Anda di halaman 1dari 8

Carita pondok basa sunda

kareteg hate

X IPA 1
Anggota :
- Fadhil Jamaludin
- Fadlan Azrialsyah
- M Rizki Ramdhani
- Noorsy Mubarakh
- Rafly Azaria
Karateg hate

Cahaya bentang pating gurilap, bulan imut ngagelenyu


ningali kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik,
angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa endah
katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa
kaambek geus pinuh na ubun-ubun, kuring hayang ngambek
tapi teu bisa, meureun kusabab kuring awewe jadi naluri kuring
leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan
pikiran kuring, naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian
kuring ngilu pasanggiri eta, teu pira ngan saukur nulis jeung
mikir, asa ku araraneh. Leuheung lamun diulahkeunnana teh
mun kuring ngilu pasanggiri model anu gutak gitek di catwalk,
kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh ah
pararusing, dug sek kuring ngarungkup dina simut.

Kongkorongooook.
Tok,tok,tok.

Teh gugah atos siang kadenge sora indung kuring


ngagero bari ngetrokan panto, kuring ngaleret kana jam, Aduh
jam 05.00 kuring reuwas, henteu biasana kuring hudang
sabeurang kieu kuring nangtung tur muka panto bari wegah
mun kuring keur teu solat jeung sakola mah mereun kuring
moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha.
Kuring kaluar ti kamar tungkul bari jamedud, Cu, kunaon
bageur meuni jamedud kitu? pok bapa kuring nanya, kuring
ngan saukur imut ngagelenyu bari wegah, Neng geulis, ibu
mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng
kunanaon, apan Neng teh anak nu dipika deudeuh ku ibu
sareng bapa jadi mataksieun lamun aya nanaon mangkaning
Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut. Indung kuring
ngadeukeutan bari ramisak ceurik, hal anu teu biasa ku kuring
ditempo teh nyaeta nempo ibu jeung bapa kuring ngaluarkeun
cimata. Kuring nangkeup indung kuring tur pok ngomong Ibu,
Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu ngawidian mah,
hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa. Kuring
ngilu ceurik nginghak Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian
demi kasuksesan Neng, doa ibu sareng bapa aya dina tiap
langkah Neng. Kuring bingah, kuring jangji moal ngecewakeun
ibu sareng bapa, kuring pasti berjuang.

Braaaak kadenge aya nu ngebragkeun meja


Nisaaaaa.kerjakeun soal dihareup, ngalamun wae kuring
reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung hareupeun
kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi
kuring keur ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA,
ayeuna kuring geus jadi panulis, 3 novel jeung 1 kumpulan
carpon kuring geus di publikasikeun jeung meunang respon anu
alus ti masarakat. Kuring Annisa, umur kuring ayeuna 20 taun,
kuring kuliah di salah sahiji universitas di kota Bandung jurusan
Sastra jeung Bahasa semester 4. Nisaaa hayoh kahareup
cicing wae ! dosen kuring ngambek, kuring buru-buru
ngajawab bari tungkul sieun Tapi pa, kuring teu acan paham
ayeuna dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas
Sok, saha anu arek ngabantuan Nisa ngerjakeun soal di
hareup? tantang dosen eta, jep sakabeh murid jempling
Kuring Pa ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang
wahh saha eta anu arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina
hate kuring sabab kuring aya nu ngabela. Sangges kajadian eta
kuring jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan kuring kamari,
jalma eta teh ngarana Sam, biasa di sebut kitu tapi ngaran
aslina mah Samuel cenah.

Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi


pas rek kaluar gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi
kapaksa kuring ngiuhan heula, muga we hujanna sakeudueng,
Nisa kuring reuwas, aya anu nepak taktak kuring, Eh
kuring ngereret Ah, Sam geuning, aya naon? kuring bingung
nempo manehna aya didieu oge, Gak apa-apa ko Sa he,he
manehna imut, aduh meuni lucu katinggalina, aduh kuring
mikir naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam lain asli
urang Sunda, manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh
lamun panonna rada sipit tur kulitna bodas, manehna can rada
bentes ngomong sunda jadi bahasana sakapeung campuran,
Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan ngumandang kuring
niat arek solat heula bari nungguan hujan, Eh Sam, punten
Nisa bade awoh ashar heula nya ka masjid kuring ngaleos
ninggalkeun Sam anu katempona rada bingung ngartikeun
omongan kuring bieu.

Di mesjid kampus
Assalamualaikum wr.wb astagfirullah, kuring ngajenghak
reuwas pas salam kadua tanda beres solat pameunteu kuring
pasangrok jeung pameunteuna Sam, aduh ti iraha budak ieu di
dieu, ;Haaah, Sam ngareureuwas kuring ngagebug
leungeunna Sam terang timana Nisa aya di dieu? aduh make
kadieu sih ieu budak pan ieu mah tempat khusus akhwat
kuring ngomong bari nyiwit pipina Aduh Nisa sakit ceuk
manehna bari ngusap pipina nau di ciwit bieu ku kuring, kuring
ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun, ha,ha.. Nisaa
kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih kaya pocong aja, hi,hi
manehna nanya bari ngeleg Ih Sam, (kuring jamedud) tadi
kuring solat, solat teh ibadah anu wajib di laksanakeun ku
sakabeh umat muslim, kin cerita lengkepna di jalan we nya isin
di dieu mah seueur jalmi kuring jeung Sam tuluy indit kaluar.
Loba pisan pertanyaan anu di ajukeun ku manehna ka kuring
soal agama, kuring malum da kuring jeung manehna mah beda
agama, agama manehna mah keristen.

Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya


rasa anu beda dina hate lamun kuring ningali raray na, kuring
bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu hoyang pisan lamun
nempo manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari
ngabogaan rasa bagja, sabab rek papanggih jeung pujaan hate
anu dipikaheman geus saminggu kuring teu papanggih jeung
manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di kelas, kuring
lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di
tutungguan teh, ah meureun can datang hate kuring ngabatin.
Bet aya rasa karingrang ngarungkupan. Kaluar ti kelas, kuring
buru-buru ka kost an, jarak ti tempat kuliah ka kost an kuring
teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku leumpang.
Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun
aya kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, d sms
kuring teu di bales, telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tokPunten kuring ngetrok panto bari ngagero,
kadenge panto dibuka Iya, eh ini Neng Nisa ya? mari masuk
ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring reuwas, naha
anjeunna nyaho yen kuring teh Nisa apan kuring teu acan
pernah kadie, nyaho imahna ge karek bieu ti babaturan kuring.
Oh muhun kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah
ringrang maratan langit, tuluy kuring asup bari olohok waah..
bener ieu teh imah Sam aduh gede pisan subhanallah kawas
istana, Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan
dulu ibunya oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren
kos lain pembantu, tuluy pembantu eta indit. Teu kungsi lila,
Assalamualaikum katinggali aya awewe saumuran indung
kuring nangtung di hareupeun kuring Waalaikumsalam buru-
buru kuring ngajawab Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita
tentang Nisa, katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang
sekali sama Nisa, kalau Nisa gimana sama Sam? kuring
reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha make
kerudung apan keluargana Sam agamana keristen, kuring
masih keneh bingung tur ngajawab Muhun ibu, Nisa ge nyaah
(jawab kuring bari lingsem) ehm, punten ibu upami Sam
kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah? ngadenge
pertanyaan eta indungna Sam cicing, wah aya naon ieu kuring
sieun,rasa ringrang balik ngarungkupan kuring, aya naon?
Sarebu tanya jeung kasieun minuhan pikiran kuring. Nisa ayo
ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan tapi ibu gak bisa
bilang sekarang indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring
teu ngarti naon maksudna tuluy indungna pok ngomong
Terimakasih ya sayang cimata langsung ngucur ti mata
indung Sam. Sam? kamana anjeun?

Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca


kalimah kalimah zikir, sakapeung indungna Sam nyekel
leungeun kuring tanda nenangkeun. Nisa kita sudah sampai
kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling tempat eta, naha
indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring leumpang
nuturkeun indungna Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto,
bray panto eta di buka, kuring olohok kasengsem Sam bener
anu diuk eta Sam? subhanallah kasep pisan, manehna make
gamis jeung peci bodas meuni rapih katinggalna, Nisa
indungna Sam ngagupayan ngajak diuk ka kuring tuluy
indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna
jeung kulawargana ayeuna geus islam, subhanallah kuring
bingah kabina bina, saurna Sam berubah gara-gara kuring, Sam
nyaah pisan ka kuring, kulawargana ge teu nentang basa Sam
mutuskeun rek asup islam malah kulawargana ngilu asup islam.

Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan


jeung Sam, aduh kuring teu kiceup kiceup nempo dirina
subhanallah sababaraha kali kuring ngucap kalimah eta (aduh
kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah tengan jalan
Sam ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring,
kuring asa risih di kitukeun ku manehna Nisa ayeuna urang tos
saagama, Nisa hoyong teu jadi bidadari anu maturan hirup Sam
salilana dunia sarta aherat? kuring lingsem tanda satuju.

Unsur intrinsik
1. Tema : Bobogohan
2. Palaku sarta pasifatan :
- Annisa : Bageur , sopan , amis budi, nyaahan
- Emak : bageur, nyaahan
- Abah : nyaahan
- Samuel : berehan , rajin , bageur , nyaahan
- Indung samuel : bageur, sopan , amis budi
- Dosen : tegas , galak
3. Latar tempat :
- Kampus
- Masjid kampus
- Kamar
- Pondok pasantren
- Imah samuel
4. Latar waktu :
- Peuting
- Subuh subuh
- Bada ashar
5. Garis Badag Carita : Aya hiji awewe anu boga cita-cita
jadi model, namina Annisa. Tapi bapa sareng indung na teu
ngawidian jadi model. Manehna tuluy jadi penulis, anu geus
nyieun 3 novel sareng 1 carpon. Hiji poe, Annisa teh
papanggih jeung Sam. Sam toh bogoh ka Annisa, tapi beda
agama. Nisa oge bogoh ke Sam. Sam teh leungit 7 poe, teu
kuliah. Ternyata si Sam teh keur di pasantren. Ayeuna Sam
jeung Annisa teh geus hiji agama. Teras, si Sam teh
ngomong ka Nisa Nisa ayeuna urang tos saagama, Nisa
hoyong teu jadi bidadari anu maturan hirup Sam salilana
dunia sarta aheratAnnisa lingsem tanda satuju.
6. Kecap-kecap nu kurang kaharti :
- Ngawidian : ngenaan, ngaijinahan, nyatujuan
- Jamedud : baeud, manyun
- Ngaleret : ningali bari ngalieuk sakedeung
- Sakapeung : sakeudeng, saliwat
- Lingsem : isin, era, malu
- Raray : beungeut, pamenteu
- Dipikaheman : dipikanyaah, dipikadeudeuh
- Pasangrok : paamprok, peteutep benget, papanggih
- Ngainghak : ceurik, nyegruk
7. Patali jeung kahirupan :
1. solat heula bari nungguan hujan
2. indungna Sam ngetrok ka hiji panto
3. kuring keur diuk di jandela kamar bari ngainghak ceurik,
angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa
endah katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni
asa ripuh, rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun,
kuring haying ngambek tapi teu bisa.
4. kuring nangtung tur muka panto bari wegah.
5. buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar gerbang kampus,
breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring ngiuhan
heula
8. Basa : Kasar jeung Lemes
9. Amanat : Mun urang bogoh ke jelema teh, kudu
diperjuangkeun.

Anda mungkin juga menyukai