2014
Pamekar Diajar
Pamekar Diajar BASA SUNDA
BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru
ru SD/
SD/MI Kelas
elas II
Buku
Buk
B u Tu
Tuturus Guru SD/MI Kelas II
KURIKULUM 2013
Kelas II
Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna
Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi
ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku
taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum
luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H.Yayat Sudaryat
Risnawati
PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto
Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
iii
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina
dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning
lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.
iv
PANGBAGÉA
KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
v
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan
langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,
ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,
teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina
ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan
pajaman.
vi
PANGJAJAP
Panyusun
vii
DAFTAR EUSI
PANGAJARAN 7 _55
BAB I PITUDUH UMUM _1
Tema : Miara sasatoan
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2 jeung tutuwuhan _55
B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2
C. Tatapakan Formal _4 PANGAJARAN 8 _62
D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekan Tema : Ngajaga kasalametan
pangajaran _4 di imah jeung di jalan _62
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5
F. Proses Pangajaran _5 BAB III PITUDUH MEUNTEUN _69
G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi
Dasar (KIKD) _5 A. Kritéria Meunteun Katutasan
H. Tema jeung Bahan Ajar _8 Minimal (KKM) _70
B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)
_70
BAB II PITUDUH UMUM _9 C. Rubrik Meunteun Sikep _71
D. Rubrik Meunteun Latihan _71
PANGAJARAN 1 _10
E. Daftar Peunteun Murid _72
Tema : Hirup sauyunan _10
F. Refleksi Guru _72
PANGAJARAN 2 _18
Tema : Kaulinan di imah jeung BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _73
sabudeureun _18 A. Kaweruh Basa jeung Sastra _74
B. Glosarium _77
PANGAJARAN 3 _26 Daftar Pustaka _80
Tema : Pancén sapopoé _26
viii
Bab 1
Pituduh
Umum
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun
kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.
1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi
dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.
2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung
tur ngamalir.
3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé,ngawasa konsép,kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik),kamampuh ngaréngsékeun
masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.
4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.
6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,
anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar
murid di imahna séwang-séwangan.
7. Pituduh maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh,
jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,
ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal
diulikna.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.
F. Proses Pangajaran
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu.
1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton
2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)
5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung
maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa,
nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,
nyaéta (1) ngaregepkeun tembang, (2) ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, (3)
mikanyaho sasaruaan kecap, (4) nulis kalimah, (5) ngalemeskeun kecap, (6) nembangkeun
pupuh, (7) maham pupuh, (8) ngalengkepan kalimah, jeung (9) nyaritakeun gambar.
Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. NGAREGEPKEUN TEMBANG
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “Hirup
Sauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawan
saregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok.
2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu,
murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep.
2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuh
pucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeun
kamampuh murid kana pupuh pucung.
C. MIKANYAHO KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap dina kalimah.
wargi = dulur
Urang kudu loba wargi.
Urang kudu loba dulur.
2. Guru nitah murid sangkan weruh kana harti kecap ku cara dibéré sinonimna
tur larapna dina kalimah.
D. NULIS KALIMAH
1. Murid disina diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya.
2. Bisi héséeun, murid dibéré heula conto makéna kecap pananya.
3. Kecap pananya anu kudu dilarapkeun nyaéta di mana jeung saha.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap pananya di mana jeung saha
dina kalimah.
1. Yadi meuli buku.
_______ Yadi meuli buku?
Di mana Yadi meuli bukuna?
2. Yadi meuli buku.
_______ nu meuli buku?
Saha nu meuli bukuna?
E. NGALEMESKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap kasar jeung kecap lemes dina kalimah nu
patali jeung anggahota awak.
leungeun = panangan
No. Kagiatan
1. Sanggeus murid ngaregepkeun, guru nitah murid sina nembangkeun pupuh
pucung babarengan.
2. Guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung bagilir saurang-saurang.
Hé barudak urang kudu loba batur,
ngarah duduluran,
jauh rasa hiri dengki,
mana komo ka batur bari culika.
3. Guru meunteun murid dina nembangkeun pupuh pucung tina jihat titilaras,
wirahma, jeung éksprési.
G. MAHAM PUPUH
No. Kagiatan
1. Pikeun maham pupuh, murid disina ngalengkepan kalimah nu patali jeung
teks pupuh pucung. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi
pupuh.
2. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh. Pananya
jeung jawaban pikeun maham eusi pupuh kieu.
Pék lengkepan ieu kalimah!
1. Hé barudak urang kudu loba batur.
2. Urang kudu jauh tina rasa hiri dengki.
3. Mana komo ka batur bari culika.
4. Hirup guyub babarengan jeung batur.
5. Barang gawé kudu ihlas tina manah.
6. Henteu jail kaniaya ka babaturan
7. Sobat dalit sarua baé jeung dulur.
8. Sobat dalit bisa silih pikanyaah.
9. Daék ngahibur nu keur sedih.
10. Sobat dalit bisa ngahibur mun urang nandangan kasusah.
No. Kagiatan
1. Murid disina paham kana sasaruaan kecap (sinonim). Ari sinonim téh
nyaéta kecap anu wangunna béda tapi hartina sarua. Singgetan, sinonim téh
kecap anu sarua hartina.
2. Murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap sinonimna.
1. sobat dalit = babaturan deukeut
Urang kudu boga sobat dalit.
Urang kudu boga babaturan deukeut.
2. hiri dengki = goréng haté
Ulah sok hiri dengki ka batur téh.
Ulah sok goréng haté ka batur téh.
3. guyub = akur
Hirup kudu guyub jeung batur.
Hirup kudu akur jeung batur.
4. culika = jail
Budak culika mah sok pada mikangéwa.
Budak jail mah sok pada mikangéwa.
5. sirik pidik = dengki
Ulah sok sirik pidik mun batur boga untung téh.
Ulah sok dengki mun batur boga untung téh.
6. kaniaya = telenges
Henteu hadé sok jail kaniaya ka batur téh..
Henteu hade sok telenges ka batur téh.
7. nandangan = ngarandapan
Kudu ngahibur nu keur nandangan kasusah.
Kudu ngahibur nu keur ngarandapan kasusah.
3. Guru meunteun pagawéan murid bener henteuna dina ngalarapkeun
sinonim.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan gambar kajadian, tuluy disina nyaritakeun dina
wangun kalimah.
Didi jeung Wawan keur silihcekel.
2. Gambar nu dipidangkeun patali jeung sikep sauyunan atawa sabalikna.
Eusina kieu.
1. Hardi keur neunggeul ucing.
2. Susan keur ngala kembang.
3. Néndah keur sasapu di imah.
4. Bébén keur maraban hayam.
5. Angga keur méré duit ka nu barangmaén.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina nyaritakeun deui gambar.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 1, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung pupuh “Hirup Sauyunan”.
Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh
murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatan
diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana
bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN TEMBANG
B. NGALISANKEUN JAWABAN
C. MIKANYAHO KECAP
D. NULIS KALIMAH
E. NGALEMESKEUN KECAP
F. NEMBANGKEUN PUPUH
G. MAHAM PUPH
H. NGALENGKEPAN KALIMAH
I. NYARITAKEUN GAMBAR
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun téks narasi, maham
eusi téks, nyangkem harti, nyaritakeun, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaulinan,
ngahartikeun kecap, ngalarapkeun kecap anteuran, sarta nyebutan ngaran bungbuahan
jeung tatangkalan.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,
nyaéta (1) ngaregepkeun téks narasi, (2) maham eusi téks narasi, (3) nyangkem harti
kecap, (4) nyaritakeun kaulinan, (5) ngalarapkeun kecap, (6) ngajembaran kaulinan, (7)
ngahartikeun kecap, (8) nyebutan kecap anteuran, jeung (9) nyebutan ngaran bungbuahan
jeung tatangkalan. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna sarta larapna dina
kalimah.
2. Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap nu mibanda sinonim kana
kalimah.
1. ulin = ameng
Maranéhna ulin babarengan.
Maranéhna ameng babarengan.
2. babarengan = sasarengan
Mun urang jajan ka warung sok babarengan.
Mun urang jajan ka warung sok sasarengan.
3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan kecap katut
sinonimna.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid nyaritakeun deui kaulinan pacublek-cublek uang. Hal-ha
anu dicaritakeun aya tilu hal.
1. Saha waé nu arulin pacublek-cublek uang téh?
Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti.
2. Kumaha prak-prakanana “Pacublek-pacublek Uang” téh?
Anu arulin ngeupeulkeun dampal leungeun, tuluy leungeun nu sabeulah
disimpen di handap. Engké aya saurang nu jadi indung nyaéta purah
mepegan. Salahsaurang neunggeulan peureup babaturan nu séjén.
Leungeun nu kénca ogé sarua dikahandapkeun.
Tuang mepegan leungeun nu keupeulkeun, tuluy ngawih.
3. Kumaha kakawihan “Pacublek-pacublek Uang” téh?
Pacublek-cublek uang,
Si Ujang maung lentér,
matata-matiti
Si Titi mau kawin
pa emh, pa emh emh…..
2. Guru meunteun murid dina nyaritakeun deui kaulian pacublek-cublek uang.
E. NGALARAPKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap asal jeung kecap rundayan nu
dirarangkénan tengah –ar-.
deukeut → dareukeut
Aya babaturan anu deukeut aya babaturan anu jarauh.
Barudak téh imahna dareukeut jeung sakola.
2. Kecap asal jeung kecap rundayan dicontoan heula dina dua kalimah.
3. Murid disina ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah –ar-.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan kaulinan barudak ku cara maca ték nu judulna
“Lalandakan”.
2. Guru nitah murid maham eusi téks ku cara ngajawab pananya nu geus
disayagikeun.
Pék jawab pananya ieu di handap!
1. Keur naraon barudak lalaki téh? Keur karumpul.
2. Saha waé nu karumpul téh? Yudi, Rangga,Wawan, Acép, jeung Réja.
3. Di mana barudak téh arulinna? Di lapang badminton.
4. Arulin naon barudak téh? Lalandakan.
5. Saha nu mimiti ngajak ulin téh? Yudi.
6. Naon hartina lalandakan téh? Niru-niru landak.
7. Sakalian naon cenah lalandakan téh? Sakalian olahraga.
8. Cau jeung tiwu téh keur dahareun iraha? Hakaneun janari.
9. Cau jeung tiwu téh keur bekel ka mana? Bekel miang ka Batawi.
10. Jurig naon waé nu disebutan ku barudak téh? jurig jarian,
jurig tangkod, juring pacilingan, jeung jurig onom.
3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi teks
kaulinan.
G. NGAHARTIKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna.
2. Pikeun leuwih maham hartina, guru nitah murid niténan kecap nu sinonim
téh dilarapkeun dina kalimah.
1. niru-niru = nurutan
Ari lalandakan téh hartina niru-niru landak.
Ari lalandakan téh hartina nurutan landak.
2. ngabeberik = ngudag-ngudag
Nu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénna
Nu jadi landak kudu ngudag-ngudag babaturan séjénna
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap anteuran jeung larapna.
kop
Kop jurig jarian tah méré.
………jurig jarian tah méré.
Kop jurig jarian tah méré.
2. Guru nitah murid ngalarapkeun kecap anteuran nu geus disadiakeun kana
kalimah.
Pigawé cara conto!
1. jol
Ragga jol datang.
2. gék
Gék Wawan diuk.
3. Jung
Jung Yudi nangtung.
4. berebet
Barudak téh berebet lalumpatan.
5. térékél
Jang Adun téh térérék naék kana tangkal jambu.
6. léos
Ngan léos wéh Maman téh indit.
7. jrut
Mamah jrut turun tina béca.
8. trét
Réza téh tuluy trét nulis dina keretas sacewir.
9. gorowok
Atuh gorowok baé Yudi téh ngagentraan babaturanana.
10. nyéh
Basa panggih jeung Wa Iding, nyéh Yana imut.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngaarapkeun kecap anteuran
kana kalimah.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid niténan conto kecap nu patali jeung bubuhan atawa
tatangkalan. Contona:
Kop cau kop tiwu….
Cau saturuy.
2. Guru nitah murid ngajawab pananya nu geus disayagikeun ku cara milih kecap
tur ngalengkepan kalimah.
Ayeuna hidep nyebutan ngaran bubuahan atawa tatangkalan.
Piliha jawaban ku kecap nu aya gigireunana.
1. Jéngkol sapérékét. A. kalapa
2. Peutuy sapapan. B. awi
3. Kalapa samanggar. C. jéngkol
4. Awi saleunjeur. D. tanah
5. tanah sahéktar. E. peuteuy
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 2, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN
TEKS NARASI
B. MAHAM EUSI TEKS
C. NYANGKEM HARTI
D. NGALARAPKEUN KECAP
E. NGAJEMBARAN KAULINAN
F. NGAHARTIKEUN KECAP
G. NGALARAPKEUN
KECAP ANTEURAN
H. NYEBUTAN NGARAN
BUBUAHAN JEUNG
TATANGKALAN
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, ngalisankeun jawaban,
mikaweruh kecap, nyaritakeun, ngalarapkeun undak usuk basa, maca narasi ngajembaran,
ngalengkepan kalimah, jeung néangan deui narasi séjén.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu témana “Pancén Sapopoé”
nu judulna “Rajin”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi wacana lisan ku cara maca kalawan daria.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks narasi, guru nitah murid maham eusi bacaan ku cara
ngajawab pananya nu disadiakeun.
C. MIKAWERUH KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Guru nyontoan kecap jeung sinonimna nu ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.
1. mandi = ibak
Subuh-subuh Yudi mah geus mandi.
Subuh-subuh Yudi mah geus ibak.
2. soméah = lemah-lembut
ka sasaha ogé Yudi mah soméah.
ka sasaha ogé Yudi mah lemah-lembut.
3. Guru ngaroris murid paham heteuna kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana
kalimah.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid disina maca deui bacaan “Rajin” dina jero haté.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid disina niténan kecap lemes jeung kecap kasar dina kalimah.
Titénan ieu conto kalimah:
mios = indit
Abdi mios ka sakola.
Bapa angkat ka kantor.
2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu geus disadiakeun.
Eusikeun kecap-kecap ieu di handap kana tempat nu dikosongkeun!
1. dongkap = ………………….
Rudi dongkap ti sakola.
Bapa Rudi ……………………. ti Jakarta.
2. ngupingkeun = …………………….
Abdi ngupingkeun radio.
Bapa ogé nuju ……………………radio.
3. ngabantun = ……………………….
Abdi ka sakola ngabantun sapédah.
Bapa guru mah ka sakola ……………… motor.
4. nyanggem = ……………………….
Abdi nyanggem ka bu guru.
Bu guru …………………… ka bapa kapala sakola.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu judulna “Kabiasaan”
pikeun ngajembaran wawasan murid.
2. Guru nitah murid niyéna eusi téks narasi nu nu judulna “Kabiasaan”.
3. Guru ngalatih murid sina paham kana eusi téks ku cara diskusi kelompok.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga
ingetanana.
Pananya jeung jawaban nu kudu didiskusikeun téh kieu.
1. Samémeh sakola,Yudi sok kumaha heula ka mamahna?
Uluk salam heula.
2. Naon nu dibawa ku Yudi ka sakola? Nyoréndang kantong buku.
3. Mun geus datang ka sakola, sok naraon barudak téh?
Sok ngarariung heula hareupeun kelas.
G. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna sarta larapna dina
kalimah. Contona:
Indit = mios
Isuk-isuk Yudi indit ka sakola.
Isuk-isuk Yudi ………….. ka sakola.
Isuk-isuk Yudi mios ka sakola.
2. Guru nitah murid maham kecap nu sinonim tur ngalarapkeun kana kalimah.
Pigawé cara conto!
1. uluk salam = ngucapkeun salam
Méméh indit sok uluk salam heula ka mamahna.
Méméh indit sok ngucapkeun salam heula ka mamahna.
2. nyoréndang = ngagantungkeun dina taktak
Yudi ka sakola nyoréndang kantong buku.
Yudi ka sakola ngantungkeun kana taktak kantong buku.
3. ngarariung = karumpul
Isuk-isuk barudak geus ngarariung di buruan sakola.
Isuk-isuk barudak geus karumpul di buruan sakola.
4. dipariksa = dititénan
Unggal kuku ramo barudak dipariksa saurang-saurang.
Unggal kuku ramo barudak ditténan saurang-saurang.
H. MIGAWÉ PANCÉN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu
dikosongkeun ku kecap-kecap tina kagiatan sapopoéna.
2. Murid ngajawab pananya cukup ku ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun
luyu jeung kabiasaan dirina. Jawaban kumaha murid.
1. Hudang saré hidep sok tuluy mandi.
2. Isuk-isuk hidep sok sasarap heula.
3. Saméméh ka sakola, hidep ka mamah sok amitan heula.
4. Samémeh dahar, hidep sok kokocok panangan.
5. Lamun geus dahar, hidep sok ngadunga.
6. Saméméh mondok, hidep sok kokocok suku.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 3, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
EVALUASI
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. NGALISANKEUN JAWABAN
C. MIKAWERUH KECAP
D. NYARITAKEUN
E. MENERKEUN KALIMAH
F. MACA NGAJEMBARAN
G. NGALENGKEPAN KALIMAH
H. MIGAWE PANCEN
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman,
nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeun
undak usuk basa.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan
Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Di Sakola Yudi”, guru nitah murid maham eusi
bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
C. NYEBUTAN GAMBAR
No. Kagiatan
1.
Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina diajar mikir ku cara milih kecap.
2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu geus diadiakeun.
E. NYARITAKEUN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca bacaan nu judulna “Pasapon” dia jero haté.
2. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Pasapon” kalawan
gemet.
3. Guru nitah murid sina nyaritakeun deui eusi bacaan.
Bacaan “Pasapon” téh caritakeun deui ku basa sorangan.
Hal-hal anu kudu dicaritakeun deui:
1. Di sakola aya saha? Pasapon.
2. Naon tugasna pasapon? Nyapuan buruan sakola jeung beberesih.
F. NGAWANGUN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah aktif jeung kalimah pasif.
ngonci → dikonci
Mang Barna téh sok ngonci panto gerbang sakola.
Panto gerbang sakola téh sok dikonci ku Mang Barna.
2. Guru nitah murid sina latihan ngarobah kecap nu maké rarangkén hareup N-
ku rarangkén hareup di-.
3. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pasif nu geus diwangunna kana
kalimah.
Pananya jeung jawaban ngawangun kecap tur larapna kana kalimah saperti
kieu.
1. mupus → dipupus
Rijki mupus bor maké pamupus.
Bor dipupus ku Rijki make pamupus.
2. ngelap → dielap
Déwi keur ngelap kaca jandéla.
Laca jandéla keur dielap ku Déwi.
3. meuli → dibeuli
Barudak meuli cilok di pipir sakola.
Cilok dibeuli ku barudak di pipir sakola.
4. nulis → ditulis
Murid-murid keur nulis kalimah.
Kalimah keur ditulis ku murid-murid.
G. MENERKEUN TULISAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah nu awalna ditulis ku huruf
leutik. Eta kalimah tuluy dibenerkeun cara nulisna ku huruf kapital.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 4, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN
C. NYEBUTAN GAMBAR
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
E. NYARITAKEUN
F. NGAWANGUN KALIMAH
G. MENERKEUN TULIAN
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa molahkeun paguneman, maham eusi
paguneman, ngalarapkeun kecap, ngalengekepan kalimah, ngajembaran paguneman,
jeung nembangkeun pupuh.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Hirup Beresih
jeung Séhat” nu judulna “Apik jeung Berséka”.
3. Guru nitah murid ngelompok, tuluy disina molahkeun paguneman nu judulna
“Apik jeung Berséka”.
4. Guru ngalatih murid sina niténan eusi paguneman ku cara maca deui
kalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin
tur sayaga ingetanana.
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru
nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
2. Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur
sabangkuna.
Jawaban tina pananyana téh kieu.
1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén.
2. Ari nu gering téh saha? Rangga.
3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung.
4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és.
5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan (gagabah).
6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik.
7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh.
8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh.
9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun.
10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham
eusi paguneman.
C. NGALARAPKEUN KECAP
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan
paham hartina.
Titénan ieu conto:
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kalimah nu dicopongkeun jeung kecap gigireunana.
