Anda di halaman 1dari 12

UJIAN BASA SUNDA KELAS IX

TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Kelas/Semester : IX/2 (Genap)

Waktu : 120 menit

Hari, Tanggal : ……..,......, 2022

Q a;;

I. Berilah tanda silang (x) pada huruf A, B, atau C di depan jawaban yang paling benar !

Baca cutatan dongeng ieu di handap, tuluy jawab pananya ti nomer 1 nepi ka nomer 6!

Kampung Pulo

Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut.
Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di
tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.

Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif
Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia
dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.

1. Kampung Pulo ayana di daerah …

a. Bandung

b. Tasikmalaya

c. Sumedang

d. Garut

2. Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ....

a. 15

b. 16

c. 17

d. 18

3. Di kampung Pulo aya nelah situ ....

a. Bagendit
b. Cangkuang

c. Karamat

d. Pulo

4. Sanajan aya candi, masarakat kampung Pulo ngagem agama ....

a. Islam

b. Budha

c. Hindu

d. Kristen

5. Mulih ..., Bu ?

Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a. ti mana

b. ka mana

c. ka dinya

d. ti dinya

6. “Nabil diuk ... korsi.”

Kecap pangantet pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....

a. ka

b. dina

c. tina

d. di luhureun

Titenan paguneman ieu di handap, tuluy jawab pananyana ti nomer 7 nepi ka nomer 10!

Yuni : Nin, bade angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?

Nina : Bade ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina teh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola

Yuni : Har, na aya kagiatan naon di sakolah teh Nin ?

Nina : Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang teh bade ngiring rampak sekar di Bandung. Tah

minangka wawakilna teh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?

Yuni : Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak

Nina : Ke, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?

Yuni : Nya sami bade ka sakola oge, pan bade latihan sareng Bu Susi

7. Topik anu jadi paguneman di luhur teh nyaeta ....


a. latihan kanggo pasanggiri

b. ulin ka sakola

c. latihan drama

d. rek aya pagelaran wayang

8. Paguneman nyaeta obrolan nu dilakukeun ku ....

a. obrolan keur diskusi

b. obrolan nu dilakukeun ku saurang

c. tanya jawab nu dilakukeun di sakola

d. obrolan anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

9. Dina wacana di luhur, saha anu rek miluan pasanggiri maca sajak ?

a. Bu Susi

e. Yuni

b. Nina

c. Dadan

10. Dina paguneman di luhur, rek jeung saha cenah Yuni latihanana ?

a. Bu Eli

b. Bu Susi

c. Bu Tuty

d. Dada

Baca sajak di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 11 nepi ka nomer 14 !

Kampung Naga

Nurugtug mudun nincak hambalan

Jaman geus dirobeda

Malipir sisi-sisi Ciwulan

Jog, tangkal ngajenghok

“Geuning taya bedana jeung urang ?”

Kampung Naga, cenah saur guru mah maket

Gambaran kahirupan masarakat urang

Nu dek kadesek modernisasi

Tepi keueung keneh lamun teu nurut ka karuhun

Kabuktian tina hateup jeung model wangunan


Tapi geus aya antene tivi-an

Kampung Naga, pasawahan, Ciwulan mun caang bulan

Tingkaretip lampu tempel nu kudu di kemitan pamuda

Naha bakal teu kabita

Ku listrik nu hemat energi ?

11. “Nu rek kadesek modernisasi”. Saha nu rek kadesek ku modernisasi dina eta ungkara teh ?

a. Urang kampung Naga

b. Pasawahan jeung walungan Ciwulan

c. Pamuda urang kampung Naga

d. Gambaran kahirupan urang

12. Naon nu dicaritakeun dina eta sajak ?

a. Kahirupan anu basajan

b. Nyawang walungan Ciwulan

c. Meuweuhna modernisasi

d. Kudu hemat listrik

13. Kumaha rasa pangarang nu kagambar dina eta sajak ?

a. Bungah

b. Gumbira

c. Inggis

d. Sabar

14. Dina sajak di luhur aya ungkara. “Naha teu bakal kabita”

Kabita kunaon maksud pangarang dina eta ungkara teh ?

a. Kana kabasajanan urang kampung Naga

b. Ka lembur singur saperti kampung Naga

c. Ka pasawahan jeung Ciwulan di mana caang bulan

d. Ka listrik nu hemat listrik

Baca pupuh di handap ieu, tuluy jawab pananya ti nomer 15 jeung nomer 16 !

