Anda di halaman 1dari 3

Assalamualaikum wr wb

Alhamdulillaahi robbil 'alamiin, wassolaatu wassalaamu'alaa asrofil anbiyaa ii wal mursaliin Sayyidina
Muhammadin, wa'ala alihi wa'ashohbihi ajma'in,i, amma ba'du.

Anu ku simkuring dipihormat Almukarom Ketua DkM Masjid At TAHIRIYYAH serta rengrengan. og nu
simkuring dipihormat aparatur pemerintah ti kawit rt rw bapak kepala desa sareng rengrenganana,

Nu simkuring pihormat ketua Mui Ketua Bkprmi desa sukawangi, og teu khilaf nu simkuring
dipihormat tokoh masyarakat, Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi mudah
mudahan urang sadayana dimulyaken ku allah swt ,,

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana
kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa kumpul dina raraga “memperingati isra miraj nabi
Muhammad saw ”, Dina kaayaan sehat walafiat.
Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadayaHabibana Wanabiyana
Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka
urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal
a’lamin.

Hadirin jamaah anu dipihormat. Hapunten sateuacana pribados nuhunkeun widi, salaku pembawa
acara . Bade macaken sababaraha acara anu bade dilaksanaken dina wengi ayena . Acara anu ka hiji
nyaeta

- pembukaan ,

- anu kadua tawasul

- anu katilu sambutan – Sambutan

1,ketua panitia

2.ketua Dkm masjid at tahiriyahh

3. kepala desa sukawangi /BKPRMI Desa sukawangi

4. Ketua Mui Desa sukawangi

- anu ka opat pembacaan ayat suci al quran

1. Muhammad rozby

2. ustad yusup

- anu kalima tausiyah hikmah peringatan isra miraj nabi Muhammad saw

- acara nu kagenep Do’a atanapi panutup

Hadirin sadaya anu dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu
kahiji nyaeta pembukaan , kalayan sasarengan ngaosken al fatihah, fibarakatil ummul quran al
fatihah.
, rengse acara anu kahiji, mangga urang teraskeun kana acara anu kadua nyaeta tawasul anu bade
dipimpin ku kersana kh ustad lukman ti pondok pesantren al kautsar ,

Ngahaturken ka kersana kh ustad lukman anu parantos mimpin tawasul mugi ngalangkungan tawasul
ieu barokahna tiasa di dugiken khususna ka kulawargi anu prantos ngantunken umumna kasadayana

urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta sambutan sambutan anu mana sambutan kahiji
ti atas nami Ketua panitia acara isra miraj kersana pal fahmi waktos sinareng tempat mangga
disanggaken ka mantena

ngahaturken nuhun ka kersaana pak fahmi anu parantos masihan sambutan

sambutan salajengna nyaeta tiatas nami ketua dkm masjid at tahiriyah anu mana sambutan ieu bade
didugiken pangersaaa a haji usep kumargi kitu waktos sinareng kahormatan disanggaken ka mantena .

ngahaturken nuhun ka kersana a haji usep anu parantos masihan sambutanana

masih acara sambutan anu mana sambutan ieu bade didugiken kupangersa bapak kepala desa
sukawangi waktos sinareng ka hormatan disanggaken ka mantena

ngahaturken nuhun ka kersana bapak kepala desa sukawangi anu parantos masihan sambutanana
mugi anu parantos disampaikenana bermanfaat kangge urang sadayana

sambutan anu terahir bade didugiken ku kersana ketua MUI Desa sukawangi waktos sinareng tempat
disanggaken ka mantena

ngahaturken nuhun ka kersana ketua mui desa sukawangi anu parantos ngadugiken sambutana anu
mudah mudaahn sambutanana bermanfaat kangge urang sadayana

hadirin jamaah anu dimulyaken allah swt , rengse acara anu ka tilu mangga urang teraskeun kana
acara anu ka opat nyaeta acara pembacaan ayat suci alquran anu bade dilantunken ku kersana ustad
yusup ti palih kidul, sateuacana ,hapunten ka sadayana jamaah anu ngaroko dillebet atanapi diluar
masjid at tahiriyaah supados hyong dipareman hela rokona ,mangga ka kersana ustad yusup waktos
sinareng kahormatan disanggaken ka mantena ,

ngahaturken nuhun ka kersana ustad yusup anu parantos ngalantunken ayat suci al quran anu mudah
mudahan janten amal sae khususna kanu ngaoskenana og umumna kanu ngupingkenana aamin
yarobal alamin

nincak kana acara anu di antos antos kurang sadaya “tausiah hikmah ” anu bade dugiken ku kersana
ustad dedi rustandi founder yatim piatu & DHUAFA Leader tour and travel haji& umrah al itihad waktos
sinareng ka hormatan disanggaken ka mantena

ngahaturken ka kersana ustad dedi rustandi anu parantos maparinan tausiah hikmah isra miraj, anu
sakitu eces jentrena mudah mudahan naon anu parantos dipaparken ku mantena tiasa bermafaat
khususna kangge anjena umum ka urang sadayana aamin ya robal allamin
Hadirin sadaya anu dimulyaken, rengse acara tausiah hikmah

Alhamdulillah acara demi acara parantos dilaksankaken nginjak acara pamungkas nyaeta do’a atanapi
panutup, kangge nutup ieu acara bade dipimpin ku pangersa abah ayip tipalih wetan ,

Sateacan ngadoa mangga ka team konsumsi kangge ngabagiken konsumsina di iringi hadrah sholawat

Mangga ka kersana bah ayip waktos sinareng kahormatan disanggaken ka mantena ..,

Jamaah sadaya anu dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya
dilaksanakeun, kalayan teu aya halangan. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-
mudahan dina dongkapna kana acara memperingati isra miraj di masjid at tahiriyahh ngahijikeun salah
sahiji amal soleh kangge urang sadaya aamin yarobal alamin , Pribados salaku pangjajap acara
nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana

Aya keripik dimedan tempur

Tempatna di Kediri anu jauh

Taofiq empur Ijin undur diri

Akhirul kalam

Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai