Anda di halaman 1dari 3

Sukur nu tanpa itungan bingah nu Taya bilangan, lir gunung tanpa tutugan Sagara

tanpa tepian . Anu ku simkuring dipihurmat sesepuh ti pihak calon panganten istri
sakulawargi, anu kusimkuring dipihurmat Kersana sesepuh ti pihak calon panganten pameget
miwah sadaya rombongan ,ibu ibu ,bapak bapak para tamu undangan sadayana Rohimma
kumullah

Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Allah Azza wajalla,
sholawat kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu
linuhung tur agung, Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina, para
sahabatna tug dugi ka urang samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin .
Alhamdulillah urang sadayana tiasa patepung lawung ngariung sareng sadaya dulur dulur
muafaqoh tur muajahah Dina ieu haflah mubaroqah Dina raraga walimatun nikah ,anu mudah
mudahan ieu riungan urang sadayana dijanten keun Idil wasail cukang anu mawa lantaran
Kana kengeng na magfiroh ti Allah SWT

Para wargi hadiri sadaya Ngadegna simkuring salahku pangatur waktu panartib wanci
panata ieu acara Dina raraga walimatunikah ,Bade ngadugikeun rupi² acara anu Bade
dilaksana keun Dina enjing² anu ieu ,diantawisna

1. Pembukaan
2. Aosan Kalam ilahi
3. Penyerahan
4. Penampian
5. Akad nikah
6. Doa sakalih tutup

Eta rupina acara anu Bade dilaksanakeun Dina enjing² ieu

Para wargi sadayana supados henteu nyangkolong teuing Kana waktos ,mangga
urang lajeng keun Kana acara ka 2 nyaeta aosan Kalam ilahi anu Bade diaoskeun ku
pangerasana .... Mangga di haturanan

Para wargi sadayana ciri sanagri cara sadesa, upami dina acara pernikahan tangtos
Aya Penyerahan ,ku kituna ka sesepuh pihak calon panganten pameget anu Bade
ngadugikeun penyerahan kalyan hurmat sumangga dihaturanan
Para Wargi sadaya tos janten kabiasaan upami Aya penyerahan tangtos Aya
penampian , ku kituna kasepuh tipihak calon panganten istri anu Bade ngadugikeun
penampian , kalyan hurmat sumangga dihaturanan

Tutus acara anu ka 4 dongkap acara anu ka 5 nya eta mangrupikeun


simbolis ,kasepuhna tipihak calon panganten pameget sareng kasepuhna tipihak calon
panganten istri Sumangga di haturanan

Para wargi sadayana,

Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka
mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana.Uga pakaitna tatali asih
Ng__cep ________

Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nudiseja mang nyata neda
panyakseni ti  para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan.

Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kecamatan .... kanggo
ngalaksanakeun Akad Tikah kalyan hurmat sumangga di haturanan

Tutug rampung kepang halang bobo sapanon carang sapakan acara tikawit dugi ka
akhir parantis rengse dilaksanakeun ,kalyan Aya Dina kalancaran. Namung sateu acanna
Mungkur simkuring salaku pembawa acara seja sanduk²na panuhun neda jembar
sihapuntenna ,kahilapan kaalfaan nu bijil tidiri simkuring, anu Alus anu mulus anu hade anu
beres eta Ngan wungkul pitulung Allah SWT.

Anda mungkin juga menyukai