Anda di halaman 1dari 14

PEMERINTAH KOTA BEKASI

DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

I. Pilih jawaban nu pang benerna ku cara nyakra (x) aksara A, B, C, D atawa E

1. Tarjamah kalimat “ Angin berhembus sepoy – sepoy membelai wajahnya penuh kemesraan”
nyaeta ….
A. Angin niup lalaunan ngusapan beungeut kalawan rasa kadeudeuh
B. Angina ngagelebug neumbrag rarayna anu geulis lir bidadari
C. Angin ngegelebug nebak dangdaunan patingarulang lir ngagupayan
D. Angina ngahiliwir nebak rarayna nu pinuh katanglangsaraan
E. Angina ngahiliwir ngusapan pameunteunan pinuh kaheman
2. Nurutkeun kamus kecap “deras” jeung “meluap” dina kalimah “Hujan deras juga membuat
sungai citarum meluap dalam beberapa hari ini”, ngandung harti ….
A. Tarik jeung leber
B. Gede jeung lega
C. Tarik jeung lebleban
D. Tarik jeung lega
E. gede jeung leber
3. “Dinas Pendidikan kota Bandung kesulitan mendapatkan data siswa yang layak mendapatkan
bantuan dana pendidikan” , kecap anu teu kudu ditarjamahkeun kana basa sunda dina eta
kalimah nyaeta ….
A. Dinas pendidikan
B. Kota Bandung
C. Data siswa
D. Yang layak
E. Pendidikan
4. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri – ciri dongeng, nyaeta ….
A. Sakabeh eusina carita bohong
B. Teu jelas nu ngarangna (anonym)
C. Sumebarna tatalepa sacara lisan
D. Ngandung unsur pamohalan
E. Awalna kagolong sastra

Si Kabayan Maling Nangka


Hiji poe si Kabayan jalan – jalan, tuluy si Kabayan manggih tangkal nangka di kebon batur.
Nangkana geus aya nu asak nu matak si Kabayan kabitaeun. Terekel wea tuh naek kana
tangkal nangka, nangka geus asak teh diala, terus di purak diluhur tangkalna. Basa si
Kabayan keur ngadahar nangka meunang maling, kapergok ku nu bogana.
Hoyah si Kabayan maling nangka !
Henteu tembal si kabayan.
Eta naon nu di heungheum?
Heh heh cikindra, tembal si Kabayan. Maksudna mah sikina, lantaran biwirna rapet ku
geutah nangka.

5. Dongeng si Kabayan diluhur kaasup dongeng ….


A. Fabel
B. Babad
C. Parabel
D. Sasangkala
E. Picontoeun
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

6. Ciri – ciri dina dongeng di luhur teh, nyaeta ….


A. Minculak
B. Pekasieuneun
C. Pamohalan
D. Pikaseurieun
E. Pikakeuheuleun

7. Aksara sunda ngalagena /ba/ mirip wangun jeung ….


A. Ma
B. Ya
C. Ta
D. Wa
E. Nya

8. Dihandap ieu mana anu kaasup kanan sistematika nyieun laporan ….


A. Jejer kagiatan, bubuka, eusi kagiatan jeung panutup
B. Jejer kagiatan, bubuka, eusi laporan hasil kagiatan, jeung saran
C. Jejer kagiatan, pamilon jeung calagara, dasar hukum, wengku kagiatan penutup
D. Jejer kagiatan, tempat jeung waktu kagiatan dasar, hukum hasil kagiatan kacindekan
jeung saran
E. Jejer kagiatan, tempat jeung waktu kagiatan, pamilon jeung calagara, kasang tukang
pedaran, panutup

9. “ Teu panggih mah surat ondanganana titipkeun bae” ceuk ema kan teh Sani. Kecap bae
dina kalimah diluhur mangrupakeun kalimah ….
A. Kecap panganteb
B. Kecap panganteur
C. Kecap pangantet
D. Kecap panyeluk
E. Kecap lulugu

