Anda di halaman 1dari 3

BISMILLAHIRROHMANIRROHIM

Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Allhamdulillahirobbila’lamin wabihi nastai’nu a’la umuridun ya waddin wasolatu


wasolamu a’la asrofil ambiya iwal mursalin waa’la alihi wasoh bihi ajmain amabadu.

Anu ku pribados dipihormat

Ibu Ketua BKKM Kab Ciamis

Ibu Ketua BKKM Kec Panjalu

Bapak Kepala Desa Maparah

Ketua BPD Desa Maparah

Ketua MUI Desa Maprah

Ketua BKMM Desa Maparah

Ketua LPM Desa Mparah

Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa Ibu hadirin
anu sami dipihormat.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah
SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa kumpul
mungpulung paamprok jongkok patepang raray dina raraga “Pangaosan Bsasihan
BKMM Desa Maparah”, Dina kaayaan sehat walafiat.

Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya
Habibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka
para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah
taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin.
Hadirin sadaya anu sami dipihormat. Hapunten sateuacana pribados nuhunkeun widi,
salaku pangjajap acara atanapi panganteur carita. Bade maoskeun sababaraha mata
acara anu baris di pidangkeun dina enjing ieu. Acara anu ka hiji nyaeta :

1. Bubuka

2. pembacaan ayat suci al-qur’an sareng shalawat

3. prakata panitia

4. sambutan – sambutan

a) kepala desa maparah (pa yani)

b) ketua bkmm desa maparah (hj tini)

c) ketua bkmm kab. Ciamis (dra. Hj. Talbiyah Munandi, SH, MH)

5. Tausiah (KH. Saeful Uyun)

6. Do’a (KH. Ikin Z Mutakin)

7. Tutup

Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga
urang buka acara anu kahiji nyaeta bubuka, kalayan sasarengan maos Basmallah,
Bismillahirrohmanirrohim. Acara anu ka dua bade di eusi ku aosan kalam Ilahi, anu
bade di aoskeun ku Al ustadz Abdul Malik Farid Ruslan ti Pondok Pesantren Assalam,
sumangga dihaturanan...

Salajengna pembacaan shalawat anu bade dilantunkeun ku kersana Ibu Hj. Iim
sumangga dihaturanan.

Hatur nuhun ka kersana ang farid sareng ibu hj. iim anu parantos maoskeun
kalam ilahi sareng shalawat pamudah-mudahan urang sadaya kenging rahmat ti
mantenna, aamin ya robbal alamin.

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka dua, mangga urang
teraskeun kana acara anu ka tilu nyaeta prakata ti atas nami panitia anu bade
disanggakeun ku kersana bapa lurah dusun sukajaya, sumangga ka mantena
dihaturanan.
Hatur nuhun ka kersana pa lurah, mudah2an dusun sukajaya langkung-langkung
majeng ku wasilah anjeuna, Amin ya robbal alamin!

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang
teraskeun kana acara anu ka opat nyaeta sambutan.

Sambutan anu ka hiji ti atas nami Kepala Desa Maparah, mangga ka kersana Bapa
Kuwu desa maparah dihaturanan. Hatur nuhun ka kersana bapa kuwu anu parantos
masihan sambutana pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaatna, Amin!

Sambutan anu kadua ti atas nami ketua BKMM desa Maparah, Kersana Ibu Hj. Tini
Sopiyah Mukarrolah, sumangga dihaturanan

Sambutan anu katilu ti atas nami ketua BKMM Kab. Ciamis, Kersana Ibu dra. Hj.
Talbiyah Munandi, SH, MH, sumangga dihaturanan.

Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka opat mangga urang
teraskeun kana acara anu ka lima nyaeta Tausiah anu bade didugikeun ku Al-mukarrom
Pimpinan Pondok Pesantren Miftahur ridwan sumangga dihaturanan,

hatur nuhun ka kersana Aang anu parantos maparin elmu ka urang sadaya, pamudah-
mudahan urang sadaya tiasa ngamalkeunana. Amin!

Nincak kana acara ka lima nyaeta Do’a anu bade di sanggakeun ku Almukarrom
pimpinan pondok pesantren Assalam, sumangga dihaturanan

Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka lima, mangga urang
teraskeun kana acara pamungkas nyaeta panutup, kangge nutup ieu acara mangga
urang sasarengan maos Hamdalah.Allhamdulillahirobbila’lamin.

Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara kalih acara
parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon.
Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna
hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal soleh kangge hadirin sadaya, Pribados
salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur
nuhun tina sagala perhatosanana.

Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi


Wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai