Anda di halaman 1dari 7

Budak jeung Emana

Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa
ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung
semu nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!"
( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang
kieu!"
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR)

Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"


Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina
ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru
ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"

Ngagagambar Jurig

Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu


ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu
katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan
ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah
Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.

Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna
!"
Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu
?"

Keisha Marwah Azizah


Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit
kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding
cenah."
Tim : ?!@#

Ngajawab Soal Ujian

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus


dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang
merenahna."

KADAHARAN PALING HARAM

Ali : "Kadaharan naon nu haram?"


Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"

BAU JENGKOL

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay


kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal
Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer
cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar
kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna
saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas
ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini
balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

"Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.

"Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa


reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge


tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana
!" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya
?"

Keisha Marwah Azizah


"Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"

DISITA

Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus


ngalakukaeun perkosaan.
Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?”
Usro : “Rumaos, Pa”.
Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa
ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang
bukti !”
Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer.

PEUYEUM

Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“


Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah
kintal kitu peryogina ?”
Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”.
Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur
mopok beungeut maneh !”

JAJAMU

Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?”


Asnawi :” Tilu dinten, dok”.
Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?”
Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“.
Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“

NEANGAN MUATAN

Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha


kuringteh dibawa katask?“.
Kenek :“Sabar, Cep.....bade milarian heula muatan!“
Kuring :“Sugan geeeelo !“

NINI UTI

Kusabab hanyang ngora, teu talangke dei Nini Uti meuli jajamu awet muda
saratus bungkus. Kulantaran hayang gancang karasa hasilna, jajamu
nusaratus bungkus the diinum disakalikeun. Na da etamah Nini Uti
ngadadak jadi orok. Sabab ngora teuing da nginum jajamu awet mudana
teu make aturan. Ayena Nini Uti keur diajar haohakeng bari dibedong ku
Aki Abdul.

TALEUS

Keisha Marwah Azizah


Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu
ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna
sing beresih, tuktuy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah……..memeh didahar,
garoan heula taleusna!”.

TARUCING

Adang :”Buah naon anu dimimitian kuhuruf A, B, C, D, E, F, G jeung huruf


H ?”
Agus :”Moal aya atuh. Dina ayana oge tangtu buah anu aheng”,
Adang : “heug atu, bisi can nyaho mah ku kukring dibejaan, nyaeta :
A : Anggur
B : Bener nya anggur
C : Ceuk uingge anggur
D : Da anggur
E : Eta teh anggur
F : Fan anggur
G : Goblog ceuk kuring anggur
H : Heueuh nya anggur.

SEMAH

Semah : “Puntn, araya kitu nya?”


Pribumi : “Aeh, araya, mangga kalebet !”
Semah : “Bade tumaros, ari bumina Pa Ibroteh ieu kitu?”
Pribumi : “Sumuhun, aya kaperyogian naon kitu?”
Semah : “Ah, teu aya nanaon, mung hoyong terang bae rupana saderek
Ibro the, hideng gening nya rupa Bapa the!”
Pribumi : “Ontohod the siah………….!”

OJEG

Tk Ojeg : “Nu biasa we duarebu limaratus!”


Endul : “Boga duitna ngan sarebu”
Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!”
Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun, jedak. Ojeg
nabrak tangkal kalpa.
Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun kieu?”
Tk Ojeg : “Hampura Endul, mayar sarebueun mah teu diereman!”
Endul : “Beu…………………..!”

AKAR

Guru : “Yu, aya jamu kuat ?”


Tk Jamu : “Aya, Pa. Malih ieu mah husus keur barudak sakola anu kurang
daya nangkeupna dina Pelajaran Matematka “.

Keisha Marwah Azizah


Guru : “Cik, cik, cik, tina naon ramuanna?”
Tk Jamu : “Smai we tina akar-akaran. Namun ieu mah diramuna tina
ramuan akar kuadrat.

DIKAPUT

Budak awewe geulis tapi centil dibawa ka rumah sakit, sukuna tatu lantaran
labuh tina motor.
Dokter : “Wayahna nya Neng, lukana kedah dikaput, moal nyeri da
dibaalan”.
Budak : “Mangga Dokter, mung dikaputna hoyong kubenang beureum,
nganggo renda kayas, teras dina sakuna hoyong nganggo gambar
kembang. Sakantenan we diobras”.
Dokter : “Ha…………………..r, memangna ngaput baju”.

JAJAMU

Indung : “Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema teh?”


Nyai : “Aeh uhun, taditeh lepat masihkeun, kedahna kanggo bapak, eta teh
jamu kuat lalaki”
Indung : “Paingan atuh, karasana asa hayang macul wae”

BEAS

Saurang Professor geus hasil nyiptakeun beas pisangeun, anu dijieuna tina
batu cadas, ngan karasa kesed, jeung teuasna na’udubillah.

KEUR KONENG

Kabayan : “Kunaon teu puasa, teung?”


Iteung : “Keur beureum, ari Akang kunaon teu pusa dei?”
Kaabayan : “Keur………keur koneng akang mah}
Iteug : “Keur koneg kumaha ?”
Kabayan : “Tenjo we di WC”.

HEUREUY DOKTER

Pasen :“Dokter, leres abditeh katarajang kasakit koneng ?“


Dokter :“Leres“.
Pasen :“Naon tandana atuh ?“
Dokter :“Kapan eta waos Bapak ?“

LEUNGIT BUDAK

Udin :“Putra simkuring anu cikal dileweng teh, salamet tina pangreweg
skadang maung“.
Usro :”Allhamdulillah…………………..”
Udin :”Nyaeta dilegleg buaya !”

Keisha Marwah Azizah


TOLAK PELURU

“Aya jamu tolak peluru ?”, cek nu rek meuli, nanya ka tukang jajamu.
“Aya. Ieu………………!”, tukang jajamu muncereng bari ngadeukeutkeun
peureup buleudna kana cukang irung nu rek meuli. Teuing kumaha tuluyna.

SAPATU KULIT

Kabayan :”Ari silaing bisa atawa hente ngabedakeun antara sapatu kulit
asli jeung anu imitasi ?“
Ibro :”Teu, teu nyaho. Cing, cing tah kumaha ngabedakeunana ?”
Kabayan :”Babari pisan, si sapatu teh sina dicoco reungit. Lamun eta
sapatu barentol, eta berarti sapatu kulit asli”.

AKIBAT NGINUM

Guru :”Maneh nyaho, cing naon akibatna loba nginum teh ?”


Endul :”Terang, Pa”
Guru :”Naon ?”
Endul :”Beser…………”

HADIRIN

Hadirin yang terhormat


Mang Sobirin katinggang tomat
Para hadirin para hadirot
Kejo sapiring beak ku kolot
Numatak numawi
Hulu botak katinggang awi

ZONGTIBE

Zongtibe, leudkide, pratiding


Lonzong tai embe
Buleud tai kuda
Numpra tai munding

LOWONGAN KERJA

Adang :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.


Toto :”Saratna naon bae ?”
Adang :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
Toto :”Sabaraha hiji ?”
Adang :”Dua karung”.
Toto :”Jadol, hanas didengekeun”.

PUTUS

Keisha Marwah Azizah


Didin :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Didin teu
nyaah, tapi……….”
Mimin :“Naon ari Didin ? Hubungan naon ieuteh ?“
Didin :“Muhun, hubungan perkawis hutang“.
Mimin :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“

Keisha Marwah Azizah

Anda mungkin juga menyukai