2. Guru nitah murid sina milih kecap nu disadiakeun, tuluy dieusikeun kana
kalimah anu copong kalawan merenah. Kalimah jeung jawabanana téh kieu.
Lengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu aya gigireunana!
1. Méméh dahar, urang kudu … F … leungeun heula. A. katuhu
2. Lamun mandi, kudu maké …… J …………………. B. sikat seuseuh
3. Awak kudu diruru maké ………… G …………….. C. pamitan
4. Lamun buuk dikuramas, kudu maké…… I ……… D. ngadunga
5. Ari dahar kudu maké leungeun………… A ……… E. laleur
E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “Ka
Puskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas.
2. Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria.
3. Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nu
geus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh.
Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!
1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris.
2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan.
3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas.
4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét.
5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur.
6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun.
7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop.
8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung Beuteung
Randi.
9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat.
10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali.
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeung
ngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.
2. Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu
dicopongkeun dina paguneman.
Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepan
ku murid. Paguneman lengkepna kieu.
Yudi : Ran, ku naon kamari teu sakola?
Randi : Udur.
Yudi : Naon anu karaos?
Randi : Awak karasana paranas tiris.
Yudi : Oh, demam atuh, nya?
Randi : Enya, ceuk dokter ogé demam.
Yudi : Iraha ka dokterna kitu?
Randi : Kamari dua poé ka tukang.
Yudi : Ka dokter mana?
Randi : Eta dokter di Puskesmas.
Yudi : Jeung saha ka dokterna?
Randi : Jeung Mamah.
Yudi : Dikumaha waé ku dokter téh?
Randi : Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada.
Yudi : Oh, maké stétoskop meureun.
Randi : Enya, maké Stétoskop éta ogé.
Yudi : Disuntik henteu?
Randi : Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul.
Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan.
Dipeunteun cara maca jeung lentongna.
3. Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeun
paguneman.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali
jeung hirup berséka.
2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana.
3. Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilir
sajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang.
4. Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuh
asamarandana.
5. Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab
pananya nu geus disayagikeun dina buku.
Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu
jawabanana kieu.
1. Murangkalih téh kudu éling.
2. Urang ulah odoh ka panganggo.
3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan.
4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan.
5. Kana pakéan buruk masing butuh.
6. Ari kana pakéan anyar masing lebar.
6. Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah.
Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona.
Contona:
éling-éling = sadar-sadar
Éling-éling murangkalih
…………………murangkalih
Sadar-sadar murangkalih
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN
B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN
C. NGALARAPKEUN KECAP
D. NGALENGKEPAN KALIMAH
E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN
F. NEMBANGKEUN PUPUH
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan,
miwanoh kecap, ngarobah kalimah, nyusun omongan, nadomkeun pupujian, jeung
ngajembaran dadaran.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan
Alam Sabudeur” nu judulna “Urang jeung Alam”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria.
Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid maham
eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
C. MIKAWANOH KECAP
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah.
2. Guru nitah murid sina maham kecap-kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun
kana kalimah.
Contona:
ciciptan = jieunan
Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.
Manusa jeung alam kaasup mahluk jieunan Pangéran.
3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap
nu geus diyagakieun. Paréntah jeung jawabanana kieu.
Lengkepan kalimah-kalimah ieu di handap ku kecap-kecap anu aya
gigireunana.
1. Angin téh karasana ………… C …………… A. mongkléng
2. Ti peuting bulan caang mani…… D ……… B. ragrag
3. Isuk-isuk panonpoé …… E …….. ti wétan. C. ngahiliwir
4. Mun ti peuting, kaayaan poék…… A ……. D. mabra
5. Ti langit hujan ………………… B ………………. E. moncorong
4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeuaan
ngalengkepan kalimah.
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid
niténan kecap pagawéan aktif jeung kecap pagawéan pasif.
2. Guru nitah murid sina niténan kalimah aktif jeung kalimah pasif.
Contona:
dipelak → melak
Tangkal kembang sok dipelak ku jalma.
Jalma sok ……………….. tangkal kekembangan.
3. Guru nitah murid sina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan
aktif, tuluy dilarapkeun kana kalimah.
Paréntah jeung jawabanana kieu.
Pigawé kawas conto!
1. diseuseup → nyeuseup
Hawa diseuseup ku mahluk hirup.
Mahluk hirup nyeuseup hawa.
2. dikali → ngali
Taneuh dikali ku tukang sumur.
Tukang sumur ngali taneuh.
3. dituar → nuar
Tangkal dituar ku Mang Bébén.
Mang Bébén nuar Tangkal.
4. disiuk → nyiuk
Cai disiuk ku Néni tina bak.
Néni nyiuk cai tina bak.
5. dirabut → ngarabut
Tangkal sampeu dirabut ku Kang Ruslan.
Kang Ruslan ngarabut tangkal sampeu.
6. diundeur → ngundeur
Daun sampeu diundeur ku Bu Nénéng.
Bu Nénéng ngundeur daun sampeu.
7. dipetik → metik
Kembang di buruan dipetik ku Téh Éma.
Téh Éma metik kembang.
E. MENERKEUN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kalimah anu runtuyan kecapna diacak.
Contona:
hudang—isuk-isuk—kénéh—hudang—geus—Yudi
Kalimahna: Isuk-isuk kénéh Yudi geus hudang.
