totonde sejen, sabab tangkal Dahu ieu ngan hiji-hijina di lelewek dinya.
Panginten ari batu biasa mah bentukna oge teu pararuguh. Ari disebat batu
walungan, bentukna oge lalonjong atawa baruleud barina oge saha atuh anu
pirajeuneun ngangkutanana? Da ari nu katingal ku abdi, batu Susun mah
bentukna oge kotak-kotak jiga kenging ngeureutan.
Cek katerangan sejen ti salah saurang warga Anjung, Desa Selamaya, lembur
tatangga desa Cikupa. Netelakeun yen Batu Susun teh disebut oge Batu Meja
atawa batu lomari. Taun 1960 tempat eta kaitung sohor pikeun nu jaroh neangan
harta banda ku jalan singket, nyaeta muja. Hal eta tumali ayana kapercayaan yen
Batu Susun teh mangrupa tempat neundeun banda kaya Putri Anjungsari dina
legenda Panji Boma nu hirup dikalangan masyarakat Dayeuhluhur Kecamatan
Jatinagara, Winduraja Kawali, jeung Panjalu.