Anda di halaman 1dari 2

BIANTARA BOJONGHAUR KAMPUNG PENDIDIKAN Sugrining puji sinareng syukur ka sanggakeun ka dzat Ilaahi Rabbi nu asih teu pilih

kasih nu heman taya kendatna nu nyaah taya sudana kasadaya makhluk nu kumelip di alam pewenangan ieu. Sholawat sinareng salam mugia kinuluran salamina ka junjunan agung panutan alam kangjeng Nabi Muhammad SAW ka kulawargina ka para sahabatna kalayan mugia urang sadaya di angken jadi anu pinareng jaga kenging syapaat mantenna. amin ya Rabbal alamin. Wewengkon kampung Bojonghaur Ds. Neglasari Kec. Lengkong teh saperti lahan tatar sunda umumna, sok sanajan logam basana rada ngagaleong beda jeung lagam basa sunda nu aya di tatar pakotaan, tapi wewengkon kampung Bojonghaur kaasup subur mamur, lahan harepan nu jadi pangrojon nghaontalna impian karaharjaan. Kanca Mitra Rohimakumullah, atuh teu talangke deui masyarakat teh ceuk paribasa tea mah ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara babarengan sabibilungan ngawangun sarana pendidikan, kayaning madrasah, pondok pasantren, masjid, sareng nusanesna. Ganti bulan ganti taun mangsa teh teu karasa nepika nincak kana taun 1960-an pendidikan beuki ngaronjat, masyarakat ngawangun sarana pendidikan pormal nyaeta anu sajajar jeung pendidikan dasar. Madrasah Ibtidaiyah, kalayan kengeng pangrojong ti pamarentah mangrupi tanaga pendidikna guru-guruna anu di gajih ku pamarentah. Kanca Mitra Rohimakumullah, masyarakat ngawitan binangkit dina sagala rupihal ngemut kana atikan agama. Siar elmu ti mimiti gubrag ka dunya nepika serengkedong kubur, ku hal eta teu kawilang sabaraha mangsa, sakumna masyarakat, ngayakeun babadamian nu di luluguan ku para tokoh agama sareng pamarentah daerah nyaeta ngarencanakeun ngadegkeun sakola stingkat SLTP. Taun 1977 ngawitan dibuka Madrasah Tsanawiyah (MTs). Gumayungan mangrupi yayasan anu disebat Yayasan Assobandiyah. Ngaran Yayasan dumasar ka salah sawios nami Danatur nyaeta H. Sabana Alm. Kanca mitra Rohimakumullah, ku ayana tarekah ti para sesepuh, ahirna murid sareng wangunan pisik beuki rekah, didukung ku para alumni anu tos nyandang sarjana. Nincak kana taun 90-an ngadeug Madrasah Aliyah (MA) satingkat SLTA. Alhamdulillah murid lulusan MTs, sareng SLTP nu sanesna neruskeun sakola teu kudu ka kota, cukup di lembur sorangan. Ditambah deui tahun ajaran 2009/2010 tos ngadeg deui sakola kajuruan nyaeta SMK Harapan Bangsa widang keahlian Teknik Informatika jurusan Teknik Komputer sereng Jaringan, tempat ayeuna simkuring nyuprih elmu atawa sakola. Kanca mitra sadaya, cindek na mah Kampung Bojonghaur teh tos teu pati hariwang, pikeun ngesi SDM teh tos nyampak 1. Widang pendidikan kawit TK dugika SLTA/SMK
2. Widang kesehatan klinik, pustu, kader-kader kasehatan

3. Widang ekonomi mangrupikeun puseur pabalanjaan, kabutuhan sandang, pangan

jeung papan, teu kedah kamana-mana cekap kubalanja di Bojonghaur, ti kawit jarum pentul dugika kandaraan motor jeung mobil ge sadia. Antukna payus sareng Visi Misi Kab. Sukabumi nyaeta Nalaksanakeun parobahan kangge ngawujudkeun masyarakat anu ahlakna mulya, produktip, sareng raharja. Kanca mitra anu mulya rupina ti simkuring cekap sakitu mugi-mugi aya manpaatna. Bobo sapanon carang sapakan hapunten anu kasuhun.

Anda mungkin juga menyukai