Anda di halaman 1dari 1

Ka sakumna warga Sarakan oge anu sanesna, kaitan sareng

Sasih Romadhon taun ieu (1442 H), kami, Taruna Masjid Al-
Hidayah seja ngayakeun “Program Babagi Takjil Gratis”,
misina ngabagikeun takjil gratis anu targetna 50 paket/bungkus
satiap dintenna.
Kagiatan ieu sagemblengna tiasa kalaksanakeun saupami aya
pangrojong sareng partisipasi anu nyata ti kadang warga
sadaya, sakumaha katangtosan di handap:
1. Warga anu bade donasi langkung tipayun ngadaptarkeun
diri ka koordinator anu parantos ditunjuk minimal sadinten
sateuacan waktos nu dituju;
2. Jumlah paket takjil anu bade didonasikeun teu terbatas alias
bebas bade sababaraha paket/bungkus oge per donaturna;
3. Ka sakumna warga anu seja ngamangpaatkeun takjil,
kantun sumping ka Masjid Al-Hidayah Sarakan, maksimal
ngagaduhan hak 3 paket per keluargana, salagi persediaan
masih aya;
4. Koordinator tempat pendaptaran:
 Yoga (WA 085798000648)
 Fauzi (Telp./WA 081314259447)
 Yudi (Telp./WA 082115148551)
 Devi (Telp./WA 081229621993)
Haturnuhun ka sadaya kadang wargi, mugia perogram ieu
janten salah sawios ladang amal sae kanggo urang sadaya dina
raraga ngamulyakeun sasih Romadhon anu pinuh ku
kabarokahan, aamiin.

Anda mungkin juga menyukai