Anda di halaman 1dari 1

Kahatur

Bapa/ Ibu
Pengawas
di tempat

Assalamualaikum wr.wb.

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama teu karaos mangsa nu


karandapan, gunta-gantina waktu, poe ganti minggu, minggu ganti bulan, bulan
ganti taun. Mungguh waktu asa nyeak, kamari asa cikeneh, lir kilat ngebat
sajorelat.

Seueur pisan panineungan mangsa urang sasarengan, ruang-riung di rupa-


rupa kagiatan bari sempal guyon gogonjakan, leut kaditu, leut kadieu matak endah
kana hate. Penineungan anu moal luntur kaibunan, moal gedag kaanginan.
Kasaean bapa sinareng ibu sadayana bakal nyerep kana angen janten obor na
jalan sorangan.
Disarengan ridhana Allah S.W.T, nampi kaasih gusti narimakeun kanyaah
anu maha kawasa.
Carios mangsana ngemban tugas nagara, tilu puluh salapan taun lamina.
Sasih Maret 2017 wekasan bebas tugas ti nagara, nu ngantun tinggal waasna.
Simkuring ( H. Dedi Suryadi, S.Pd.,M.M.Pd sinareng kulawarga ) seja mundur amit
mungkur.

Teu luput tina sagala kalepatan, kahilapan, kantenan anu ngaraos raheut
manah, kakeset tina saur nu teu kaukur, basa nu teu kareka mugi luntur galih
kersa ngahapunten lahir sinareng bathin. Neda jambar panghampura. Kalayan
dipamrih du’a ti sadayana mugia simkuring dipaparin kasehatan lahir bathin tiasa
ningkatkeun ibadah ka nu Maha Kawasa kalayan khusnul khotimah. Amin Ya
Alloh Ya Robbal ‘Alamin..

Hapunten bilih aya tata basa nu kirang merenah kana manah bapa/ ibu
sadaya.

Cikajang, 11 April 2017


Wassalam,

Pun

H. Dedi Suryadi, s.Pd.,M.M.Pd

Anda mungkin juga menyukai