Asmarandana Lahir Batin

Eling-eling mangka eling


rumingkang di bumi alam

darma wawayangan bae

raga taya pangawasa

lamun kasasar lampah

napsu matak kaduhung

badan anu katempuhan

Jisim nu ngarasa nyeuri

raga nu ngarasa lara

hate nu ngarasa cape

hareudang nyandang wiwirang

purwa perbawa hawa

iyub sumaah takabur

ria ku panggoda setan

15. Sabada maca pupuh di luhur, watek eta pupuh teh nyaeta ....

a. gumbira

b. prihatin

c. nasehat

d. silih asih

16. Diwangun ku sabaraha padalisan pupuh di luhur teh ?

a. 8 padalisan

b. 8 engang

c. 7 padalisan

d. 7 engang

17. Dina usum ... mah loba sawah kagaringan.

a. ngijih

b. hujan

c. sasalad

d. halodo

18. Dua poe nu bakal datang nyaeta ....

a. kamari
b. isukan

c. mangkukna

d. pageto

19. Babasan anu hartina bodo tapi daek tatanya nyaeta ....

a. bodo katotolojoh

b. buntut kasiran

c. bodo alewoh

d. handap asor

20. Kalimah mana anu merenah undak-usuk basana, nyaeta ....

a. Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota

b. Punten abdi wangsul ti payun, kumargi bade mios ka luar kota

c. Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade angkat ka luar kota

d. Punten abdi mulih ti payun, kumargi bade mios ka luar kota

Baca sajak di handap, tuluy jawab pananya ti no. 21 nepi ka 22 !

Wawaran

Karya : Gustini Rohmayanti

Alam ngamuk

mahekeun sagala eusina

bongan manusa

teu bisa wae ngajaga

Bumi oyag

murahkeun sagala rupa

bongan kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga

Jelema pating jarerit

neda pitulung

neangan tempat nyalindung

salian ka indung

Hanjakal …

manusa teu sadar

puguh eta wawaran ti Gusti urang


21. Naon anu dicaritakeun dina sajak “Wawaran” di luhur ?

a. kaayaan alam anu endah

b. jelema anu pating jarerit

c. jelema anu keur menta tulung

d. bencana alam

22. Ceuk sajak di luhur, naon anu ngalantarankeun alam ngamuk ?

a. kajadian alam anu geus lumrah

b. kajadian alam anu biasa wae

c. kalakuan jalma anu hade pisan dina ngajaga alam

d. kalakuan jalma anu teu bisa ngajaga alam

23. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Welas Asih, anu parantos maparin kasehatan rehna dina
dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan sehat
walafiat.

Ungkara basa di luhur sok aya dina acara ....

a. debat

b. panutup

c. wawancara

d. bubuka biantara

24. Gaya basa ocon disebut oge gaya basa ....

a. eufimisme

b. metonimia

c. personifikasi

d. hiperbola

25. Tulisan anu midangkeun hasil telaah atawa analisis ngeunaan hiji hal, dumasar kana fakta jeung data terus
dimuat dina media massa disebut ....

a. esey

b. artikel

c. carpon

d. wawaran

Baca carita di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 26 nepi ka 27!

NYIEUN KECAP
Can kungsi aya dina cap botol kecap ditulis nomer dua, nomer tilu, jeung saterusna. salawasna nomer hiji. Pabrik
mana wae pasti nyebutkeun yen kecap jieunanana minangka kecap nomer hiji, panghadena, jeung pangngeunahna.

Bisa jadi nu daragang kecap mah moal ngarasa hariwang risi daragang kecapna mubajir jadi runtah, lantaran teu
laku. Dagang kecap mah bisa rineh sabab salian ti tahan lila teh jeung taya usumna, meh unggal imah butuh ku kecap.

Teu kitu kumaha, lantaran loba kaolahan anu kudu make kecap. Nyieun sangu goreng, semur daging, orek
tempe atawa tahu, jeung sajabana. Munasabah lamun kecap ge kaasupna minangka samara asakan “penyedap rasa”
anu teu kurang perluna, teu beda jeung bawang, tomat, pecin, uyah, jeung nu sejenna.

26. Wacana di luhur maparkeun ....

a. prak-prakan nyieun tempe

b. prak-prakan nyieun sangu goreng

c. prak-prakan nyieun kecap

d. prak-prakan nyieun semur daging

27. Kaolahan naon wae anu biasa sok dikecapan teh ....

a. semur daging, orek tempe, semur jengkol, sangu goreng, jsb

b. rendang jengkol, pais lauk, sangu goreng, orek tempe, jsb

c. semur daging, sayur haseum, semur jengkol, sangu goreng, jsb

d. semur daging, orek tempe, sangu goreng, pais oncom, jsb

28. Maneh mah mapatahan soal mesin ka Insinyur mesin, sarua jeung ....

a. goong nabeuh maneh

b. hulu gundul dihihidan

c. lodon kosong ngagelentrong

d. mapatahan ngojay ka meri

29. Basa anu digunakeun dina surat resmi nyaeta basa ....

a. gaul

b. loma

c. sedeng

d. ringkes tapi jelas

30. Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan disebut ....

