Anda di halaman 1dari 2

Para hadirin, saderek sadaya, nu di mulyaken ku Allah Para alim ulama, para kiai, bapak kuwu sareng

pamong desana.
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci
rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya
dipaparin kasehatan sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium,
patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya
diantos-antos, nyaeta acara Tabligh akbar anu temana…………...
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad
SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku
umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Nepangkeun wasta pun piki darmawan Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin
sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara maualid nabi
muhamaad di masjid al-hidayah ti kawit ayena dugi ka akhir acara kapayuna. Sim kuring
neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng
sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi
kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugia sing genah
betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1. Bubuka
2. Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi
3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara mauludan
4. Nembangkeun solawat
5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu kampung
6. Biantara pangbagea ti pupuhu desa
7. Biantara pangbagea mangrupi laporan ti ketua panitia
9. Do’a
10. Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang anu ku sim kuring dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah
sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah
SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an
dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an sareng mingpin
solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung
saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka
rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa
H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan
......
Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana.
Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten
ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu
dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku
pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.
.........
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMA n DUA Ciamis anu parantos ngadugikeu biantara
kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak
Sudrajat, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten
wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade
dipintonkkeun ku group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu janten kareureueusan di sakola
SMA Negeri 2 Ciamis. Sumangga dihaturanan!
........

Hatur nuhun ka group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu parantos maparin hariring nasyid
anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lomba
Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMA Negeri 2 Ciamis langkung mekar,
nyandak nami SMA Negeri 2 Ciamis langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal ‘alamin.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni
dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat
dihaturanan!
.....
Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa
langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala
antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator.
Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!
.......
Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos
kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah
tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku du’a. Sumangga bapa Ustad
Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin du’a
............
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin du’a, mugia du’a
urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan
panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu,
mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Ciamis di wales ku Alloh
SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan,
luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah
wassalamu’alaikum wr.wb.

Anda mungkin juga menyukai