Anda di halaman 1dari 2

Cerita Sasakala Malin Kundang Bahasa Sunda

Harita, aya hiji keluargi di pesisir wilayah di Sumatra barat. Keluargi eta
ngagaduhan saurang anak anu dipasihan ngaran Malin Kundang. Kaayaan keluargi eta
mani miskin pisan.

Nah, dina hiji poe bapana si malin kundang angkat ka negri peuntas. Ageung harepan
malin sarta indungna, hiji dinten engke bapana datang nyandak seueur artos, nu
tiasa kanggo meser kaperluan sapopoe. Saenggeus sa sasih-sasih lamina, nangging
bapana teh heunte kunjung dongkap wae, ahirna pupus harepan Malin Kundang sarta
indungna.

Sanggeus Malin Kundang jadi dewasa, anjeuna mikir, sarta mutuskeun bade milarian
nafkah ka negri peuntas deui, dina nalika abeh kaya. Ahirna. Malin Kundang ngiring
naek kapal dagang sareng saurang nahkoda kapal nu aya di lembur halamana, anu atos
sukses ti heula.

Salila malin kundang aya dina kapal, Malin seueur diajaran elmu pikeun pelayaran.
Malin diajar leukeunan, sareng rerencangana anu boga pangalaman, sarta ahirna
anjeunna mani jago pisan dina perkawis soal pelayaran. Atos loba pulau anu
didatangan na.

Dugi nembe hiji dinten di teungah-tengah jalan, kapal anu ditaekan ku si malin
kundang di serang ku bajak laut. Sadaya barang dagangan anu aya di kapal dirampok
kabeh ku bajak laut. Sarta jalmi-jalmina anu aya di kapal diparaehan kabeh ku para
bajak laut. Malin Kundang untung pisan, heunte paeh, ku sabab, sabot kajadian eta
lumangsung, Malin nyumput dina hiji ruang alit anu katutupan ku kayu.

Malin Kundang ngarasa serba-salah ditengah laut, dugi ahirna kapal eta kadampar
dina pesisir laut. Dina sesa tanagana nu aya, Malin Kundang mapah nuju desa anu
pangdeukeutna. Satibana di hiji desa, Malin Kundang ditulungan ku balarea desa.
Malin kundang teras nyaritakeun kajian sabenerna.

Desa eta, nyaeta hiji desa anu subur pisan. Singkat carita, salila malin kundang
cicing didinya ku getol sarta gigihna malin kundang dina didamel, akhirna malin
kundang jadi jalma sukses jeung kaya. Malin ngabogaan seueur kapal pikeun dagang
sarta anak buah nugi nepi ka jumlahna langkung ti 100 jalmi.

Sanggeus malin kundang jadi jalma kaya, Malin Kundang teras nikah. Dina hiji
wartos, Malin jeung pamajikanna mangkat ngalayar naek kapal anu ageung pisan sarta
endah, nu dibarengan ku anak buah kapal sarta pangawalna anu seueur.

Pas nepi ka hiji desa, nyeta kampung halamana. Indung Malin Kundang anu saban
dinten ngadoan anakna, ningali kapal anu endah pisan lebet ka palabuhan. Indungna
ningali aya dua jalmi anu keur tatih dina luhur kapal, sarta ngarasa yakin yen eta
teh anakna, nyaeta si Malin Kundang anu mangkat harita.

Malin Kundang turun tina kapal, teras manehna dipapag ku indungna. Di tingali-
tingali ti dekeut, aya urut goresan dipanangan katuhu lalaki eta, indungna beuki
yakin bahwa eta teh anakna si Malin Kundang. “Malin Kundang, anaking, anaking! Naha
anjeun mios sakitu lamina, mani teu masihan kabar?” Ceuk indungna sabari nangkeup
keunceng ka si Malin Kundang.

Nanging, si malin Kundang malah ngalepaskeun tangkepan indungna, sarta


ngajorongkeun indungna dugi ka ragag, sarta nyarios: “Awewe teu nyaho diri, gagabah
wae anjeun minangka jadi indung kuring ” Ceuk Malin Kundang ka indungna.
Malin Kundang, pura-pura henteu wauheun ka indungna, ku sabab isin ningali indungna
anu atos kolot sarta make baju compang-camping. “Eta indung anjeun?” Taros
pamajikana si Malin Kundang.

“Lain, manehna mah ngan saurang pengemis anu nyangka jadi indung kuring, supados
meunangkeun harta ti kuring ” Bales si malin kundang ka pamajikana. Ningali
kalakuan sarta omongan anu semena-mena eta, indung Malin Kundang ngambek pisan.
Manehna henteu nyangka anakna bakal barobah jadi budak anu doraka.

Nugi kaambek indungna anu beuki ageung pisan, teras anjeuna nedahkeun pananga bari
nyarios ” Oh.. Gusti pangeran anu ageung, lamun leres anjena anak abdi, abdi
sumpahan manehna barobah jadi batu”. Saur indungna. Henteu sabaraha lami saterusna
angin kenceng datang, goncang sarta badai dahsyat dongkap ngancurkeun sakabeh kapal
si Malin Kundang.

Sanggeus eta, lalaunan awak si Malin Kundang barobah jadi kaku, jengker, sarta
lami-kalami ahirna ngawangun barobah jadi kaayaan hiji batu karang, nugi nepi ka
ayena.

Anda mungkin juga menyukai