Anda di halaman 1dari 4

ULANGAN TENGAH SEMESTER I

SEKOLAH DASAR NEGERI


Tahun Pelajaran 2017 / 2018
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : V (lima)
Hari / Tanggal :

NAMA : Nilai :

Baca wacana di handap ieu dina jero hate!

HASIAT ALPUKAT

Hidep tangtu apal kana buah alpukat. Wangunna lonyod tur warnana hejo. Biasana sok dirujak,
dicampuran ku gula bereum.
Buah alpuket teh diarah dagingna. Sok diasupkeun kana blender , dijieun jus. Dicampur cai gula
jeung susu coklat kental. Ari geus kitu mah, jus alpuket kari regot diinum.
Loba nu resep kana jus alpuket teh. Jaba ngeunah, hargana oge murah. Buah alpuket matak sehat
kana kulit jeung padaharan. Malah sok dipake lulur awak atawa body lotion. Cenah mah kulit sok jadi
lemes. Alpuket oge bisa dipake kuramas atawa krimbat. Malah bisa nyageurkeun rambut garing nu loba
teuing dicet
Buah alpuket oge bisa naekkeun beurat awak, ngubaran anu kacanduan roko. Ku ngadahar buah
alpuket, nikotin roko anu geus ngumpul dina jero awak bakal bisa dikaluarkeun. Alpuket bubuah taya
usumna. Iraha bae alpuket babari diteangan boh dipasar tradisional boh di pasar modern. Lantaran
ngandung lemak nabati, alpuket aman didahar kunu boga kolestrol tinggi.
Alpuket teh asalna ti Amerika Tengah, utamana di daerah Meksiko, Peru Venezuela. Alpuket nyebar
ka sakuliah dunya nepi ka Asia Tenggara, kaasup Indonesia.
Alpuket ngandung Vitamin A, B, C, jeung E. alus keur ngalancarkeun jalan getih dina awak urang.
Malah bias nurunkeun resiko struk (stroke) jeung serangan jantung.

I. Jawab sakur pertanyaan ieu di handap dumasar kana bacaan di luhur !

1. Kumaha carana ngamanfaatkeun buah alpuket teh ?


2. Bias dipake ubar naon buah alpuket teh ?
3. Vitamin naon anu dina buah alpuket teh ?
4. Lamun kuramas make buah alpuket, kumaha carana?
5. Timana cenah asal muasal buah alpuket teh?

I. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap bener !


6. Jam 06.00 isuk-isuk panon poe geus katembong, kecap katembong saharti jeung .
a. kanyahoan b. katingali c. kaciri d. kacida

7. Kasenian sisingaan asalna ti Subang, kalimah pananya keur jawaban tadi nyaeta.
a. kamana b. dimana c. nu mana d. ti mana

8. Pa Sanusi sangsara ka kolotnakeun, harti tina paribasa tadi nyaeta .


a. Maut nyereka congona c. adean ku kuda beuruem
b. uyah tara tees ka luhur d. disakompet daunkeun

9. Rudi ngala salak ti kebon, nu kaasup jejer nyaeta .


a. salak b. rudi c. ti kebon d. ngala

10. Ari Arjuna teh keur lalandian ka jalma anu .


a. kasep b. goreng c. begang d. lintuh
11. Dina bahasa sunda anak ucing sok disebut .
a. burayak b. bilatung c. pedet d. bocokok

