: “Nya entos atuh
Bi Dadah mawa badak
Dadah barudak

*5 taun kapayun
*nyetel lagu daun puspa
Momo:Meuli liwet dipedaan
Didaharna babarengan
Baheula mah dihinaan
Ayeuna mah babarengan
Ambu: Aduh eta cai herang
Ejeung gehu teu didahar
Aduh eta anak urang
Geus jadi panganten anyar

Soi: selamat nya neng,geus boga salaki ayeuna mah,asa geulis ayeuna mah si eneng teh
Momo make baju anyar
Tapi beungeut jiga kunti
Duh eneng panmganten anyar
Geulisna kawanti-wanti

Anda mungkin juga menyukai