Anda di halaman 1dari 2

Assalàmu’alaikum Wr. Wb.

Assholàtu wassalamu alà ashrofil anbiyà’i walmursalin. Wà’ala alihi


washohbihi àzma’in. Ammà ba’du.

Ibu Guru pangajàr Basa Sunda ànu dipikahormàt ku sim kuring, sàreng
rerencangàn sadaya anu dipikacintà ku sim kuring.

Làngkung tipayun, hayu uràng sasarengan manjatkeun rasà syukur kà


Allah SWT kulantaràn ni’mat sàreng hidayahna uràng sadaya tiasa
ngumpul dinà kasempetan ieu. Teu hilàp, sholawat sinareng salàm mugia
salamina dilungsurkeun kà junjungan urang sadayà, Nabi Muhammad
SAW. Kà para kulawargina, ka parà sohabatna, sareng kà urang sadaya
salaku umatnà dugi ka akhir jamàn. Amiin ya robbal ‘alàmin. Dina
kasempetàn ieu, sim kuring bàde ngadugikeun biantarà singget
ngeunaàn “Penting na ngajaga kabersihan lingkungan“.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade
nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.
Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng
awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna
di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman. Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina
Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana,
nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate
urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih
atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu
nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina
bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta
kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate,
bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten
jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan
tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur,


pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna
atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai