Anda di halaman 1dari 1

Assalamu’alaikum Wr.

Wb

Alhamdulillahirrabi’alamiin Assolatu wassalamu’ala asrofil anbiyai walmursalin waala alihi


wasohbihi ajma’in.

Puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT anu parantos ngalimpahkeun rahmat kalayan
ridha mantena, alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa kempel kangge pangaosan rutin
kalayan sehat wal’afiat.

Shalawat sinareng salam mugia dilimpah curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabi
Muhammad SAW, kapara kulawargina, kapara sahabatna tur mudah-mudahan dugi ka
urang umatna anu insyaallah tumut kana ajaran mantena dugi ka yaumul akhir. Aamiin

Ibu-ibu ahli pangaosan anu ku simkuring dipihormat, Supados teu nyangkolong kana
waktos, mangga urang sasarengan buka acara pangaosan ieu ku aosan basmalah
sasaraengan (Bismillaahirrahmanirrohiim)

Acara anu salajengna ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an anu bade di aoskeun ku Ibu ………….
Manga dihaturanan

Haturnuhun ka Ibu…… Anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an mugia aosan ayat
suci Al Quran nembe janten kasaean khususna kangge anjeuna, umumna kangge urang
sadayana. Aamiin

Salajengna aosan sholawat anu bade diaoskeun ku ibu …….. manga dihaturanan

Hatur nuhun ka ibu…. Mugia urang sadayana kenging safaat ti Rasulllah SAW.

Acara anu katilu nyaeta acara anu utami mangrupikeun tausyiah anu bade didugikeun ku
kersana Al- mukarom Ustadz/Ustadzah ………….. mangga ka kersana Al- mukarom
Ustadz/Ustadzah ………….. disumanggakeun.

Hatur nuhun ka kersana al- muakrom Ustadz/Ustadzah .... anu parantos ngadugikeun
elmu anu kalintang ageungna mudah-mudahan urang sadaya tiasa nyandak hikmahna.

Acara dugi acara parantos rengse, mangga urang tutup pangaosan ieu ku aosan hamdalah
sasarengan.

Alhamdulillahirabilalaamiin.

Hatur nuhun ka sadaya Ibu-ibu anu parantos hadir dina ieu pangaosan.

Hapunten anu kasuhun tina samudaya kalepatan salami simkuring janten panata acara di
ieu pangaosan.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Anda mungkin juga menyukai