10. Mamat : …. Kamari teu sakola cim ?


Acim : nyaeta kuring teh gering, katarajang nyeuri beuteung
Mamat : ngadahar naon kitu make nyeuri beuteung, tambarakan tuda maneh mah
Acim : basa kuring ti emang kuring dahar rujak meunang meuli ti warung sisi jalan
deukeut sasak tea
Mamat : meureun loba teuing ngadaharna
Acim : teu pira Cuma setengah piring
Pikeun ngisi kalimah anu kosong teh, ngagunakeun kecap
A. Naha
B. Saha
C. Kunaon
D. Nu saha
E. Kumaha
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

Agus siswa kelas X keur ngawawancara Kang Ikin, pupuhu kasenian calung di lemburna.
Agus : Kasenian naon anu di pingpin ku Akang teh
Kang Ikin : Calung
Agus : Ti iraha diadegkeunana
Kang Ikin : Geus lila, kira – kira lima taun anu kaliwat
Agus : Sabarah urang pamaena
Kang Ikin : Tadina mah aya tujuhan, ngan ayeuna mah kari genepan deui dan aya nu kaluar
saurang
Agus : Sok dimana wae magelaranana Kang?
Kang Ikin : Kumaha aya nu nanggapna wae, sakapeung di nu kariaan, di gedomg kasenian
atawa alun –alun upama lamun ngareuah- reuah acara agustusan
Agus : Ceuk akang, naha loba keneh teu anu mekaresep kasenian calung teh
Kang Ikin : Ari anu mikaresep mah loba, ngan kasenian calung beuki nyiroot
Agus : Kumaha carana sangkan seni calung teh leuwih dipikaresep ku balarea
Kang Ikin : Seni calung kudu diluyukeun jeung kaayaan atawa karesep masarakat urang
kiwari. Upamana wae lalaguana, bobodorana. Kudu seger ulah eta –eta keneh

11. Wawancara antara Agus jeng Kang Ikin teh ngeunaan, iwal …..
A. Ngawawancara Kang ikin
B. Kesenian calung dipingpin ku Kang Ikin
C. Ngadegna kasenian calung nu di pingpin ku Kang Ikin
D. Jumlah anggota kasenian calung nu dipingpin ku Kang Ikin
E. Tempat mangelaranana kasenian calung ku Kang Ikin

12. Wangkongan atawa dialog, antara pihak nu neangan inpormasi jeung pihak nu mere
informasi disebut …..
A. MC
B. Biantara
C. Moderator
D. Paguneman
E. Wawancara

Imah di Mumunggang Pasir


Ku : Etti R.S

Asih kuring imah nenggangna mumunggang disiger ku palawija kabagjaan


Terong jagong kacang jeung roay
Tuwuh meuhpeuy alaeun mun pareng nahnay
Mun seug poe mentrang mentring
Ngelik suling na kamalir awaking
Ngawihkeun hariring alam sinangling
Samak saheulay ngagelar na palupuh ditepas
Ngamparan nu reureuh bari neuteup mangsa lawas
Sumilir gunung nebak wuyung
Nyingraykeun karisi nu meulitan diri

13. Kecap tepas dina wacana diluhur, hartina …..


A. Dapur
B. Buruan
C. Pipir imah
D. Juru Panto
E. Ruang imah nu pang hareupna
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

14. Rasa nu kagambarkeun dina wacana diluhur, nyaeta …..


A. Waas
B. Asih
C. Sedih
D. Ketir
E. Nalangsa

15. Tema tina wacana diluhur teh, nyaeta …..


A. Kaasih ka imah kuring
B. Kaheman ka lembur kuring
C. Bagja kana pepelakan
D. Bungah ka alam endah
E. Kasedih nu teu merenah

Puji teu kendat urang sanggakeun ka gusti nu Maha Suci. Puja salawasna urang sanggakeun ka
Allah nu maha kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka
jungjungan alam, Nabi anu mulya, Muhammad saw.

16. Paragrap diluhur ka asup kana …..


A. Panutup Biantara
B. Eusi Binatara
C. Bubuka Biantara
D. Bubuka jeung panutup
E. Bubuka jeung eusi biantara

17. Struktur biantara anu bener nyaeta ….


a. Bubuka, eusi, jeung panutup
b. Bubuka, eusi, jeung salam panutup
c. Salam panutup, bubuka, jeung eusi
d. Salam pamuka, mukodimah, jeung eusi
e. Salam pambuka, eusi jeung salam panutup

18. Nyiapkeun materi kalayan taliti, saterusna dijadikeun catetan leutik anu eusina poko materi
anu rek ditepikeun dina biantara, nyaeta mangrupa metodeu bintara …..
a. Nalar
b. Naskah
c. Impromptu
d. Ngapalkeun
e. Ekstemporan

19. Hadirin sadayana


Rupina sakitu nu kasanggakeun. Tutus langkung kepang haling, bobo sapanon carang
sapakan, paripaosna, bilih aya catur nu teu kasasar, pondok nyogok panjang nyugak, upami
neda agung cukup lumur muga jembar hampura, wabillahi taufik walhidayah.
Wassalammuaalaikum warohmatullahi wabarokatuh
Dina sempalan biantara diluhur, kalimah anu mangrupakeun paribasa, nyaeta aya ….
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
e. Lima
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

20. Salahsahiji pancen panumbu catur, nyaeta …..


A. Mantuan nulis
B. Nepikeun masalah
C. Ngawanohkeun diri
D. Ngawanohkeun pangjejer
E. Ngajawab pananya ti pamilon

21. - wanter (percaya diri)


- Kudu rea maca tina sawatara sumber
- Materi sawala kaangkem
- Volume sorana pas, intonasi/lentongna jelas
- Apal kana tatakrama basa
Diluhur mangrupakeun sasabaraha hal lamun urang rek jadi …..
A. MC
B. Pupuhu
C. Pamilon
D. Girang serat
E. Panumbu catur

22. Basa sunda teh mangrupakeun basa Indung pikeun urang sarerea. Basa anu kudu dijaga,
dimumule sangkan teu musnah di Tatar Sunda anu dipikacinta ku urang salaku warga Jawa
Barat. Tangtu seueur bangbaluhna dina ngamumule basa Sunda hususna dikalangan para
siswa SMA. Sanajan aya pangajaran basa sunda tetep wae upama teu dirojong ku para guru
mah mola aya bongbolonganana. Contona para siswa teh geus jarang ngagunakeun basa
Sunda dina kahirupan sapopoena, utamana disakola aya nu nyarita basa Sunda tapi kadangu
garihal malah kasar. Aya anggapan dikalangan siswa lamun ngomong make basa Sunda teh
sok disebut kampungan teu gaul numutkeun para siswa mah. Oge teu ditunjang ku buku –
buku ngeunaan basa Sunda di pabukon sakola.
Paragrap dilihur mangrupakeun pedaran nu rek disawalakeun. Kalimah anu jadi poko
pasualan pikeun sawala, nyaeta …..
A. Basa anu kudu dijaga, dimumule sangkan teu musnah di Tatar Sunda anu dipikacinta ku
urang salaku warga Jawa Barat
B. Tangtu seueur bangbaluhna dina ngamumule basa Sunda hususna di kalangan para siswa
SMA
C. Oge teu ditunjang ku buku – buku ngeunaan basa Sunda di pabukon sakola
D. Basa Sunda teh mangrupakeun Basa Indung urang sarerea
E. Sanajan aya pangajaran basa Sunda

23. Kecap “bangbaluh” saharti jeung kecap …..


A. Samangsa – mangsa
B. Dibangbrangkeun
C. Beungbeurat
D. Bimbang
E. Bengkung
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

24. Wacana carpon

BABALIK PIKIR

Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola
mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan t éh.
Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék,
jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna
téh teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur
mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.
Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana
keur
tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna
nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan
sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.
“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan. Dug
hulu
pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna dibagi-
bagikeun.”
Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu
Rida?
Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk
pamikirna bébéja ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu
kacida butuh pisan ku bantuanana. Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak
salambar. Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu bisa majar kumaha, da geus tigejebur,
geus baraseuh. Esti ngeluk baé tungkul hareupeun bapana. Manéhna teu wanieun
ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh hudang gering
téa. Satuluyna mah ngagukguk ceurik menta dihampura ka bapana.

Kumaha pasifatan Esti dina carpon diluhur …..


A. Bageur jeung berehan
B. Sombong
C. Tara gaul
D. Sieunan
E. Pelit

25. Breh saung hateupna tina palastik urut, dihalangan make kardus diamparan samak butut. Di
jero ngan saukur aya samping kebatanu geus lila teu diseuseuh,nepi ka corakna tau kaciri
gambar naon. Tah saung teh perenahna di tukangeun imah kuring, kahalanganku kebon
salak. Kajongjonan kuring ngadeng, teu karasa cai panon geus maseuhan leungeun. Kuring
buru – buru balik ka imah.
Sempalan carpon di luhur ngagambarkeun unsur …..
A. Tema
B. Galur
C. Latar
D. Palaku
E. Amanat
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

26. Dihandap ieu anu kaasup kana ciri – ciri carpon jeung novel, nyaeta iwal …..
A. Jalan caritana mung sajalur ari novel mah pajuriwet
B. Latarna saeutik, ari novel mah panjang
C. Palakuna tara loba ari novel mah sabalikna
D. Sifatna fiktif ari novel mah nyata
E. Sifatna teu kaharti, ari novel mah nyata

27. Hal – hal anu teu kudu disusun jeung dicaritakeun geunaan tokoh dina biografi, nyaeta …..
A. Saha jeung urang mana eta tokoh teh
B. Naon bae kaistimewaan eta tokoh
C. Unggulna eta tokoh dina lingkungan mana wae
D. Teu resep kana lebah manana eta tokoh
E. Karya jeung prestasi anu dihasilkeun eta tokoh

28. Kiwari eta jujuluk teh di pake stadion mengbal nu ayana di Kabupaten Bandung. Sugan wae
ku dipakena eta ngaran, atlit urang anu tandang makalangan di eta stadion teh leber wawanen
jeung gesit dina nyinghareupan lawan – lawana, teu ngeplek jawer ngandar jangjang miyuni
hayam kabiri, tapi jagjag waringkas tur sportif.
Anu jadi pikiran utama dina paragrap diluhur nyaeta ….
A. Stadion mengbal nu aya di Kabupaten Bandung
B. Atlit nu jagjag waringkas
C. Oto Iskandar Dinata
D. Si jalak harupat
E. Atlit

29. Lengkah – lengkah nulis karangan pedaran diantarana ,


1. nangtukeun tema, ulah lega teuing
2. nangtukeun tujuan tina tulisan, naon wae anu rek ditulis
3. ngumpulkeun bahan tulisan pedaran bisa diteangan sababaraha sumber
4. nyitak hasil karangan dina printer
5. ntieun rangkay karangan
Anu kaasup kana lengkah – lengkah nulis karangan pedaran anu bener bener dituduhkeun ku
nomor …..

A. 1-2-3-4
B. 1-2-3-5
C. 2-3-4-5
D. 1-3-2-4
E. 1-3-2-5

30. Ma Jumsih mah lamun kuli ngarambet teh tara elat bari nyisig, ngarambet teh hartina …..
A. Miceunan jujukutan dina sela – sela dapuran tangkal pare
B. Sawah tadah hujan nu caina sacukupna tina cai hujan
C. Ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku
D. Ngamimitian ngegarap sawah
E. Ngawurkeun beras
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

31. Abdi mah upami …. kasakola teh sok enjing – enjing kinten –kinten tabuh tujuhan .
Jawaban anu merenah pikeun ngeusian titik – titik diluhur, nyaeta ….
A. Mangkat
B. Angkat
C. Mulih
D. Indit
E. Mios

32. Tulisan anu eusina mangrupa tinimbangan ngeunaan kualitas hiji buku disebut ….
A. Artikel sastra
B. Kritik sastra
C. Resensi
D. Artikel
E. Essay

