Anda di halaman 1dari 2

PANITIA PENYELENGGARA PERINGATAN

ISRO MI’RAJ DAN HAUL MASAYIKH SERTA TEMU ALUMNI


PONPES AL-HUKAM
Sekretariat : Walahir, Desa Malausma Kec. Malausma, Kab. Majalengka 45464 Jawa Barat

Nomor : 05/PP-AL-HUKAM/2023
Kepada : Yth
Lampiran : 1 Lembar
…………………………………..
Perihal : Undangan Haul
Di tempat

Assalamua’laikum wr., wb.

Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Allah SWT. Sholawat kalih salam pamugi dikocor golontorkeun
ka Kanjeung Nabi Muhammad SAW., ka kulaargina, ka para sohabatna, tabi’in tabia’tna tug dugi ka urang sadaya
pamugi kenging syafa’at ti Manteunna. Aamiin Yarobbal ‘alamin.

Pertami-tami ngahaturkeun salam silaturahmi ka para alumni oge simpatisan Pon-Pes Al-Hukam pamugi
para wargi sadaya sapapaosna aya dina lindungan Allah SWT kalih aya dina kawilujengan. Aamiin Yarobbal
‘alamin.

Salajeungna sim abdi salaku panitia seja nguningakeun sareng ngemutan ka para alumni / simpatisan
sakumaha biasa dina sasih Rojab di Ponpes Al-Hukam sok diayakeun: Peringatan Isra Mi’raj sareng Haul
Almarhum Al-Maghfurlah Seyikhuna Kh. Abdul Kholiq anu ka-29 sinareng Tepang sono/temu Alumni
Ponpes Al-Hukam anu ka-6 na. Anu insya Allah baris dilaksanakeun dina:

Dinten/Tanggal : Rebo, 03 Rojab/ 25 Januari 2023

Waktu : 08.00 s.d selesai

Tempat : Komplek Pesantren Al-Hukam

Acara : 1. Jam’iyah Tahlil + Mahahlul Qiyyam

2. Tausiyah Ku Pangersa KH. Syarif Hidayatullah (Kab. Tasikmalaya)

3. Ramah Tamah Para Alumni

4. Jiyarah para Alumni ke Maqbaroh Sayikhuna pimpinan Ponpes

Al-Hukam.

Kumargi kitu, kanggo kelancaran acara di luhur, diperyogikeun biaya anu diantawisna:

Panggung : Rp. 3.000.000,-

Mubaligh : Rp. 4.000.000,-

Konsumsi : Rp. 8.000.000,-

Lain-lain : Rp. 1.000.000,-

Jumlah : RP. 16.000.000,-

Tina kituna sim abdi nyuhunkeun do’a sareng dukunganna ti para alumni. Oge kangge kalancaran acara
disuhunkeun ridho manah sareng kaikhlasanna kanggo ngalebetan infak minimal Rp. 100.000,-/Jalmi. Kalayan
dikempelkeun di panitia paling lami pisaminggoneun ka acara. Pamugi kasaean para wargi ditampi ku Allah SWT
oge dibales di dunya sareng di akherat. Aamiin Yarobbal ‘alamin.

Sakitu nu tiasa dihaturkeun. Kirang langkungna neda dihapunten anu ka suhun. Wassalamu’alaikum wr.,
wb.

Mengetahui

KELUARGA PONPES AL-HUKAM

KETUA SEKRETARIS
K. AEF SAEFUL MILAH K. AHMAD YANI

Anda mungkin juga menyukai