12. Ki Ihin manggul cau mani .


a. sapapan b. saleunjeur c. saturuy d. sakompet

13. Kecap serepan tina bahasa arab diantarana .


a. pakir b. parkir c. lampu d. ekspor

14. Neng Irma mah kaasup budak nu hampak birit, hartina .


a. kedul b. daekan c. melid d. pamalesan

15. Hayam jago keur macok sangu anu murag, macok kuduna mah .
a. macokan b. dipacokan c. dipacok d. kapacok

16. Ari jalma nu beuki pisan kana lada sok disebut .


a. kawas ucing b. kawas merak c. kawas hayam d. kawas lauk

17. Dina ngaran kekembangan, olohok teh nyaeta ngaran kembang ..


a. awi b. waluh c. kadu d. cau

18. Budak teh babari wanoh, wanoh nyaeta .


a. babari apal b. babari seuri c. babari ngmabek d. babari wawuh

19. Kuring ge daek mantuan diburuhan!.


a. kudu b. hade c. ngan d. asal

20. Barudak keur arulin ucing-ucingan.


a. udag-udagan b. ajleng-ajlengan c. abur-aburan d. indit-inditan

II. Eusian titik-titik di handap ieu !


21. Budak teh kawas .. jeung .. ngan pasea bae.
22. Kecap kitab serepan tina basa .
23. Kasenian nu kasohor ti Subang nyaeta .
24. Kecap bungah mun make rarangken pi- -eun jadi .
25. Komputer salah sahiji kecap istilah .
26. Enya ari uyah mah tara tees ka .
27. Ma Iroh meuli piring lobana .
28. Ucing keur ngadahar beurit, jejer dina kalimah tadi nyaeta .
29. Ari nu sok ngigeulkeun wayang golek disebutna .
30. Hayang na mah hayang baso teh, .. teu boga duit.

II. Jawab pananya di handap ieu !


36. Naon wae nu kudu ditangtukeun samemeh urang rk wawancara


37. Cing pek diskripsikeun ku hidep ngunaan pakakas pacul!


38. Peuting eta th murid SDN Bojongsoang 1 rk pariknik ka Taman Sapari di Bogor. Ngahaja
arindit th subuh, ngarah datangna ka anu dijugjug isuk-isuk.
Jieun 2 kalimah pananya tina paragraf di luhur!




39. Po ahad isuk-isuk, dhafa jeung eki jalan-jalan ka tegallega. balikna meuli gorng bala-bala
jeung cireng, ari nu dagangna th pa sandi, tatangga dhafa di dayeuhkolot.
Salin carita di luhur sarta benerkeun ejahanana!




40. Tulis kalimah utama tina paragraf di handap!
Pasar biasana jadi tempat pamungpungan jalma. Katingalina ku urang hareurin, rarupek, barau
jeung barck. Di pasar modl kieu ram ku nu rebut tawar. Pasar modl kitu disebutna pasar
tradisional.


Kunci Jawaban

I. Bacaan
1. Bisa dijieun jus, dipake lulur, jeung dipake kuramas atawa krimbat
2. Buah Alpuket bisa dipake ngubaran anu kacanduan roko
3. Alpuket ngandung Vitamin A, B, C, jeung E
4. Daging alpuket di remes remes dugika lembut, teras di usap-usapkeun kana rambut anu atos
baseuh ku cai dugika rata. Cicingkeun salama 15 menit,karek di kumbah ku cai deui nepika
bersih
5. Alpuket teh asalna ti Amerika Tengah, utamana di daerah Meksiko, Peru Venezuela.

II. Pilihan Ganda


6. B 11. B 16. B
7. D 12. C 17. C
8. A 13. A 18. D
9. B 14. B 19.D
10. A 15. A 20. A

III. Eusian
21. Ucing jeung anjing
22. Arab
23. Sisingaan, Genbyur, Genjring Bonyok
24. Pibungaheun
25. Piranti elektronik
26. Uyah tara tees ka luhur
27. Salosin
28. Ucing
29. Dalang
30. ngan

IV. Essay
31. a. persiapan teknis (alat perekam, alat komunikasi, alat tulis)
b. Persiapan non teknis
- tangtukeun topik wawancara
- tangtukeun narasumber
- kaparigelan ngawawancara
- etika wawancara
- susun daftar pertanyaan anu bakal ditanyakeun sacara runtut
32. Pacul nyaeta pakakas anu osok dipake di sawah pikeun malikeun taneuh nu tadina deple
sangkan jadi alus pikeun dipelakan tutuwuhan, salian ti eta pacul oge bias dipake pikeun
ngagali liang, ngamalirkeun cai, ngaduk, jeung sajabana.
33. kama tujuan piknik murid SDN Bojongsoang 1 teh ?
Wayah naon arinditna piknik SDN Bojongsoag 1 ?
*(jawaban kebijakan dari guru masing masing)
34. Po Ahad isuk-isuk, Dhafa jeung Eki jalan-jalan ka Tegallega. Balikna meuli gorng bala-bala
jeung cireng, ari nu dagangna th pa Sandi, tatangga Dhafa di Dayeuhkolot.
35. Pasar modl kitu disebutna pasar tradisional.

Anda mungkin juga menyukai