33. Conto drama buhun di handap ieu, nyaeta iwal ....


A. Teater
B. Longser
C. Sandiwara
D. Langenswara
E. Gending karesmen

34. Nyi Iteung pamajikan Kabayan teh keur kakandungan ngora. Manehna teh nyiram hayang
pisang nangka, tapi si Kabayan nu dumasar kebluk, tara daek ngala nangka. Dina hiji isuk,
Nyi Iteung nyampeurkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Amanat tina drama diluhur, nyaeta iwal ….
A. Ulah kebluk
B. Kudu daekan
C. Ulah malidkeun nangka
D. Ulah ula – ala ari lain pelak sorangan
E. Kudu nurut ka kolot jeung ka pamajikan

35. Numutkeun drama diluhur, si Kabayan teh ngagaduhan watak …..


A. Julid
B. Malas
C. Rajin
D. Daekan
E. Hoream

36. Ema langsung indit. Nyi Iteung bari ceurik. Si Kabayan ngadagoan nangka di sisi susukan,
tapi nangkana teu datang – datang.
Cutatan drama diluhur disebut …..
A. Dialog
B. Epilog
C. Prolog
D. Monolog
E. Solilokul
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

37. Jumlah panakawan dina wayang golek aya opat, iwal ….


A. Semar
B. Gareng
C. Dawala
D. Cepot
E. Bagong

38. Dihandap ieu sababaraha sarat nu kudu dicumponan, upama hidep hayang jadi panulis
artikel, kajaba ….
A. Miboga kabiasaan maca
B. Miboga kaweruh intelektual
C. Kamampu tehnis saperti bisa ngetik, bisa computer
D. Miboga mental kuat, tekad, karep, sumangat, jeung kahayang
E. Miboga sumanget jeung tekad nu kuat pikeun meunang honor nu gede tina nulis artikel

39. Tulisan atawa karangan mandiri anu ditulis dikoran atawa majalah anu mangrupa opini hiji
jalma nu medar kalawan singget tur tuntas hiji masalah, boh nu sifatna aktual atawa
kontroversial disebut ….
A. Essai
B. Opini
C. Artikel
D. Karya ilmiah
E. Tajuk rencana

40. Ngaran tutuwuhan dauna rada beureum, daunna meh sarua jeung daun cangkudu, jeung hate
tangkalna gede, sok dijieun talajak sabab aya maunatna matak sieuneun paling, lamun
dipakarangan aya eta tutuwuhan, pakarangan eta katembong cakeueum siga aya nu
tungguna disebut …..
A. Handeuleum
B. Parawanten
C. Mandepun
D. Parukuyan
E. Menyan

I. Jawab kalayan bener !


41. Tarjamahkeun kana basa sunda
a. Ibu berangkat ke pasar mulai jam 05.00 untuk belanja sayuran
b. Semua siswa SMA harus mentaati peraturan yang ada
c. Saya berangkat kesekolah jam 06.00 supaya tidak terlambat
42. Dihandap ieu aya contoh teks biantara, mangga di baca jeung tentukeun ciri – ciri tina hasil
maca biantara di handap !

Assàlamu’alaikum Wr.Wb
Bismillàhirohmaanirrohin

Bapak kepalà sekolah, bapàk, ibu guru ànu ku simkuring dipihormàt, rerencangàn
anu ku simkuring dimulyàkeun.

Puji sinàreng syukur uràng sanggahkeun kà gusti Allah nu mahà suci, màrgi urang
sadayà tiasà kempel dinà ieu acarà. Sholawat sinàreng salàm mugià dilimpahkeun
kà junjungan àlam kànjeng Nabi Muhammàd SAW. Mudàh-mudahàn dugi kà para
sohabatnà, para tabii’n tug dugi kà urang sadayanà anu nganut kà mantennà.
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

Bapak Ibu sàreng rerencangàn sadayanà perkawis kabersihàn ngarupakeun hiji hàl
anu peryogi ku uràng diperhàtoskeun, naon marginà? Kabersihàn ieu ngarupikeun
hiji konci kahirupàn uràng di alam dunyà. Dimanà urang bisà ngarawat kabersihan
lingkungàn sakola atanapi lingkungàn rumah tanggi hartosnà urang tos
ngalaksanàkeun tina sabagian imàn. lamun dina hadistnà nyaeta: Anu hartinà:
kabersihàn teh mangrupà bagean tinà kaimanan.

