Anda di halaman 1dari 6

YAYASAN PENDIDIKAN ISLAM AL-KARIMIYAH (YPIA)

MA AL HUDA
PUNGANGAN RANCABANGO PATOKBEUSI SUBANG JAWA BARAT

Jln. Rancabango Dalam No. 45 Pungangan Patokbeusi Subang Jawa Barat 41263 Tlp. 08782848544

UJIAN MADRASAH

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Satuan Pendidikan : MADRASAH ALIYAH
Program : SOS/IPS
Hari/Tanggal :
Alokasi Waktu : 120 Menit

PETUNJUK UMUM

1. Periksalah Naskah Soal yang anda terima sebelum mengerjakan soal yang meliputi
a. Kelengkapan Jumlah halaman atau urutannya
b. Kelengkapan dan urutan nomor soal.
2. Tersedia waktu 120 menit untuk mengerjakan paket tes tersebut.
3. Jumlah soal sebanyak 40 butir, pada setiap butir soal terdapat 5 (lima) pilihan jawaban.
4. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
5. Laporkan kepada Pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak,
atau tidak lengkap.
6. Mintalah kertas buram kepada Pengawas ujian, bila diperlukan.
7. Tidak diijinkan menggunakan kalkulator, HP, tabel matematika, atau alat bantu hitung
lainnya.
8. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

A. Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (X) akasara A, B, C, D atawa E !

Si Kabayan Meuleum Lauk


Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrén di hiji lembur nu rada mencil. Masih kénéh tradisonal
pasantrénna téh. Saréna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna sangu
liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan. Mun
ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana cécémpéh nu diamparan daun cau, terus
didalahar babarengan.
Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hésé, da sok dibekelan ku kolotna,
sarundéng, kéré lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan
leutik nu teu jauh ti kobongna sakalian bari néangan suluh keur ngaliwet. Mun nyair, sakapeung teu
beubeunangan, sakapeung mah meunang berenyit, lélé, hurang, jeung lauk sejenna nu kaparengan palid
ti balong.
Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas sagedé indung
leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan ucing. Si Kabayan
ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.
“Moal waka dibeuleum bisi babaturan ménta, engké uing moal kabagéan,” ceuk haténa. Atuh
baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.
“Can hayang dahar, teu ngarareunah awak,” pokna waktu ditanya kubabaturanana.
Réngsé dalahar, babaturanana kalaluar ti kobong rék arulin, Si Kabayan hudang, terus muru hawu. Ngan
seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihéésan ucing. Ku Si kabayan
ucingna digebah, tuluy mirun seuneu. Sanggeus suluhna ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari
ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala céngék ti pipir kobong, diréndos maké uyah dina coét.
Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring séng. Si Kabayan muru hawu,
leungeun katuhuna nanggeuy piring séng, leungeun kencana nyekel coét. Barang diteang, seuneuna
geus pareum kawantu suluhna ngan seeutik, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna téh
kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikoréhan. Kacida pisan
heraneunana, sabab beuleum laukna téh aya tilu.
“Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah
timana waé,” ceuk Si kabayan dina haténa.
Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si Kabayan
nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui daharna sangu
liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar kénéh, Si Kabayan nyiuk deui sangu, terus nyait beuleum lauk nu
katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum jeung bau. “Ucing bangkawarah,” pokna
gegelendeng, léos ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh kali.

1. Dongéng di luhur ka asup kana dongéng....


a. Sasakala c. Parabel e. Pamuk
b. Fabel d. Mite
2. Saha palaku utama dina éta dongéng?
a. Si Kabayan c. Bapak Si Kabayan e. Lauk emas
b. Ki Santri d. Kiyai
3. Sabara hiji lauk meunang nyair si Kabayan téh?
a. Tilu siki c. Sa siki e. Lima siki
b. Opat siki d. Dua siki
4. Di mana si Kabayan nyair lauk téh?
a. Walungan c. Balong e. Embér
b. Laut d. Solokan
5. Dongéng anu nyaritakeun asal muasal ngaran hiji tempat atawa ngaran barang sok disebut
dongéng......
a. Pamuk c. Fabel e. Parabel
b. Sasakala d. Mité
6. Conto dongéng fabel nyaéta....
a. Si Kabayan Ngala Tutut d. Nyi Roro Kidul
b. Sasakala Gunung Geulis e. Sakadang Pecang jeung Kuya
c. Ki Bagus Rangin
7. Mun di tilik tina palaku jeung caritana kagolong kana dongéng naon, dongéng Lutung Kasarung téh?
a. Légénda c. Fabel e. Mité
b. Pamuk d. Parabel
8. A : Mulih ti mana ieu téh?
B : ……………. ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Kecap anu merenah tur bener, luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan paguneman di
luhur nyaéta….
a. wangsul c. mulih e. miang
b. balik d. mulang
9. Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a. pun ibu c. pun mimih e. pun indung
b. pun biang d. pun mamah

10. Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….


a. tuang anak c. tuang rayi e. tuang raka
b. tuang mantu d. tuang putra
11. “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..
a. Wangsul c. mulih e. mios
b. dongkap d. dating
12. “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a. ceuk c. cenah e. ngabéjakeun
b. sanggem d. saur
13. aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara
Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a. Rarakitan c. Wawangsalan e. Guguritan
b. Paparikan d. Wawacan
14. Abdi téh kapiring leutik
Kaisinan ku gamparan
Wangsalna........
a. Piring c. Kuring e. Leutik
b. Pisin d. Isin
15. Jauh-jauh manggul awi
Nyiar-nyiar pimérangeun
Jauh-jauh néang abdi
Nyiar-nyiar pimelangeun
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun.....
a. Rarakitan c. Wawangsalan e. Guguritan
b. Paparikan d. Wawacan
16. Saméméh ngamparkeun kasur
Samak heula ambéh rinéh
Saméméh nyalahkeun batur
Ragap heula awak manéh
Ditilik tina eusina éta sisindiran ka asup kana....
a. silih asih c. piwuruk e. heureuy
b. sésébréd d. banyol
17. Cikur jangkung jahé konéng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan lengkéh konéng
Padahal bureuteu hideung
Ditilik tina eusina éta sisindiran ka asup kana....
a. silih asih c. piwuruk e. papatah
b. sésébréd d. naséhat
18. Dudukuy panjang gagangna
Pikir batin ngalanglayung
Eusi nu merenah tina wawangsalan di luhur nyaéta....
a. gayung c. layung e. pikir
b. payung d. Dudukuy

19. Wawangsalan anu wangsalna papanting nyaéta....


a. dudukuy panjang gagangna d. belut sisit saba darat
pikir bati ngalanglayung kapiraray siang wungi
b. abdi téh kapiring leutik e. nyiruan genténg cangkéngna
kaisinan ku gamparan masing mindeng pulang anting
c. kendang gedé pakauman
dag dig dug rasaning ati
20. Campedak nangka walanda
galatik sok ngabongohan
barudak jaman ayeuna
leutik-leutik bobogohan
Ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana sisindiran di luhur ka asup kana sisindiran.....
a. Rarakitan c. Wawangsalan e. Guguritan
b. Paparikan d. Wawacan
21. Boga duit sautak saeutik téh tabungkeun sing bisa.....ulah jajan baé.
a. Ngeureut neundeun d. Ngukur ka kujur nimbang ka bandan
b. Buruk-buruk papan jati e. Kudu bodo aléwoh
c. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
22. Euh sok tara bébéja Ninin mah ari barang injeum téh, apan ceuk paribasa ogé....
a. Ngeureut neundeun d. Ngukur ka kujur nimbang ka bandan
b. Buruk-buruk papan jati e. Kudu bodo aléwoh
c. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
23. Ih, kumaha Bela mah beut..... , can digawé tapi geus menta buruh.
a. Pacikrak ngalawan merak d. Ngukur ka kujur nimbang ka bandan
b. Mobok manggih gorowong e. Pupulur méméh mantun
c. Mipit kudu amit ngala kudu bébéja
24. Sing sabar ari baranggawé téh,.....ulah hayang gancang anggeus bari hasilna teu hadé.
a. Gancang pincang d. Kendor asal ngagémbol
b. Luhur saur bahé carék e. Cul dog dog tinggal igel
c. Hadé tata hadé basa

25. Ramo panangan néng Niki mah......meuni laléncop.


a. Mucuk eurih c. Ngadaun écéng e. Awak sampayan
b. Ngadaun suereuh d. Ngajelér paéh
26. Resep ka Iip mah da.....mun dititah téh tara hararésé.
a. Amis daging c. Beurat birit e. Laér gado
b. Leuleus awak d. Hampang birit
27. Maké baju nu kumaha ogé Néng Milka mah pantes baé tuda.....manéhna mah.
a. Mucuk eurih c. Ngadaun écéng e. Awak sampayan
b. Ngadaun suereuh d. Ngajelér paéh

Baca sempalan sajak ieu di handap!


Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya cikapundung nu canémbrang hérang
Taya jalan titincakan
Nu daratang sungkan mulang
Pribumi milih ka sisi
Geus sirna ciri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Héjo lémbok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya gé aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur cicirén
28. Dumasar pada kahiji sajak di luhur katangén sikep panyajak téh hayang ngabéjaan ka nu maca yén
dayeuh bandung téh.....
a. henteu pikabetaheun d. ukur jadi cicirén
b. loba wangunan jangkung e. loba sémah nu datang
c. henteu mitineng lembur
29. Ku naon pangna Dayeuh Bandung téh geus teu pikabetaheun?
a. Lantaran walungan Cikapundung caina hérang tur loba tatangkalan nu héjo lémbok
b. Lantaran walungan Cikapundung kotor jeung geus langka tatangkalan nu liuh
c. Lantaran loba nu ngajungkiring padumukan jeung jalan tol
d. Lantaran loba urang lembur nu ngadon usaha di Bandung
e. Lantaran loba urang luar nu datang ka Bandung
30. Dumasar pada ka dua sajak di luhur, naon anu ngarangrangan téh?
a. Walungan Cikapundung anu caina hérang d. Tatangkalan anu héjo lémbok
b. Jungkiringna padumukan e. Pribumi nu milih ka sisi
c. Napsu nu ngaberung
31. Naon ciri nu matri kaayaan di Tatar Sunda téh?
a. Walungan anu caina kotor d. Loba nu ngaberung napsu
b. Loba wangunan jangkung e. Jungkiringna padumukan
c. Tanah jeung tatangkalan nu héjo lémbok
32. Salah sahiji karya sastra anu ka asup kana wanda puisi nyaéta....
a. Carpon c. Éséy e. Bahasan
b. Novél d. Sajak
33. Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak disebut....
a. Jejer c. Suasana e. Rima
b. Rasa d. Amanat
34. “Punten bu bukuna kacandak”
Kecap kacandak nuduhkeun kana kecap....
a. Pagawean teu dihaja c. Kecap sifat e. Kecap transitif
b. Kecap pagawean di haja d. Kecap kaayaan
35. Ragam bahasa resmi tina kecap abdi atawa kuring nyaéta…..
a. sadérék c. salira e.simkuring
b. pangersa d. déwék
36. Di handap ieu ragam bahasa teu resmi pikeun gaganti jalma ka dua nyaéta, iwal…..
a. sadérék c. énté e. anjeun
b. silaing d. salira
37. “Kuring keur dahar di dapur”
Kalimah di luhur mun di robah kana ragam basa lemes nyaeta....
a. Abdi nuju tuang di dapur c. Abdi nuju dahar di dapur e. Kuring nuju tuang di dapur
b. Abdi nuju neda di dapun d. Abdi keur neda di dapur
38. Kecap pagawéan aktif anu mibanda harti loba anu ngalakukeunana nyaéta….
a. patingjelegér d. balayar
b. tingburinyany e. Perlambang
c. tingkocéak
39. Kecap barang anu ngandung harti “anu jadi...” nyaéta….
a. balayar b. pertanda c. perbawa d. perwatek e. badarat
40. Rarangkén hareup pating- anu ngandung harti loba tuluy-tumuluy aya dina kecap....
a. patingjorowok d. patingkélémés
b. patingkocéak e. patingcalengir
c. patingsérédét

B. Essey
41. Teangan wangsalna tina sisindiran wawangsalan ieu dihandap!
Maung tutul saba kasur
Diri teu ngeunah cicing
Wangsalna : ...........

Abdi mah anténeu buled


Seja béla ka salira
Wangsalna : .............

Komputer osok di jingjing


Rék di bawa top téh teuing
Wangsalna :.............

Alun-alun paleuweungan,
Gagal temen mun teu jadi
Wangsalna: .............

Aya nu dianjing cai


Aya nu keur dihéroan
Wangsalna : ...........

42. Tulis cangkang tina sisindiran di handap ieu!


a. ............................................
............................................
Pangarti teu beurat naggung
Tapi mangpaatna manjang
b. ............................................
............................................
Ulah sok beuki ngaroko
Goréng kana kaséhatan

43. Tulis bubuka kumaha pokpokanana upama hidep jadi panata acara dina walimatunnikah!

44. Jieun paguneman antara siswa jeung guru!

45. Tulis kalimah tina babasan jeung paribasa ieu di handap!


a. Bodo aléwoh
b. Buru-buruk papan jati

Anda mungkin juga menyukai