Anda di halaman 1dari 5

ULANGAN PENILAIAN TENGAH SEMESTER I (PTS)

SMK ISLAN AN-NUUR SETU


TAHUN PELAJARAN 2022/2023

Mata Pelajaran : Basa Sunda Hari/Tanggal : ……………………


Kelas : IX (Sembilan) Waktu : …………………….

I. Pilih ku cara dicakra (x) salasahiji jawaban a, b, c, d atawa e anu dianggap pangbenerna!

1. Wangun karangan nu eusina ngajelaskeun hiji objѐk nu tujuanna pikeun nambahan pangaweruh
nu macana disebut karangan….
a. narasi
b. argumѐntasi
c. dѐskripsi
d. ѐksposisi
e. ilustrasi
Baca sing imeut pedaran di handap!
Ngaruat
Tujuan ngaruat sarua jeung babarit, mѐnta kasalametan karuhun jeung nu ngageugeuh lembur,
dayeuh, atawa nagara. Bѐdana tѐh nu di ruatna bisa lembur, nagara, bisa wangunan anyar, imah
kantor, pabrik,bisa ogѐ jelema (budak). Upama budak, budak lalaki kapiheuleutan (pangengah).
Lanceuk jeung adina awѐwѐ.
Diruat ku cara nanggap wayang disebutna ngawayang ngaruat. Biasana ngundang dalang kolot
ahlina. Lalakonna teu menang nu sѐjѐn kudu lalakon “bantara kala”. Salila pagelaran wayang
can tamat nu lalajo teu menang balik. Sing saha nu wani balik bakal jadi mangsa batara kala.
Batara kala tѐh hiji buta (raksasa), kabeukina daging jeung getih jelema.
2. Numutkeun bacaan di luhur tujuan ngaruat nyaѐta….
a. Sangkan manggih kawaluyaan dina kahirupan
b. Mѐnta kamakmuran ka para karuhun
c. Mѐnta kasalametan ka karuhun jeung nu ngageugeuh kembur
d. Sangkan teu babarian keuna ku panyakit
e. Mѐnta kabeungharan
3. Hal atawa barang nu biasa di ruat, iwal….
a. Imah
b. Kantor
c. Jelema
d. Pabrik
e. Sawah
4. Jelema nu sok diruat, nyaѐta….
a. Budak lalaki kapiheuleutan (paneungah) adi jeung lanceukna awѐwѐ
b. Budak lalaki nunggal
c. Budak awѐwѐ nunggal
d. Budak lalaki nu adina maot
e. Budak awѐwѐ nu lanceukna maot
5. Jelema bisa di ruat ku cara….
a. Nanggap rѐog c. Pangaosan e. nanggap wayang
sapeupeuting
b. dangdutan d. Bajidoran
6. lalakon nu biasa dipagelarkeun kudu…. Teu menang nu sѐjѐn
a. ramayana
b. batara kala
c. mahabarata
d. kalapati
e. mahadѐwa
7. salila pagelaran can tamat mah teu menang waka balik, sabab….
a. Bakal sial
b. Bakal dimangsa batara kala
c. Bakal meunang jimat
d. Bakal dipegat siluman
e. Bakal kasurupan
8. Nu kaasup ciri-ciri karangan pedaran, iwal….
a. Ngajelaskeun pakta, runtuyan proses, pamanggih, kayakinan, jeung sajabana
b. Merelukeun pakta nu dikuatan ku angka data, pѐta, grapik, jeung sajabana pikeun nguatan
jeung nambah teleb kana informasi
c. Merelukeun analisis (talaah)
d. Ngali sumber ideu tina pangamatan, pangalaman, panalungtikan, sikep, jeung kayakinan
e. Disusun dumasar kana urusan waktu
9. Paragrap ѐksposisi nu ngajelaskeun lѐngkah-lѐngkah molahkeun hiji kaolahan ngagunakeun hiji,
barang jeung cara nyieun barang disebut ѐksposisi ….
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab
e. Akibat
10. Paragrap ѐksposisi nu ngajelaskeun babandingan antara dua hal atawa leuwih kucara nuduhkeun
hal anu sarua jeung hal anu bѐda tina dua hal nu dibandingkeun tѐa disebut ѐksposisi….
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab
e. Akibat
11. Karangan ѐksposisi tѐh disebut ogѐ wacana prosѐdural, lantaran eusina ngagambarkeun….
a. Cara nepikeun hji pasualan
b. Kaѐndahan alam jeung laut
c. Cara ngalaksanakeun hiji pagawѐan
d. Kaayaan lingkungan nu beresih
e. Mѐdar konsѐp jeung tѐori
12. Tѐhnik anu bisa dipakѐ dina nyusun wacana ѐksposisi tѐh kucara nѐangan ku ciri-ciri barang
(idѐntifikasi), mѐrѐ wangenan (dѐfinisi) jeung….
a. Nyieun papasingan
b. Nyieun kagiatan
c. Nyieun kacindeukan
d. Nyieun barang
e. Nyieun kaulinan
13. Mun urang rѐk nulis karangan ѐksposisi, aya sawatara cara nu bisa dilaksanakeun diantaran,
iwal….
a. Neteupkeun pasualan atawa perkara nu rѐk ditulis
b. Nyusun raraga atawa rangkay karangan
c. Mikiran pijuduleun nu matak kataji
d. Ngumpulkeun bahan atawa data ti unggal sumber
e. Ngumpulkeun buku jeung alat rѐkaman
14. Conto tѐma atawa judul anu cocog pikeun dijieun karangan ѐksposisi ieu dihandap, nyaѐta….
a. Cara nyieun bongsang tahu
b. Lamun keyeng tangtu pareng
c. Amis budi deukeut rijki
d. Tabrakan di cadas pangѐran
e. Monyѐt ngagugulung kalapa
15. Nulis karangan ѐksposisi tѐh tulisanana kudu kaharti, eusina kudu nganleunjeur jeung ….
a. Ngandung harti
b. Diketik dina komputer
c. Ngѐntѐp seureuh
d. Mѐrѐ pangaweruh
e. Ngalaporkeun lalampahan
16. Wayang golѐk aya dua rupa, nyaѐta….
a. Wayang papak jeung wayang kuit
b. Wayang cepak jeung wayang wong
c. Wayang papak jeung wayang cepak
d. Wayang kulit jeung wayang wong
e. Teu aya jawaban nu bener
17. Lalakon wayang golѐk boh galur atawa karanganana nyokot tina carita….
a. Mahabarata
b. Ramayana
c. Mahadѐwa
d. Mahabarata jeung Ramayana
e. Ramayana jeung Mahadѐwa
18. Pintonan wayang golѐk dipring ku….
a. Gamelan Sunda
b. Goong
c. Kulantѐr
d. Angklung
e. saron
19. Sindѐn nu ka wentar dina taun 1960-an, nyaѐta….
a. Upit Sarimanah
b. Ida Farida
c. Titim Fatimah
d. Jawaban a jeung c bener
e. Bungsu Bandung
20. Dalang wayang golѐk anu ka wentar di antarana….
a. Asѐp Sunandar Sunarya
b. Dѐdѐ Amung Sutarya
c. R.U Partasuanda
d. Jawaban a,b,c jeung e bener
e. tarkim
21. Pola pangadeggan wayang aya salapan bagian, Nu kahiji tatalu, maksadna, nyaѐta….
a. Dalang jeung sindѐn naѐk panggung, geding jejer/kawit, murwa. Nyandra, suluk/kakawѐn,
jeung biantara
b. Babakunjal, pasѐban, jeung bѐbѐgalan
c. Nakolan tatabeuhan tanda wayang rѐk dimimitian
d. Nabeuh gamelan ditѐma ku sindѐn ngahaleuang
e. Dalang macakeun kakawѐn
22. Pungsi pagelaran wayang di masarakat, iwal ….
a. Pungsi rѐligius
b. Pungsi matѐrial
c. Pungsi spritual
d. Pungsi ѐkonomi
e. Pungsi hiburan
23. Pungsi rѐligius pintinan wayang tѐmbong dina acara….
a. Ngaruat
b. Nyunatan
c. Hajat
d. Sukuran miѐling poѐ kamerdѐkaan
e. kariaan
24. Pungsi hiburan tina pintonan wayang tѐmbong dina acara, iwal ….
a. Hajat
b. Ngawinkeun
c. Kariaan
d. Ngaruat
e. nyunatan
25. Sakumaha wayang kulit di wewengkon wѐtan (jawa), wayang golѐk dipakѐ ku para wali pikeun
nyebarkeun Islam di….
a. Banten
b. Priangan
c. Bali
d. Bandung
e. Tatar Sunda
26. Karangan ѐksposisi tѐh disebut ogѐ wacana prosedural, lantaran eusina ngagambarkeun….
a. Cara nepikeun hiji pasualan
b. Cara ngalaksanakeun hiji pagawѐan
c. Medar konsѐp jeung tѐori
d. Kaѐndahan alam jeung laut
e. Kayaan lingkungan nu bersih
27. Ma Jumsih mah lamun kuli Ngrambѐt tѐh tara elat bari nyisig. Ngarambѐt tѐh hartina, nyaѐta
…..
a. Ngamimitian ngagarap sawah
b. Ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku, ditarik ku munding
c. Ngawurkeun bѐrak
d. Miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parѐ
e. Sawah tadah hujan nu caina sacukup-cukupna tina cai hujan
28. Paragrap ѐksposisi nu dimimitian ku ngajelaskeun pedaran tina hal anu sipatna umum, tuluy
dijelaskeun deui ku kalimah-kalimah anu sipatna husus atawa sabalikna disebut …..
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Umum-husus
e. akibat
29. Tѐhnik anu bisa dipakѐ dina nyusun wacana ѐksposisi tѐh ku cara nѐangan ciri-ciri barang
(idѐntifikasi), babandingan, mѐrѐ gambaran (ilustrasi), mѐrѐ wangenan (dѐfinisi) jeung…..
a. Nyieun papasingan
b. Nyieun barang
c. Nyieun kagiatan
d. Nyieun kaulinan
e. Nyieun kacindekan
30. Salasahiji mangpaat tina karangan bagasan, nyaѐta…..
a. Nambahan pangaweruh hiji jalma
b. Mѐrѐ nyaho tatacara ngalakukeun hiji hal
c. Nepikeun berita nu keur ramѐ dicaritakeun
d. Nyaritakeun lalampahan ka hiji tempat
e. Ngagambarkeun hiji tempat
31. Paragrap ѐksposisi nu medar hiji hal ku cara ngajeulaskeun sabab anu ngabalukarkeun ѐta hal
bisa tumiba jeung akibatna, disebut…..
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab-akibat
e. Akibat
32. Sawah di daѐrah kuring mah lolobana sawah guludug. Sawah guludug ngandung harti, nyaѐta
…..
a. Ngamimitian ngagarap sawah
b. Ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku, ditarik ku munding
c. Ngawurkeun bѐrak
d. Miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parѐ
e. Sawah tadah hujan nu caina sacukup-cukupna tina cai hujan
33. Wangun karangan nu eusina ngajeulaskeun hiji objѐk nu tujuanna pikeun nambahan
pangaweruh nu macana disebut karangan…..
a. Narasi
b. Argumѐntasi
c. Dѐkskripsi
d. Ѐksposisi
e. ilustrasi
34. Mang Uha keur ngagemuk di sawah, istilah ngagemuk hartina…..
a. Ngamimitian ngagarap sawah
b. Ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku, ditarik ku munding
c. Ngawurkeun bѐrak
d. Miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parѐ
e. Sawah tadah hujan nu caina sacukup-cukupna tina cai hujan
35. Paragrap ѐksposisi nu ngagunakeun penjelasan tambahan pikeun ngajѐntrѐkeun pedaran nu lain
disebut ѐksposisi ….
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab-akibat
e. Akibat
36. Istilah tatanѐn, nyaѐta….
a. Istilah husus nu aya hubunganana jeung tatanѐn
b. Hal umum anu wajib dipikanyaho ku para patani
c. Tatacara nyawah jeung ngahuma
d. Kaayaan taneuh jeung sipatna
e. Usum dina mangsa tatanѐn
37. Paragrap ѐksposisi nu ngajelaskeun lѐngkah-lѐngkah, molahkeun hiji kaolahan, ngagunakeun
hiji barang, jeung cara nyieun hiji barang disebut ѐksposisi….
a. Ilustrasi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab
e. Akibat
38. Dihandap ieu nu kaasup ciri-ciri karangan pederan, iwal….
a. Ngajelaskeun pakta, Runtuyan prosѐs, Pamanggih, Kayakinan, jeung sajabana
b. Merelukeun pakta nu dikuatkeun ku angka, data, pѐta, grafik, jeung sajabana pikeun nguatan
jeung nambah teleb kana inpormasi
c. Merelukeun analisis (talaah)
d. Ngali sumber idѐ tina pangamatan, pangalaman, panalungtikan, sikep, jeung kayakinan
e. Disusun dumasar kana urutan waktu
39. Paragrap ѐksposisi nungajelaskeun babandingan antara dua hal atawa leuwih kucara
nuduhkeun hal anu sarua jeung hal anu bѐda tina dua hal nu dibandingkeun tѐa disebut….
a. Ilstrusi
b. Prosѐs
c. Babandingan
d. Sabab
e. Akibat
40. Dina tatanѐn aya istilah ngabaladah anu hartina, nyaѐta….
a. Ngamimitian ngagarap sawah
b. Ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku, ditarik ku munding
c. Ngawurkeun bѐrak
d. Miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parѐ
e. Sawah tadah hujan nu caina sacukup-cukupna tina cai hujan

Anda mungkin juga menyukai