Ku kitunà kawajiban urang salàku siswa kedah ngalàksanakeun kabersihan sakola.


Lingkungàn sakola bisa beresih làmun urang bisa ngajaganà. Ku kituna kabersihàn
sakola kudu dipiarà kalawan sae. insyaalloh uràng sadayana anu nempatàn ieu
tempat bakàl sehat, tebih tinà panyakit anu datàng tina kotorna lingkungàn.
Sakitu wàe ti simkuring mugià aya manfaatna khususnà kà simkuring umumna kà
urang sadayà. hapunten bilih ayà kalepatàn sareng kakirangàn.

wabillàhi taufik wàl hidayah

43. Ka mana jalan ka yogya


Ka ditu ka pangrumasan
Ka mana jalan ka surga
Ka ditu ka pangaosan

Sisindiran diluhur teh ka asup kana wangun naon ?

44. Sebutkeun jeung jelaskeun gambar upacara adat tradisi sunda di handap ieu !

45. Dihandap ieu aya teks anu eusina nyaritakeun pandawa lima, mangga di baca sing
taliti terus jieun silsilah kaluarga dina diagram !

Apura, Karajaan Kuru

Pandawa nyaéta hiji kecap tina basaSansakerta (Dewanagari: पाण्डव; diéjahPāṇḍava),


anu sacara harafiah boga harti anak "Pāṇḍu" (Pandu), nyaéta salah sahiji Raja
Astinapura dina wiracaritaMahabarata. Ku kituna, Pandawa mangrupa putera makuta
karajaan kasebut. Dina wiracarita Mahabarata, para Pandawa nyaéta protagonist
sedengkeun antagonis nyaéta paraKurawa, nyaéta putera Dréstarastra, baraya bapa
maranéhanana (Pandu). Kalima Pandawa ngadahup ka Drupadianu diparebutkeun
dina hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Para Pandawa mangrupa inohong penting
dina wiracarita Mahabarata, nyaéta dina perang rongkah di Kurusétra antara para
Pandawa jeung para Kurawa jeung wadyabalad maranéhanana. Carita kasebut jadi
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

carita penting dina wiracarita Mahabarata, salian ti carita Pandawa maén dadu jeung
Kurawa.

USBN
TAHUN PELAJARAN 2019/2020

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas/Semester : XII
Program : IPA DAN IPS
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

KUNCI JAWABAN

1 A 11 E 21 D 31 C

2 E 12 B 22 A 32 D

3 B 13 C 23 C 33 A

4 A 14 E 24 B 34 D

5 A 15 D 25 D 35 C

6 D 16 C 26 E 36 A

7 D 17 E 27 D 37 E

8 B 18 B 28 B 38 E

9 A 19 C 29 C 39 A

10 C 20 E 30 D 40 A

ESSAY

41. Tarjamahan
a. Ibu angkat ka pasar ti tabuh 05.00 pikeun balanja sayuran
b. Sakabeh siswa SMA kudu taat kana aturan nu aya
c. Abdi angkat ka sakolah tabuh 06.00 sangkan henteu kabeurangan
42. Ciri – ciri biantara
a. Ngabogaan tujuan anu jelas
b. Eusina ngabogaan kebeneran
c. Nyiptakeun suasana efektif pikeun pendengar
d. Ngagunakeun intonasi, artikulasi, jeung isi anu jelas
43. Rarakitan
44. Tradisi ngariksa anu reuneuh
45. Silsilah kakaluargaan
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016
PEMERINTAH KOTA BEKASI
DINAS PENDIDIKAN
SMA NEGERI 16 KOTA BEKASI
Jalan Arteri Tol JORR Jati Melati Pondok Melati Bekasi Telp. 021-84306875
Email : sman16_bks@yahoo.com
NPSN : 20275048 – NSS : 301026511016

Anda mungkin juga menyukai