Anda di halaman 1dari 2

1.

Teu honcewang sumoreang


tekadna pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
mun maksud ta can laksana

Berjuang keur lemah cai


lali rabi tur tega pati
Ta ya basa menta pamulang tarima ikhlas
rido keur korban merdeka

Sinatria dana laga


bela Bangsa jeung Nagara
Dibarengan tekad suci
berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina


asal Nagri, Bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
jasa tujuan pahlawan Bangsa

Caritakeun deui isi kawihna sarta naon amanatna dina kawih diluhur!

2. Naon anu disebut rumpaka kawih?


3. Naon anu dimasksud musikalisasi puisi teh?
4. Naon anu dimaksud kecap rajekan dwipurwa jeung dwimadya?
5. Jieun kalimah tina kecap rajekan dihandap!
- Hah-heh-hoh
- Tujang tajong
adi eusi kawih Karatagan Pahlawan teh nyaeta yen saurang pahlawan mah
cadu mundur atawa pantang mulang umpama maksud atawa tujuan acan
kalaksanakeun. Saurang pahlawan dina ngabela lemah cai teh nepi ka
poho ka kulawarga atawa poho berkeluarga, ngabela lemah cai tampa
pamrih, iklas pikeun kamerdekaan bangsa.

Anda mungkin juga menyukai