Anda di halaman 1dari 2

Dèwan Pancèn Gawè Sèrèn Taun Pangauban Ci Tarum

Sekretariat : Jln.Oma Anggawisastra No.365 Ci Bèèt, Kecamatan Ibun, Bandung

Hal : Uleman Sèrèn Taun

Kahatur Nu dipihormat :
………………………………………………………….
Di Panglinggihan

Sampurasun…
Assalamu’alaikum wr.wb...
Kalayan Asma Nu Agung, Maha Welas Maha Asih, Anu nanjeurkeun langit, Anu
ngagelarkeun bumi, Anu ngusik malikeun diri, Nu ngawasa lautan rasa, Nu murbeng sakabèh
alam, Maha Aya Maha Keresa, Alloh SWT.
Puji syukur ka Anjeun-Na anu Maha ngawidian, mugia keresa ngalungsurkeun pangraksa-
pangriksa ka seuweu putu anu seja ngalaksanakeun dharma.
Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, seuweu putu Pangauban Ageung Ci
Tarum seja ngalaksanakeun Sèrèn Taun anu ka I. Anu mana waktosna dikawitan dina :
Dinten : Jum’aah, kaping 08 Mei 2015
Waktos : Tabuh 4 sonten dugi ka rèngsè
Tempat : Komp.Pendidikan Karya Pembangunan
Desa Ibun, Kec.Ibun, Kab.Bandung (Alun-Alun Kec.Ibun)
Mangrupikeun hiji kabagjaan saupamina para wargi sadaya tiasa ngiring aub dina acara
panyawangan sareng panyorèangan. Ngaevaluasi lalampahan dina sataun ngokolakeun
Pangauban Ageung Ci Tarum. Mugia aya dina pareng-Na, amin.
Cag, rampès!
Wassalamu’alaikum wr.wb.

Dèwan Pancèn Gawè

(Dian Supardiana Anggawisastra)


Runtuyan Acara Anu Utami :

1. Dinten Jum’aah, 08 Mei 2015


Tabuh 04 sonten-rèngsè
Panyorengan (Nyoreang Alam ka Tukang)
Evaluasi perjalanan sataun dina ngokolakeun pangauban Citarum.

2. Dinten Saptu, 09 Mei 2015


Tabuh 03 shubuh
Narawas
Angkat ka Gn.Wayang kanggè beberesih, nyandak cai sareng melak tangkal
panayogian/ngawates.

Tabuh 09 Wib-rèngsè
Narawas
Angkat ka Ci Tarum Tengah, ngètang, ngawates sareng melak tangkal panayogian di
Larangan-Tutupan Ci Tarum Tengah.

3. Dinten Minggu, 10 Mei 2015


Tabuh 08 Wib-rèngsè
Narawas
Angkat ka Muhara di Karawang-Bekasi kangge ngètang, ngawates sareng melak
panayogian Larangan-Tutupan di Ci Tarum Hilir.

4. Dinten Senèn, 11 Mei 2015


Tabuh 09 Wib-rèngsè
Panyawangan (Nyawang Alam nu Bakal Datang)
Evaluasi perjalanan kanggè nangtoskeun lèngkah-lèngkah naon baè anu bade
dilakonan dina sataun kapayun.

Anda mungkin juga menyukai