2. Guru nitah murid sina menerkeun runtuyan kecap-kecap sangkan jadi kalimah
anu bener tur merenah.
Paréntah jeung jawabanana saperti kieu.
1. maca – keur – Yayan – basa Sunda
Yayan keur maca basa Sunda.
2. nyéboran – di buruan – Néni - kembang
Néni nyéboran kembang di buruan.
3. di dapur – nuju – mamah – masak
Mamah nuju masak di dapur.
4. koran – di tepas – bapa – maca – keur
Bapa keur maca koran di tepas.
5. macul – di kebon – keur – Mang Karya
Mang Karya keur macul di kebon.
6. ngaput – mesin -- Bi Inah -- dina – keur
Bi Inah keur ngaput dina mesin.
F. NADOMKEUN PUPUJIAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca heula dina jero haté téks pupujian nu
judulna “Bab Cai”.
BAB CAI
Dupi sadayana cai,
nu sok dianggo susuci,
éta aya tujuh rupi,
walungan anu kahiji.
Cai laut kaduana,
cai sumur katiluna,
cai ibun kaopatna,
cai és nu kalimana.
Cai nyusu kagenepna,
cai hujan katujuhna,
éta cai sadayana,
sah dianggo susucina.
2. Guru ngajak murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”.
3. Guru nitah murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”
4. Pikeun maham eusi pupujian, guru nitah murid disina ngajawab pananya nu
disadiakeun.
Sanggeus murid ngalagukeun atawa nadomkeun pupujian di luhur, sangkan
paham kana eusina, pék jawab ieu pananya.
1. Aya sabaraha cai nu sok dipaké susuci? Aya tujuh rupa.
G. NGAJEMBARAN DADARAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté bacaan nu judulna “patempatan“.
2. Guru disina niténan kalawan imeut eusi bacaan “Patempatan”.
3. Guru nitah murid sina nyebutan deui ngaran-ngaran tempat nu geus
dicontoan.
Sanggeus hidep maca bacaan nu eusina ngaran patempatan, ayeuna hidep
néangan deui ngaran patempatan. Bisa diskusi jeung babaturan. Jieun dina
buku tugas!
1. Patempatan patali jeung ci- saperti Cinangka, Cicaheum, Cileunyi, …
2. Patempatan patali jeung pasir saperti Pasirimpun, Pasiripis, Pasirimpun,
Pasirkoja, ….
3. Patempatan patali jeung ranca saperti Rancabolang, Rancakalong, Rancabuaya,
Rancabali, …
4. Patempatan patali jeung rawa saperti Rawabogo, Rawabango, Rawamerta,
….
5. Patempatan patali jeung leuwi saperti Leuwiliang, Leuwipanjang, Leuwigajah,
Leuwimunding, Leuwisari, ….
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 6, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATE
B. MAHAM EUSI BACAAN
C. MIWANOH KECAP
D. NGAROBAH KALIMAH
E. NYUSUN OMONGAN
F. NADOMKEUN PUPUJIAN
G. NGAJEMBARAN DADARAN
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan,
ngalengkepan kalimah, nyusun karangan, ngalarapkeun kecap, jeung nyusun omongan.
Kagiatan Diajar
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Miara
Sasatoan jeung Tutuwuhan” nu judulna “Melak Kembang”.
3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan
daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur
sayaga ingetanana.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
1. Murid disina maca deui téks bacaan.
2. Murid disina paham kana eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.
C. NGALENGKEPAN KALIMAH
No. Kagiatan
1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid sina wanoh
kana ngaran babagian tatangkalan.
2. Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-
kecap nu disayagikeun. Kecap-kecap anu bisa dipilihna patali jeung ngaran
babagian tutuwhan.
Pék lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap gigireunana!
1. Ibu melak ………… E ………… dina pot. A. beutina
2. Tangkal rambutan téh…… C ……leubeut. B. akarna
3. Tangkal sampeu mah…… A …..dina jero taneuh. C. buahna
4. Tangkal téh …… B …... nyeceb kana taneuh D. pendul
5. Méméh jadi buah, peuteuy asalna…… D …. É. Kembang
6. Buah salah téh ngagonyok jeung……… J …… F. dawegan
7. Bisa dipaké ubar ……… E ……. kumis ucing mah. G. paria
8. Buah ……… G …….. téh rasana pait. H. céngék
9. ……… F ……….. keur meujeuhna lumého. I. kembang
10. Kembang …… H …….. disebutna méncéngés. J. cucukan
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan maca téks déskripsi “Ngukut Ucing” keur
conto tur gambaran déskripsi.
2. Guru nitah murid disina nyusun karangan wangun dadaran (déskripsi).
3. Ngaran henteu héséeun, guru nitah murid disina ngalengkepan karangan nu
dicopongkeun. Murid cukup nuluykeun karangan.
Paréntah jeung jawabanana bisa dititénan ieu di handap.
Wéndi téh miara lauk dina akuarium. Tacan lila miara laukna ogé. Kakara
lima poé. Akuariumna beunang nyieun bapana. Akuarium téh dijieunna tina
kaca. Kacana anu kandel. Pikeun nyambungkeun tungtung kaca, biasana sok
ngagunakeun lém husus keur kaca.
