Anda di halaman 1dari 8

NAME :

CLASS :
Pas Bahasa Sunda kelas 4
DATE :
40 Questions

1. Ari bumina Bu Mirah nu … mana?


a) palih b) Malik
c) belah d) nyangirah

2. Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .


a) Dihurungkeun b) Ditingalikeun
c) Diantepkeun d) Dipareuman

3. Hayam teh keur ....(makan)


a) nyatu b) emam
c) lolodok d) dahar

4. Beja atawa katerangan disebut oge ….


a) komputer b) lelepon
c) internet d) informasi

5. Lawan kecap goreng nyaeta?


a) teu sae b) awon
c) buruk d) alus
6. Empang teh hartina sarua jeung ....
a) susukan b) balong
c) wahangan d) solokan

7. Ka sakola teu menang mawa ...


a) Jidar b) Buku
c) Patlot d) Cocoan

8. “Upami bade … buku mah ka Yani we atuh!


a) Tambut b) nambutkeun
c) Nambutan d) nambut

9. Dodol kawentar ti daerah . . . .


a) Bandung b) Ciamis
c) Sumedang d) Garut

10. Mun hayang tereh ngartos dina diajar, urang kedah . . . .


a) Ngobrol b) Merhatikeun
c) Sare d) Cicing

11. Daun sampeu keur .... domba


a) katuangan b) miara
c) ngala d) parab

12. Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.


a) Ngantep b) Ngahemat
c) Ngaruksak d) Ngahambur-hambur
13. Ngagalindangkeun kawih hartina sarua jeung ....
a) ngawih b) nyawer
c) ngamen d) nganyam

14. Winda teu sakola wae ti kamari.Kecap ti kamari hartina nyaeta ....
a) katerangan b) udagan
c) caritaan d) jejer

15. Hayam teh gampang pisan ditewakna. Nukitu disebut sato ....
a) lingas b) telenges
c) lindeuk d) galak

16. Saha … ibu teh ?


a) jenenganan b) Dijenengkeun
c) jenengan d) Jeneng

17. Panyakit hayam nu katelah mah ngaranna ....


a) flu b) langlayeuseun
c) cekok d) polio

18. Buku pikeun di ajar boh di sakola atawa di imah ngaranna buku ….
a) carita b) bacaan
c) pangajaran d) gambar

19. . . . teh sumber energi panas.


a) Bulan b) Bumi
c) Panonpoe d) Bentang
20. Sangkan cai angger mayeng urang kudu miara . . . .
a) Sasatoan b) Kabersihan
c) Katertiban d) Tatangkalan

21. Pupuh asmarandana ngagambarkeun watek nu kumaha?


a) kagumbiraan b) kanyaah
c) kasedih d) kahariwang

22. Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.
a) Ngadu’a b) Olahraga
c) Ngacung d) Jajan

23. Pakarang pusaka urang sunda mah ngarana ....


a) peso b) bedog
c) belati d) kujang

24. Mun minyak bumi terus-terusan . . . lila-lila bakal beak.


a) dijaga b) dikeduk
c) dirawat d) diantep

25. Nyimpeun duit sesa atawa ngahaja nyimpen dina wadah, ngaranna
....
a) neundeun poho b) tunggul kuras
c) sisimpeunan d) nyengcelengan

26. Mulih sarua hartina jeung ....


a) sumping b) wangsul
c) dongkap d) mios
27. Kiper teh nyaeta ....
a) nu dagang di jalan b) nu markiran
c) nu ngajaga gawang d) nu ngangon meri

28. Bahan bakar kapal terbang nyaeta . . . .


a) Avtur b) Minyak tanah
c) Bensin d) Solar

29. Buku bahasa sunda keagungan Arif tadi … di rorompok.


a) Ngantun b) kakantun
c) kantun d) dikantunkeun

30. “ wawales kanu telenges” wawales hartina ....


a) pangwales b) panipuan
c) pangoloan d) pangbalikan

31. Ari cangehgar teh sabangsa ....


a) anjing b) manuk
c) hayam d) ucing

32. Tukang nyieun korsi, lomari, meja jeung sajabana, disebut ...
a) binatu b) tukang tani
c) tukang meubeul d) panday

33. Abdi kamari .... di bumi nini.


a) hees b) sare
c) mondok d) ngendong
34. Andi nuju … kaligrafi
a) ngagambarkeun b) ngagambar
c) gambar d) digambar

35. Naon ngaran barang nu biasa digunakeun di sawah?

a) palu b) arit
c) pacul d) bedog

Kecap paguneman saharti jeung ....


36. a) ngobral

b) ngobrol c) ngaharewos
d) ngawangkong

37. Ngaran anak munding nyaeta ....


a) ciak b) buruy
c) eneng d) utek-utek

38. Mun hujan katutuluyan, Dayeuh Kolot mah sok kabanjiran. Tuluy
sarerea pindah saheulaanan ka tempat nu aman.Kalimah nu digurat
handap sarua hartina jeung ....
a) datang b) ngungsi
c) eureun d) caah

39. Naha urang kudu nyarita make bahasa sunda nu merenah tur
sopan?
a) sangkan sayogi nalika pasanggiri b) sangkan silih hormat papada jalma
c) sangkan lancar nyarita bahasa sunda d) sangkan capetang nyarita bahasa sunda
40. Jeng, upami solat teh atuh kdah … prak prakanana.
a) Leres b) kaleresan
c) Leres-leres d) leresan
Answer Key
1. a 11. d 21. a 31. c
2. d 12. b 22. a 32. c
3. a 13. a 23. d 33. d
4. d 14. a 24. b 34. b
5. d 15. c 25. d 35. c
6. b 16. c 26. b 36. b
7. d 17. b 27. c 37. c
8. d 18. c 28. a 38. b
9. d 19. c 29. b 39. b
10. b 20. d 30. a 40. c

Anda mungkin juga menyukai