Anda di halaman 1dari 10

A.

UNSUR-UNSUR CARITA
1. Tema
2. Setting/Latar
2.1. Latar Tempat
a) Kuningan
Buktina : “Kuningan kota pagunungan. Di kuloneun kota aya
pasir leutik tapi resik, dijieun tia kalangenan..”
b) Bangku handapeun tangkal campaka
Buktina : “......dina bangku handapeun tangkal campaka, aya
nu keur dariuk duaan”
c) Gedong Husada
Buktina : “Kabeneran di gedong Husada Honeng aya pesta
pangeling-ngeling pancawarsa ngadegna paguyuban
“Panggugah Pusaka”. Basri oge jueng Lili diondan,
kawantu jaradi anggota”
d) Haur Duni
e) Kamer Basri
Buktina : “...Sanajan harita geus pukul dua, Basri mah acan
sare........Ngaheneg bari ngajepat dina korsi panjang
gigireun ranjang, panonna beunta tapi teu puguh anu
katenjo”
f) Imah Sobari
Buktina : “Diimah Sobari tiis jempling, rehe jempe, malah tepas
oge nu sasarina ngebrak caang teh...”
g) Setatsion otobeus
Buktina :”Pasosore di warung anu pahareup-hareup jeung
setatsion otobeus di Kuningan...”
h) Kontrak enteh Pasir Batang
Buktina :”Kacariakeun di lamping Gunung Geger Halang
beulah ti Kidul, aya Kontrak enteh Pasir Batang. Di
tengah-tengah kebon, dina tempat nu plung-plong ka
mana-mendi,.......”
i) Tasikmalaya, toko emas
Buktina :”Barang geus datang ka Tasikma;aya, hareupeun
toko emas, Basri itah euereun ka kusir. Sanggeus
sewaana dibayar. Bus manehna asup ka toko.”
j) Pasantren Jamanis
Buktina :”Basri geus aya di Pasantren Jamanis......”
k) Handapeun tangkal tanjung
Buktina :”.....niis bari mopoek handapeun tangkal tanjung sisi
empang gigireun imahna...”
l) Pabrik Tinun
Buktina :”.....Lili nu kakara bisa lumantung deui tas muriang,
keur ngajanteng di pabrik tinunna....”
m) Imah pamajikan Subita nu kolot
Buktina :”Rebun-rebun keneh subita geus hudang, rek
ngaronda ka kontrakan. Harita di imah pamajikanan
anu kolot...”
n) Buruan handapeun tangkal jeruk bali
Buktina :”.....Basri lalangkarakan di buruan handapeun
tangkal jeruk bali dina korsi panjang bari ngageberan
awakna ku buku...”
o) Imah Subita
Buktina :”Palebah imah Subita anu dicingan ku Lili, rek
ngarandeg luak-lieuk cungas-cingeus, bisi aya
jelema..”
p) Hareupeun Hotel Kanton di Cirebon
Buktina :”Nepi ka pukul tujuh saparapat \ Basri kurulang-
kuriling keneh, luak lieuk di hareupeun Hotel kanton di
Cirebon.”
q) Baturaja, sisi walungan Ogan
Buktina :”Hiji mangsa sabot Basri lantrak-lintrik di sisi
walungan Oga, bada neangan pagawean, ngadenge
aya nu pating garero...”
r) Jakarta
Buktina :”......satadina Basri di Jakarta teu niat lila-lila hayang
buru-buru....”
s) Pasar Gambir
Buktina :”Tapi harita kabeneran keur aya di Pasar Gambir......”
t) Restoran
Buktina :”....Ngarah laluasa cacarita tulut diajak ka restoran nu
pangdeukeutna.”
u) Kabayuran
Buktina :”........dina mobil nu keur nyuruwuk nanjak di
Jambatan Tinggi, Jati Petamburan,....Palmerah, teu
lila jol ka Kabayuran”
v) Rumah sakit
Buktina :“Di rumah sakit, sanajan.....”
w) Jsb
2.2. Latar Waktu
a) Peuting
Buktina : - “Dina hiji peuting meneran bulan purnama ngebrak
caang lir ti beurang..”
- “Pukul duabelas peuting eta dua budak ngora
kaluar ti gedong....”
- “Pukul duabelas jep nu sesegruk ceurik teh repeh...”
- “Langit poek ngingkleng teu ketempo bentang hiji-
hiji acam
b) Janari
Buktina :”Pukul dua janari.....”
c) Isuk isuk
Buktina :”Poe minggu isuk-isuk, barang Sobari bijil ka tepas...”
“Isukna kira-kira pukul dalapan ....”
d) Pasosore
Buktina ;”Pasosore di warung anu pahareup-hareup jeung
setatsion otobeus di Kuningan...”
e) Poe Senen
Buktina :”Dina poe Senen Gapur ti pukul opat keneh...”
f) Wanci pecat sawed
Buktina :”Hiiji mangsa kira wani pecat saed, Basri dicalukan ku
bapana”
g) Jsb

2.3. Latar Suasana


a) Jempling
Buktina :”Di imah Sobari tiis jempling, rehe jempe, malah tepas
oge nu sasarina ngebrak caang teh, ayeuna mah poek
meredong”-Kacaa 25
b) Sedih, watir
Buktina :”Cunduk waktu datang mangsa, sapu nyere pegat
simpay! Basri nu sapeuting jeput teu sare balas
diriung-riung ku sobat-sobatna, geus ngajanteung
hareupeun setatsion otobeus”-Kaca 27
“....jol Yulipah, pasemonna alum, panonna carindul,
sigana bae sapeuting jeputt ceurik...”
”Dimana Basri teh atuh? Hirup keneh? Kumaha
cintana ka manehna? Daekeun ngawin randa? Eta
pertanyaan teu daek leungit tins pikirsn Lili. Mun ras
kana pananya nu pandeuri, dok blug wae Lili
meubeutkeun maneh ka enggona, sesegruk ceurik teu
kawawa ku nalangasa”-Kaca 63
c) Bagia, suka bungah
Buktina :”Teu dicatur nu hajatna jeung sukana anu jadi
panganten anyar....”-Kaca 77

3. Plot
Plot atawa alur nu digeunakeun ku pangarang dina ieu carita teh
nyaeta Plot maju jeung plot mundur atawa kasebut oge plot
campuran. Ayana plot maju bisa dibuktikeun tina awal carita waktu
Basri jeung Lili diuk duaan sabari ngobrol
“Dina hiji peuting meneran bulan purnama gebrai caang lir ti beurang
, dina bangku handapeun tangkal campaka, aya nu keur dariuk duaan.
“Lili”, ceul Basri nu harita keur diuk tea, kanu gigireunanan. “Ku naon
Eulis ngahuleng bae, teu berag cara sasari?”. Jawab Lili bari neuteup,
“Abdi teh heran, dumeh wanci kieu diajak ka temat anu sakieuu
singkurna, abdi mah inggis.....”
Saterusna carita ngalir, mimiti datangna surat ti laleur bodas, muncul
konflik, nepi ka akhir carita.
“.....Dina jero dua taun Lili teu lesot tina kaprihatinanan dipukpruk ku
wuwyung, kaseundeuhan kasedihan...”- Kaca 63
Sedengken plot mundur nu digunakeun dina ieu carita aya dina
sababaraha bagian saperti dina bagian anu nyaritakeun saha nu menta
ali teh, jeung waktu Basri jeung Lili maca catetan poean Gani (Eusi
catetan poeanana ngandung plot mundur)
“Naha diiwat kitu?
Lain, kieu caritana.
Diluhur geus dicaritakeun yen Didi jeung Subita teh ngandung hate ka
Basri.............Meh tilu bulan ti harita lilana Subita mikir-
mikirna........Dina hiji poe manehna diharewosan ku Gapur yn
dununganana mumusuhan jeung Basri, anu ayeuna keur masantren
tea....”

4. Palaku
Palaku utama dina ieu carita nyaeta : Basri, Yulipah,Sobari, Subita,
Sopandi, Gani, Gapur
Sedengken palaku tambahanana nyaeta :Yutiah, Sobari, Sumarni, Haji
Arsad, Haji Abu Bakar, Juragan Panghulu, Haji Anang Garib, jsb

5. Karakter Palaku/Panokohan
a) Basri, mangrupa tokoh utama, anak Haji Arsad. Basri mangrupa
jalma bageur nu nurut ka kolotna sarta satia ka sobatna, jeung
sabar.
“Ari Basri saenyana mah budak bageur. Kana omongan kolot, rea
nurutna batan mungpangna. Ngan di manehna teh aya bakat sok
nyawalaan kahayang indung-bapaa, kitu ge lamun ceuk pikirna teu
merenah. Tapi najan kitu ari dipaksa mah tara teu nurut, tara
mungpang nengterewelang, leah kumah cek kolot” –Kaca 13
b) Yulipah, Istri nu mikacinta ka Basri. Miboga watak nu bageuer jeung
sabar
c) Sobari, nyaeta sobat dalit Basri. Miboga lampah nu bageur sabar,
jeung nyaahan ka sobat
“Peutingna Sobari ngagelendut bae ngomongan Basri yen datngan
ka lembur kudu leuwoh iatna, sabab teu mustahil musuhna masih
keneh ngarah-ngarah”- kaca 67
d) Sopandi, adi Subita. Boga lampah nu goreng, manehna nyieun
lampah nu teu bener jeung Sumarni nu geus boga salaki nyaeta
Sobari. Manehna terus usaha nyilakakeun Basri sabab sieuneun
rasiah na kabongkar.
“Asa teu pupuguh ceuk urang mah Didi ngahina ka Basri nepi ka
beak bereesih teh, padahal teu boga dosa. Saumurna tacan
pacental basa jeung manehna teh. Mun papanggih anggah-ungguh
teu katingal kahormatan, da terang yen nu jugala. Jaba ti eta teh
geus apal ongkoh kana adatna, Didi teh Resep dihormat-hormat” –
Kaca 18
e) Subita, lanceuk Didi. Saruana jeung adina, Subita oge miboga
lampah nu teu bener, manehna terus ngadukung Didi pikeun
nyilakakeun Basri.
“Adi lanceuk teu kendat neangan akal nu rikip, geusan mulangkeun
kanyeri, malah lamun teu beunang ku akal lemes rek ditargal...”-
kaca 38
“Nepi ka kitu Subita teh, pamajikan dijieun pakarang, geusan anaur
kanyeri dulur”
f) Gani, anak buah Subita. Sobat Basri oge, jelemana miboga watak nu
hade, bageur, nyaah kana kahadean.
g) Gapur, anak buah Subita , mandor kontrak enteh Pasir Batang, di
lamping Geger Halang boga na Subita. Gapur miboga kalakuan nu
kurang hade, nurut ka dununganana tapi dina hal-hal nu kurang
bener.
“.....Ari tadina mah geus meunang ngagit pisan, Basri baris ditewk
ku Gapur ing nepi ka misanna mayitna rek dikeupeulkeun sekinu nu
geus pinuh ku getih.”- Kaca 54
“Nyucud kajahatanna si Gapur teh,” gerentes Basri bari ngarandag
kaluar ti kolong ranjang...”
h) Sumarni, miboga lampah nu teu hade. Awewe nu kurang bener,
sangkilang boga salaki tapi tetep milampah laku goreng jeun lalaki
sejen
“Sumarni ditundung ku Sobari. Nyucudna nurustunjung, cacapna
kagorenan, boro-boro susah tea, ieu mah jiga teu era-eraeun acan,
malah bangun bungah nu aya.....”
i) Haji Arsad, bapana Basri. Jelema na bageur, teges ngawarah anak,
jeung nyaahan.
“Haji Arsad leuwih ti ratus tilu dipake ongkos neangan, tapi lapu teu
kapapay tapak-tapakna acan” –Kaca 64
“Buktina Haji Arsad, Bapana Basri ngadadak robah pikiran,
hayangeun ngajeujeuhkeun heula anak kana bagbagan agama.
Maksudna mah alus, ku tina doa-doana ka Lili...”-Kaca 13
j) Haji Abu Bakar , bapana Yulipah atawa Lili. Jelema na bageur tapi
aya hiji wanci manehna bis rusuh ku hiji hal atawa kabawa ku nafsu
na
“..........komo indungna mah, tampolanana sok ngagambreng ka
salikna bongan atah sasar, rusuh kabawa ku nafsu ngawinkeun
budak teu tatanya heula- Ceuk indung Lili ka Bapa Lili
k) Yutiah, jeleman bageur jeug teu
l) Haji Anang Garib , Jelema na bageur kacida, nyaahan
“Awahing ku tumarima, Basri teh lain ngan dinuhunkeun bae, tap
bari kacida diakuna. Komo barang ngadenge lalakonna anu sakitu
pinyeurieunana......”
“Ayeuna mah Ujang enggeus bae matuh di dieu. Bapa minangka
gaganti Ama di Kuningan. Beak-beak Bapa tumarima, dumeh
Paridah ditulungan.....” –Haji Anang Garib ka Basri
6. Amanat
Amanat dina novel ieu teh kurang leuwih nyaeta urang teu bisa
nganilai jalma ukur ti sabeulah sisi, teu salilana jelema nu dianggap
musuh saenya na musuh, jeung teu salilana jelema nu dianggap sobat
saenya na sobat. Novel ieu oge ngajarkeun yen laku lampah nu
dilakukeun ku urang boh hade atawa goreng pasti meunang wawales
anu satimpal.
“Basri ngarasa kaduhung pedah geus nyangka goreng, malah niat rek
ngabasmi sagala ka jalma nu sakitu belana”- Hal 92
7. Sudut Pandang
Didieu pagarang ngagunakeun sudut pandang jelema katilu, cirina
nyaeta pangarang ngagunakeun kata sebutan/ngaran dina caritana.
“Lili” Ceu Basri nu harita keur diuk tea, ka nu gigireunanan...”-Kaca 1

A. KOMENTAR
Laleur bodas teh caritana alus, alur na teu pabeulit saperti carita misteri
sejenna, tapi sanajan kitu oge tetep bisa ngahudang rasa panasaran kanu
maracana. Rasiah saha eta Laleur Bodas sabenerna bener-bener teu
katebak jeung teu disangka sangka. Gaya basa nu digunakeun ku
pangarang dina ieu carita teh cukup alus jeung komunikatif, sanajan loba
kecap-kecap nu rasana kurang cocok jeung bacaeun rumaja jaman
ayeuna. Amanat nu aya dina carita ieu oge pohara alusna pikeun urang
salaku makhluk sosial nu teu weleh miboga hubungan jeung jalma lian,
sangkan teu nganilai jelema ti sabeulah sisi.

***

Anda mungkin juga menyukai