Anda di halaman 1dari 1

Sidahurip, 09 April 2021

Nomer : 01/Prog-Rmdh/TMA/1442 Kahatur,


Lampiran : - Yth. Warga Masyarakat Sarakan/Sanesna
Hal : Kagiatan Babagi Takjil Gratis di
Sapanjang Bulan Romadhon Tempat

Assalaamu’alaikum Wr. Wb.


Puji mung saukur kagungan Alloh oge rasa syukur anu taya kendatna hayu urang
sanggakeun ka hadirat Alloh Swt. mugia Alloh sapapaosna ngalungsurkeun barokah ka
tengah-tengah kahirupan urang sadaya, aamiin.
Diuningakeun kalayan hormat, dina raraga ngamulyakeun sasih Romadhon taun ieu,
kami, Taruna Masjid Al-Hidayah ngagaduhan maksad ngayakeun Kagiatan Babagi Takjil
Gratis Sapanjang Bulan Romadhon, anu mana kegiatan ieu mengrupikeun kagiatan anu
sagemblengna dirojong ku sakumna warga Sarakan atanapi sanesna.
Pangrojong ti sakumna warga kalintang pisan pentingna kumargi kegiatan ieu saestuna
kegiatan anu dilakukeun ku warga, taruna masjid mung saukur pihak anu ngoordinir
kalayan nyalurkeun eta program. Sakumna warga dipiharep pisan partisipasina janten
donatur takjil anu target tiap dintenna kami tiasa nyalurkeun 50 (lima puluh) paket takjil
tina hasil rereongan warga.
Ka warga anu ngagaduhan maksad ngiring partisipasi, tiasa ngadaptarkeun diri
ngalangkungan koordinator kagiatan ieu:
1. Yoga (WA 085798000648)
2. Fauzi (Telp./WA 081314259447)
3. Yudi (Telp./WA 082115148551)
4. Devi (Telp./WA 081229621993)
Sakitu anu tiasa didugikeun, haturnuhun tina sadaya perhatosan oge hapunten bilih aya
hal anu kirang leres, saupami aya anu kirang jelas tiasa ngahubungi nomer-nomer di
luhur, kalayan diharepkeun pisan partisipasi ti sakumna warga. Mugia urang sadaya
diangken ku Alloh kaetang jalmi-jalmi anu ngamulyakeun sasih Romadhon, aamiin.
Wassalaamu’alaikum Wr. Wb.

Nyatujuan/Ngarojong
Ketua DKM Al-Hidayah, Taruna Masjid Al-Hidayah,

ADE AAM U. KENDAR


Ketua

Anda mungkin juga menyukai