ASSALAMUALAIKUM WR. WB.
Bapak kepala desa atanapi anu ngawakilan aparat desa anu kusimkuring dipihormat, bapa ibu
RT 04, 05 anu dipihormat, bapak ibu jamaah mesjid al ikhlas ogepara sesepuh kampung lengkob
tur remaja putra putri kampung lengkob anu kusimkuring dipihormat sareng dibanggakeun.
Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT anu
maparin kanikmatan khususna kasehatan urng sadayana. Sholawat miwah salam mugia tetep
dilimpahkeun ka junjunan urng sadayana Nabi Muhammad SAW, ka para kulawarga,sahabat
dugi ka urng sdaya salaku umat anu insyaallah taat kanu ajarana. Amin ya robal alamin.
Simkuring atas nami ketua DKM Al Ikhlas ngucapkeun Hatur nuhun ka sadaya jamaah anu tos
sumping ka ieu patempatan. Anu mana dina waktos ieu urng sadayana bade ngalaksanakeun
kegiatan dina raraga mieling di Isro sareng di Miraj keuna nabi Muhammad SAW. Oge
hapunten ka sadayana khususna ka warga kampung lengkob kumargi dina acara ieu simkuring
sareng rengrengan DKM teu tiasa ngayakeun acara anu mewah, mung sederhana, kumargi
memang keterbatasan dina biaya. Mung sanaos kitu mugia tetep teu ngahilangkeun esensi urng
dina mieling isra miraj ieu. Nu penting urang sadayana tetep aya dina ka imanan katakwaan ka
Allah SWT, malah langkung langkung deui taat kanu ajaran islam anu saleres-leresna. Amin.
Acara ieu tiasa kalaksanakeun berkat dorongan para donatur khsusna oge para warga masyarakat
rt 04 05 anu tos masihan rejekina ka panitia kangge suksesna acara ieu, kumargi kitu simkuring
ngahaturkeun nuhun. Dana anu lebet ka panitia insyallah tos dibagi-bagi kangge kegiatan ieu ti
mulai persiapan dugika pelaksnaan. Insyallah di simkuring sareng panitia aya catatana, upami
hyong langkung jelas tiasa wae nepangan ka panitia, mung didieu simkuring teu tiasa medarkeun
hiji-hiji.
Alhamdulilah dina tiap taun urng sadayana konsisten tiasa terus ngalaksanakeun kagiatan
khusna acara acara kaagamaan anu kaitana sareng DKM Masjid Al Ikhlas. Ieu berkat kerjasama
gotong royong urng sadayana antara pengurus DKM, warga masyarakat, aparat oge para pemuda
pemudi di kampung lengkob. Mudah mudahan kasaean ieu tiasa terus dipertahankeun oge
ditingkatkeun supados langkung see deui kapayuna. Mudah mudahan dina acara peringatan isra
miraj ieu seeur elmu anu ku urang sadayana tiasa kacandak oge tiasa diamalkeun, ku kituna hayu
urang sadayana ngiringan acara ieu dugika rengse.
Eta panginten sambutan anu kusimkuring tiasa didugikeun, hapunten bilih aya kalepatan, hatur
nuhun kana perhatosana
Wasalamualikum wr.wb.