Wangun akuarium téh umumna pasagi panjang. Bagian ti tukangna sok
ditémpélan gambar tatangkalan. Jadi, katempona latarna siga jujukutan.
Dina akuarium sok maké alat sangkan panyedot sangkan cai ngaberekbek. Eta
téh ngahaja ngarah siga dina cai anu ngocor kawas dina balong atawa susukan.
Cai ngocor téh matak betaheun kana lauk.
Aya rupa-rupa lauk nu diingu ku Wéndi téh. Aya lauk koki, sepat, arwana,
…
Ngarah caina beresih, dina akuarium sok dipelakan lauk sapu. Lauk
sapu mah tara gérak kawas lauk séjénna, tapi sok ngadaplok wé dina kaca
akuarium.
Lauk akuarium mah aya husus parabna. Eta parab téh bisa dibeuli di toko
lauk atawa toko akuarium. Béda jeung lauk biasa nu aya di balong. Lauk balong
mah parabna ogé bisa huut bisa dangdaunan atawa sangu.
Sabulan sakali cai dina akuarium mah kudu diganti. Tujuanana sangkan
caina tetep hérang, henteu kiruh jeung kotor atawa lecek.
Lamun akuarium dikumbah, lauk-laukna kudu dipindahkeun saheulaaan
kana tempat séjén.
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sangkan wanoh kana ngaran babagian lauk, pakakas
paranti ngala lauk, ngaran babagian sasatoan, ngaran babagian tatangkalan
jeung ngaran tatangkalan.
Titénan ieu kalimah:
Guru nerangkeun ka murid yén “lauk mah hirupna téh dina cai. Tangtu
ngabogaan alat husus keur ngambekanana. Ieu di handap aya gambar lauk.
F. MENERKEUN TULISAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah heula murid sina niténan conto nyusun kalimah anu runtuyan
kecap-kecapna diacak.
2. Guru nitah murid disina niténan kalimah anu geus dibenerkeun runtuyan
kecapna.
Titénan contona:
keur – Yudi – nembang – diajar
Kalimahna: Yudi keur diajar nembang.
3. Guru nitah murid disina nyusun kalimah tina kecap-kecap anu runtuyanana diacak.
1. arulin-di-barudak-sakola-buruan
Barudak arulin di buruan sakola.
2. kakawihan-bari-barudak-ulin-téh
Barudak téh ulin bari kakawihan.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 7, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. MACA JERO HATÉ
B. MAHAM EUSI BACAAN
C. NGALENGKEPAN KALIMAH
D. NYUSUN KARANGAN
E. NGALARAPKEUN KECAP
F. MENERKEUN TULISAN
Tujuan Pangajaran:
Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun kakawihan, maham
eusi kakawihan, ngahariringkeun kakawihan, ngalengkepan kakawihan, ngajembaran
kakawihan, ngalarapkeun kecap, jeung nembangkeun pupuh.
Kagiatan Diajar:
Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,
jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan
bagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)
nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)
ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid
sangkan sayaga pikeun diajar.
Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
1. Murid disina ngaregepkeun kakawihan nu dihariringken ku guru atawa kasét.
2. Murid babarengan ngahariringkeun kakawihan.
3. Murid disina latihan ngahariringkeun kakawihan sorangan.
No. Kagiatan
1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy guru
nepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.
2. Guru ngajak murid pikeun babarengan ngahariringkeun kakawihan “Cing
cangkeling” jeung “Eundeuk-eundeukan”.
Cing Cangkeling
Cing cangkeling,
manuk cingkleung cindeten,
plos ka kolong,
Bapa Satar buleneng.
B. NGALISANKEUN JAWABAN
No. Kagiatan
1. Sanggeus ngahaeieingeun kawih, guru nitah murid sina niténan deui kakawihan
nu dihariringkeun.
2. Guru nitah murid sina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya.
3. Guru nitah murid ngajawab pananya ku cara lisan.
1. Naon judulna éta kakawihan téh? Cing cangkeling
2. Keur naon manuk cingkleung téh? Cindeten.
3. Ka mana plosna manuk téh? Ka kolong.
4. Kumaha Bapa Satar téh? Buleneng.
5. Eundeuk-eundeukan? Lagondi.
6. Meunang sabaraha hiji peucang téh? Sahiji.
7. Ku saha leupasna peucang téh? Nyai.
8. Ku saha beunangna peucang téh? Sastri.
9. Jaba ti ku nyai, ku saha deui peucang leupasna? Nini.
10. Jaba ti ku santri, ku saha deui peucang beunangna? Aki.
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
1. Murid disina babarengan ngahariringkeun kakawihan.
2. Murid disina maham eusi kakawihan ku cara ngajawab pananya nu
disadiakeun.
1. Jawab murid cukup ku ngalengkepan kalimah pananya.
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kakawihan anu kalimahna dicopongkeun.
2. Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah dina kakawihan nu dikosongkeun.
UCANG ANGGE
Cang ucang-ucang angé, gedé
mulung muncang ka papanggé, digogog
digogog ku anjing gedé, cungungung
anjing gedé nu Mang Lebé, anggé
ari gog-gog cungungung muncang
NÉLÉNGNÉNG KUNG
Néng néléng néng …kung, sakola
geura gedé …geura….jangkung, kung
geura …sakola…ka Bandung, indung
geura makayakeun …Indung… geura
E. NGAJEMBARAN KAKAWIHAN
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina maca jero haté kakawihan “Di Dieu meuncit Reungit”
nu disadiakeun keur ngajembaran kaweruhna.