a. prolog

b. dialog

c. palaku

d. monolog
31. Ciri carita pondok teh nyaeta ....

a. palakuna loba

b. setingna di mana bae

c. temana ganda

d. diwangun ku hiji kajadian utama

32. Nu disebut guguritan teh nyaeta ....

a. karangan pondok anu diwangun ku hiji kajadian utama

b. karangan pondok anu disusun make patokan pupuh

c. karangan pondok anu diwangun ku sababaraha kajadian utama

d. karangan panjanganu disuusn make patokan pupuh

33. Nu disebut guru lagu nyaeta ....

a. tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada

b. katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan

c. katangtuan purwakanti ( sasaruan sora) dina tungtung padalisan

d. pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupuh

34. Warta anu ditulis dumasar kana ... nu aya di lapangan.

a. rekaan

b. carita

c. fakta

d. hayalan

35. Kade ulah antel kana ... anjing, najis !

a. sihung

b. bangus

c. siih

d. tulale

36. Kecap anu salah makena aya dina kalimah ....

a. Iraha mulih ti Bandung, pa ?

b. Pun biang wengi tadi teu damang repot

c. Abdi udur tos sapuluh dinten

d. Enjing abdi bade mulih ka Sukabumi

37. Dupi Bapa iraha bade mulih teh ?


Kalimah di luhur teh ngandung harti ....

a. ngajak

b. nanya

c. marentah

d. nyarek

38. Hutbah kudu komunikatif, maksudna ....

a. ngagunakeun basa anu baku

b. ngagunakeun basa anu merenah jeung jelas

c. ngagunakeun basa gaul

d. ngagunakeun basa nu modern

39. Bakating ku tunduh ... manehna sare dina korsi.

a. guher

b. clak

c. am

d. bus

Baca cutatan novel di handap ieu, tuluy jawab pananya to no. 40 nepi ka 41 !

Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas
nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling
ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.

Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya
keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang
ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”

40. Cutatan tina novel naon carita di luhur teh ?

a. nu ngageugeuh legok kiara

b. misteri haur geulis

c. patepung di Bandung

d. budak teuneung

41. Pangarangna teh nyaeta ....


a. Dadan Sutisna

b. Samsoedi

c. Tatang Sumarsono

d. Narti Suparti

42. Kagiatan tukeur pikiran pikeun maham kana hiji pasualan nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta
neangan jalan atawa solusina, nyaeta ....

a. pedaran

b. bahasan

c. sawala

d. biantara

43. Anu disebut pangjejer sawala teh nyaeta jalma anu jadi ....

a. pamilon sawala

b. mairan pasualan

c. nepikeun jejer

d. nyatet pasualan

44. Dramatisasi sajak nyaeta ....

a. drama wangun ugeran biasana paguneman teh dina wangun puisi

b. drama wangun lancaran biasana dibaca atawa diucapkeun dina basa lancaran

c. drama tina wangun pupuh biasana ditembangkeun

d. drama teu ngagunakeun dialog, tapi ngungkabkeun carita teh ku tari

45. Lalakon drama biasana dibagi sababaraha ....

a. bagian

b. babak

c. ronde

d. episode

46. Pilih mana anu kaasup kalimah resiprokatif !

a. Dede jeung Ujang keur parebut cocoan

b. Dudus keur make sapatu

c. Mang Endang keur sibeungeut di pancuran

d. Tatang gegetret wae titatadi


47. Rarangken hareup pada- anu ngandung harti “loba anu migawena” nyaeta ....

a. padameuli

b. padageulis

c. padalucu

d. padakasep

48. Kecap serepan tina basa Cina, diantarana ....

a. mih, baso, cengkeh, loteng, tauco

b. baju, bedil. cameti, martil, peti

c. adus, dusun, kulem, lali, sasih

d. ajaib, dunya, gaib, hakim, hak, imam

49. Rarangken tukang –na anu ngandung harti “waktu” nyaeta ....

a. bapana

b. indungna

c. sawahna

d. tujuhna

50. Lanceukna pinter.

Adina bodo.

Lamun dihijikeun jadi ....

a. Lanceukna pinter, sabab adina bodo

b. Lanceukna pinter, jadi we adina bodo

c. Lanceukna pinter, tapi adina mah bodo

d. Lanceukna pinter, sanajan adina bodo

Anda mungkin juga menyukai