Anda di halaman 1dari 2

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI CICALENGKA 05

PENILAIAN SUMATIF AKHIR SEMESTER GENAP

Tema : 7 (Tujuh) Kelas : III


Nama :
I. Bere tanda cakra (x) dina aksara a, b, c atawa d di jawaban nu dianggap bener!
Kulawarga
Kulawarga teh kumpulan masarakat anu pangleutikna. Hiji keluarga saeutikna kudu ka wengku
ku bapa, indung, jeung anak. Tapi lamun ditilik leuwih jauh, hiji kulawarga teh pakuatkait jeung nu
sejenna. Tah nu kitu teh di sebutna pancakaki. Lamun hiji kulawarga di pancakaki kadituna bakal aya
aki, nini, emang, bibi, uwa, lanceuk, adi jeung saterusna.
1. Judul wacana di luhur nyaeta…
a. kumpulan c. kulawarga
b. masarakat d. pancakaki
2. Sebutan pikeun adi bapa anu lalaki nyaeta…
a. aki c. emang
b. uwa d. apa
3. Masarakat anu pangleutikna disebut…
a. kumpulan c. kulawarga
b. masarakat d. pancakaki
4. Kamari di Dayeuhkolot hujan
Kalimah di luhur ditungtungan ku tanda…
a. Panyeluk (!) c. Peun (.)
b. Panalek (?) d. Koma (,)
5. Budak anu babari dititah, disebut…
a. Ogooan c. Daekan
b. Eraan d. Pohoan
6. Anak gajah ngarana…
a. Eneng c. Belo
b. Menel d. Begu
PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG
DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI CICALENGKA 05

7. Sukuna … ku beuling da teu di sandal.


a. Kacugak c. Katakol
b. Kabuka d. Katincak
8. Cing atuh buuk teh geura … ! Ulah diantepkeun sina kusut kitu.
a. Sapuan c. Sisiran
b. Ampihan d. Angsulan
9. Bungbuahan anu rasana haseum nyaeta…
a. Cau c. Sawo
b. Kadu d. Kadongdong
10. Anak kuda ngarana…
a. Eneng c. Belo
b. Menel d. Begu
II. Lengkapan kalimah di handap ieu ngaggunakeun kata anu aya dina kolom.
1. Keur hujan poyan aya ………………. melengkung di langit. a. Katumbiri
2. Tabuh tujuh isuk-isuk cahaya………….. mimiti karasa haneut. b. Mega
3. Dina biruna langit katembong…………….. bodas ngajumpuluk. c. Gunung
4. Hawa di puncak ……………… karasa tiris, sabab tempatna luhur. d. Panon poe
5. Sanajan ukur ……………….., tapi angger we matak baseuh kana baju. e. Girimis
III. Jawab pertanyaan di handap ieu ku jawaban anu bener.
1. Sebutkeun 2 ngaran anak sasatoan!
2. Sebutkeun 2 kadaharan has ti Jawa Barat!
3. Sebutkeun 2 usum nu aya di daerah urang!
4. Sebutkeun 2 ngaran bungbuahan!
5. Sebutkeun 2 pancakaki keluwarga !

Anda mungkin juga menyukai