Anda di halaman 1dari 2

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Mukodimah basa Arab….

Puji syukur salamina dipanjatkeun ka hadirot Alloh SWT, anu teu kendat-kendat maparin
ni’mat ageung tur ni’mat alit. Ku kersa-Na ayeuna urang tiasa riung mumpulung di ieu
patempatan dina raraga rapat …

Solawat sinareng salam mugia salamina dilimpah curahkeun ka paduka alam, jungjunan
kangjeng Nabi Muhammad saw. Ka kulawargina, ka para sohabatna, tabi’in atba’ut tabi’in.
Malah mandar urang diangken umat kangjeng Rosul kalawan kaleleberan rohmat sareng
sapa’at ti anjeuna.

Bapa/ ibu ….. anu ku simkuring dipihormat.

Bapak/ ibu … anu ku simkuring dipohormat, dst.

Sim kuring asmana pembawa acara, langkung tipayun ngahaturkeun nuhun ka para hadirin
anu parantos sumping dina rapat ieu. Atuh sim kuring oge seja neda dihapunten boh bilih
dina panyambutan bapa/ibu sadayana kirang nyugemakeun.

Dina danget ieu sim kuring kapapancenan ngatur waktu nata acara. Nanging sateuacan
simkuring nyebatan acara nu baris didugikeun, sim kuring seja nguningakeun heula,
maksad bapa/ibu diulem dina wangkid ieuteh teu aya sanes lintang ti bade nyawalakeun
perkawis ……

Ku hal sakitu pamugi sadayana anu hadir tiasa ngaregepkeun pedaran ti kersana bapa
…… Bapa/ibu oge baris dipaparinan waktos anu laluasa kanggo ngadugikeun pertarosan,
usul, atanapi pangemutan-pangemutan ngeunaan perkara baris dibahas.

Salajengna, supados teu nyangkolong teuing kana waktos, mangga acara rapat ieu urang
kawitan ku aosan basmallah… Bismillahirrahmanirrahiim..

Susunan acara anu baris didugikeun dina danget ieu nyaeta:

1. pembukaan, tadi parantos dibuka ku aosan basmallah.


2. Sambutan ti ….
3. Sambutan ti …. sakaligus medar perkawis ………
4. Pandangan ti pamilon atanapi tanya jawab
5. Do’a
6. Tutup

Nincak kana acara anu kadua, nyaeta sambutan ti bapa …. Kalayan hormat, mangga
dihaturanan…

Setelah selesai, ucapkan terima kasih.

Hatur nuhun ka bapa …. anu parantos maparin sambutan anu sakitu mundelna. Salajengna
sambutan sakaligus pedaran pasualan anu bade dibahas dina danget ieu, baris didugikeun
ku bapa ….. Mangga dihaturnan kalayan hormat.
Hatur nuhun ka bapa …. anu parantos medar perkawis …. panjang lebar kalawan eces tur
jentre. Nembe ku Pa … disaurkeun yen …..

Salajengna, mangga bapa/ibu bilih aya hal anu peryogi didugikeun. Boh usul, pangemutan,
atanapi naon bae patali sareng ………

Alhamdulillah acara ti kawit dugi ka akhir parantos rengse dilaksanakeun.

Kasimpulannana …………

Mugia kaputusan tina riungan ieu sing aya dina rido Gusti Anu Maha Suci, mangpaat dunya
sareng aherat.

Sakitu anu tiasa kapihatur, hatur nuhun tina sagala perhatosan bapa/ibu sadayana.
Hapunten bilih aya catur anu teu kaukur matak nyentug kana kalbu ibu-ibu, atanapi basa nu
teu merenah kana manah para bapa.

Sateuacan ditutup, mangga urang sasarengan ngadu’a ka Nu Maha Kawasa.

(do’a)

Kalawan dipungkas ku aosan hamdallah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.

Billahi taufiq wal hidayah.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai