Anda di halaman 1dari 2

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Shalom, Omm Swastiyastu, Nammo Buddhaya, Salam Kebajikan,


Sampurasun.

Puja kalih puji urang sami-sami sanggakeun ka gusti nu maha suci Allah SWT. Anu parantos
maparinan ka urang sadaya mangpirang-pirang kanikmatan utamina ni’mat islam, ni’mat iman, oge
ni’mat kasehatan dugika urang sadaya tiasa kempel danget ieu dina raraga MANGSA MIMITRAAN
SANGGAR SENI KUJANG

Sholawat kalih sallam pamugi dilelerkeun kajungjungan mustika alam nabi agung Muhammad
saw

Pangrengsa sesepuh adat di Yogyakarta, Raden Wadana Dipawangsayuda atanapi Ki Demang


Wanga Piyudin S.H, hormateun sim kuring.

Paguyuban warga Jawa Barat di Yogyakarta hormateun sim kuring

Pupuhu Sanggar Seni Kujang, saderek Dika Dzikriawan hormateun sim kuring

Pupuhu IKPM Jawa Barat, Darmakusumah 21, saderek Mohammad Banin, kalih rengengan hormateun
sim kuring

Para pupuhu komisariat daerah di lingkungan IKPM Jawa Barat anu sami hormateun sim kuring

Panitia anu parantos nyukseskeun iyeu acara ti awal dugika laksanana iyeu acara, oge pamilon anu
sami ku sim kuring dipiteresna

Dina danget anu mulia iyeu, sim kuring salaku pangatur laku candoliwanci, seja’ ngadadarkeun
rundayan acara anu baris di pedar dina acara Mangsa Mimitraan Sanggar Seni Kujang dina dinten iyeu.

Minangka acara nu munggaran mangrupi bubuka rundayan acara, anu kadua


ngahaliwangkeun lagu Indonesia Raya, Tanah Sunda kalih Karatagan Sanggar Seni Kujang, anu katilu
laporan ti pupuhu panatacalagara, salajengna minangka pidangan bubuka dilajengkeun kana seren
sumeren, salajengna biantara-biantara dilajengkeun kana pembagian kelompok sareng tes minat
bakat. Pamungkas pangumuman.

Minangka acara munggaran mangrupi bubuka acara hayu urang sami2 ngawitan iyeu acara ku
aosan Basmallah sasarengan.

Salajengna ngahaleuangkeun lagu Indonesia Raya, Tanah Sunda kalih Karatagan Sanggar Seni
Kujang, anu baris dipimpin ku saderek _______________________ , hadirin dihaturanan ngadeg..........
hadirin sumangga dihaturanan calik deui.

Salajengna laporan ti pupuhu panatacalagara, anu baris dikapayunkeun ku saderek Rio


Hamzah, sumangga di haturanan.

Salajengna pidangan bubuka, nyaeta mangrupi tari ________________ wilujeng nyakseni.

Salajengna, seren sumeren.

Salajengna, biantara-biantara, biantara nu munggaran dihaturanan ka Pupuhu Sanggar Seni


Kujang, saderek Dika Dzikriawan, sumangga dihaturanan

Salajengna biantara ti Pupuhu IKPM Jawa Barat, Darmakusunah ka 21, saderek Mohammad
Banin, sumangga dihaturanan.
Slajengna biantara ti Sesepuh Adat Sunda di Yogyakarta, Raden Wadana Dipawangsayuda, Ki
Demang Wanga Piyudin S.H. Sakantenan ngabuka acara Mangsa Mimitraan Sanggar Seni Kujang ,
sumangga dihaturanan.

Alhamdulillah Mangsa Mimitraan Sanggar Seni Kujang tos resmi dibuka salajengna nyatea
pembagian kelompok kanggo mentoring..........................

Anda mungkin juga menyukai