2. Guru nitah murid disina ngahariringkeun kakawihan nu geus dibaca dina jero
haténa.
3. Guru nitah murid nyatet istilah nu dipaké dina kakawihan. Geus kitu,
kakawihan téh dikawihkeun babarengan!
F. NGALARAPKEUN KECAP
1. Murid disina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Kecap jeung sinonimna ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.
3. Murid disina paham kana kecap-kecap nu dilarapkeun kana kalimah.
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.
2. Guru nitah murid disina néangan kecap anu sinonim nu dilarapkeun kana
kalimah. Contona:
mesat = nyabut
Mang Bagja mesat gobang.
Mang Bagja ……………. gobang.
Mang Bagja nyabut gobang.
G. NEMBANGKEUN PUPUH
No. Kagiatan
1. Guru nitah murid maca heula pupuh pucung dina jero haté.
2. Guru ngajak murid pikeun babarengan nembangkeun pupuh pucung nu
judulna “Ati-ati”.
ATI-ATI
Kana sagala rupa tong gurunggusuh,
ulah lalawora,
nanaon kudu tarapti,
ngarah urang henteu pinanggih cilaka.
3. Pikeun maham eusi pupuh, guru nitah murid disina nganggeuskeun kalimah
anu dicopongkeun.
Pikeun maham pupuh Pucung, ayeuna hidep kudu nganggeuskeun ieu
kalimah.
1. Kana sagala rupa, urang entong gurunggusuh.
2. Kana nanaon, urang kudu tarapti.
3. Ngarang teu pinanggih cilaka.
4. Kudu nurut kana piwuruk sepuh.
Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 8, guru babarengan jeung
murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin di
lingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun réfléksi ngeunaan kamajuan
diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,
boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru
nangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan
Minimal (KKM).
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN
F. NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
Katerangan Tutas
Kritéria Meunteun
Enggeus Encan
A. NGAREGEPKEUN KAKAWIHAN
B. MAHAM EUSI KAKAWIHAN
C. NGAHARIRINGKEUN KAKAWIHAN
D. NGALENGKEPAN KAKAWIHAN
E. NGAJEMBARA KAKAWIHAN
F. NGALARAPKEUN KECAP
G. NEMBANGKEUN PUPUH
F. Refleksi Guru
Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna,
guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.
TANAH SUNDA
Karya: Mang Kokok
Jaba ti tembang jeung kawih, aya nu disebut kakawihan. Kakawihan mangrupa kawih
anu umumna dihariringkeun ku barudak dina waktu arulin. Kakawihan sok babarengan
jeung kaulinan barudak. Upamana waé, kakawihan “Cing cangkeling”.
CING CANGKELING
Cing cangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng.
2. Kecap Pananya
Kecap pananya téh kagolong kana warna kecap sulur atawa kecap gaganti nyaéta
kecap anu gunana pikeun nyuluran hal atawa barang anu ditanyakeun. Lebah dieu, kecap
pananya nyaéta kecap anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian. Kecap pananya
ngawangun kalimah pananya, nyaéta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal sarta
miharep rénsponsi nu mangrupa jawaban. Aya rupa-rupa kecap pananya saperti (1) saha
nanyakeun jalma, (2) iraha nanyakeun waktu, (3) (di, ti, ka) mana nanyakeun tempat, (4),
naha nanyakeun alesan, jsté.
Aya deui kecap pananya séjénna kayaning kecap pananya waktu: iraha, kecap pananya
sabab: naon sababna, kecap pananya alesan: ku naon; kecap pananya palaku: ku saha; kecap
pananya tujuan: keur saha.
5. Rarangkén
Rarangkén (BI: imbuhan atawa afiks) nyaéta wangun basa pangleutikna (morfém)
kauger anu milu nangtukeun harti kecap. Aya lima rupa rarangkén dina basa Sunda
saperti ieu di handap.
(a) Rarangkén hareup (awalan), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél hareupeun kecap
saperti di-, N-, ka-, ti- dina kecap dibaca, maca, kabaca, tidagor, jsté.
(b) Rarabfkén tengah (seselan), nyaéta rarangkén anu cicingna nyelap di tengah-tengah
kecap saperti –ar-/-al-, -um-, jeug –in- dina kecap barudak, laleuleus, gumeulis, tinulis,
jsté.
(c) Rarangkén ahir (ahiran), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél tukangeun kecap
saperti –an, -eun, -keun, -ing/-ning dina kecap seuseuhan, seuseuheun, asupkeun,
mungguhing, wantuning, jste.
(d) Rarangkén barubg (konfiks) nyaéta dua rarangkén anu ngawangun kecap kalawan
babarengan saperti pa—an, ka—an, sa—eun dina kecap padataran, kadaharan, sahuapeun,
jsté.
(e) Rarangkén gabung (ambifiks) nyaéta dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun
kecap henteu babarengan saperti di-+-keun jeung N-+-keun dina kecap diasupkeun
jeung ngasupkeun, jsté.