Anda di halaman 1dari 1

Murwa galantang :

Nyalindung abdi ka ALLOH dina pirang-pirang godaan setan nu dilaknat. Kalayan nyebat asmaning
pangeran nu kagungan sifat murah lan sifat asih. Maksad bade nyukcruk galur nu kapungkur, mapay
riwayat jaman baheula. Tulisan ti para wali rekaan para pujangga. Pranyata dina bagbagan carita
pawayangan. Estuning pada ngareka-reka basana, pada mapantes ku adeg-adegna lan pada
mapandekeun ku caritana nu luyu jeung jaman tur nu ngajamannana. Bener jeung henteuna, rame jeung
henteuna, gumantung kanu boga tanggungjawabna nya ki dalang kasebutna. Dina enggoning ngagarap
carita pawayangan seug asa wajar lamun dalang beda garap jeung metana, beda haleuang jeung caritana,
lantaran ka ngaranan manusa. Sok sanajan buuk sarua hideungna ari karep jeung kahayang mah sok
rajeun beda-beda. Nanging nu penting ngan hiji, seni padalangan tetep nanjeur ajeg dina ajen
kaadiluhungannana. Margi upama dikotektak wayang sakotak teu anggang dina awak, teu tebih dina
diri, teu jauh dina wujud anu tangtu. Estu anu dipipindingan ku silib sindir dihalang ku siloka lan
sasmita, kalayan dirimbunan ku simbul guareun jaman kiwari. Luyu jeung pancen manusa wirehing
manusa diwajibkeun pikeun tafakur, tadzakur, lan tasyakur ka kersa gustina.
Mila kinarya kang tuturuning catur, bubukaning cinarita. Kocapa wontening pagelaran jawi nagara
Wirata. Nagara sampun kaceluk ka kadang ewuh, ka loka ka janapria, ka jamparing angin-angin,
kakoncara manca nagara. Ingkang dados nalendra dudu tlu, dudu loro. Anging sewiji - wijine hinggih
bibisik prabu Matswapati.
Ingkang sampun wontening setinggil binatu rata, lenggahing dedampar denta pinalipit ing sosoca
rinengga waretna. Lemek babut prangwedani ginanda wida nyebar kastori lan sinebaran sari-sari. Mawe
mahkota kuluk tinaretes ing sosoca lan mawe sing sarwa busana endah ditaretes inten rinukmi murub
mubyar kadia kunang-kunangan cahayana. Disapungkureunana ingkang putra kekasihna arya seta
saking kesatriaan Cemara Tunggal, boten kantun dideuheusan ingkang putu pranyata pandawa lima
saking nagara amarta. Sadayana tungkul maring kluk muka lir konjem pertala, ajrih ninggal pamor
ingkang eyang. Silokane sata grana, sata itu hayam, grana = heulang, lir hayam sinabeting heulang
paningalipun ajrih nu taya papadanan. Watek wantos prabu Matswati dudu wong samanea, tutas dina
katimbulan kagagahan kasaktian lan kamandragunaan.

KAKAWEN SEBRAKAN :
(Sangsrinata magelaran
Linggihna dampar kancana 2x) 2x
Diamparan sutra jingga
Sinongket benang parada
Katinggalna estu endah asri

KAKAWEN SENDON :
Sri tinon ing pasewakan
Busana maneka warna
Murub mubyar cahaya nira
Kadya prada tinabur

Anda mungkin juga menyukai