Anda di halaman 1dari 8

LAPORAN HASIL WAWANCARA

Kelompok : 2
Kelas : X IPA 3
Anggota : Fahmi Fauzan Faturrahman Syah
Kinanti Wulan Suci M.R.G.A
Puspa Madya Nurhuda
Rosa Tanzila
Salsabila Aulia Putri
Syifa Aulia Fitrotunnisa Ruswinawatie
Zakfat Bintang Ibrahim

SMA Negeri 1 Cicalengka


Tahun Pelajaran 2017/2018

Kecap Panganteur
Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT, anu parantos masihan rahmat sareng
karuniana, sangkan panyusun tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti ibu
guru b, sunda. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam
nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka sahabatna sareng mudah-
mudahan dugi ka urang sadayana.

Panyusun nyadar rengsena laporan ieu teh lain ku sorangan tapi seeur bantosan ti rekan-rekan,
sangkan kitu panulis ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu tos ngabantosan panulis dina
ngarengsekeun laporan ieu.

Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun nyampurnakeun tugas wawancara dina pelajaran bahasa
sunda ieu, anu di harepkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan boh dina pamikiran keur
nyampurnakeun tugas ieu kaharepna deui.

Pamungkas, mugia makalah aya mangpaatna kanggo urang sadayana,aamiin. Tangtos wae dina ieu
makalah masih seueur keneh kakiranganana.
BAB 1

BUBUKA

A. Kasang Tukang

Wawancara teh hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masyarakat. Ngan
teu kabeh masyarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawanwancara. Wawancara mah
biasana dilakukeun ku wartawan,reporter,atawa jalma lianna nu nganggap perlu, umpamana
mahasiswa nu keur ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola anu meunang pancen ti
guruna, atawa ti lembaga sensus penduduk nu ngawawancara warga.

B. Tujuan

Tujuan dijieunna ieu laporan hasil wawancaa the pikeun :

a. Ngawawancara salah sawios guru di SMAN 1 Cicalengka

b. Neangan informasi ti narasumber

c. Minuhan tugas bahasa sunda


BAB 2

EUSI

A. Biografi Narasumber

 Wasta : neneh : Asep Muhammad Irfan Hilmi, S.Pd.I

Landian : Emang, Joa, Boa, Aa.

 Tempat, tanggal lahir : Bandung, 7 November 1989

 Padumukan : -Kp. Warung Cina RT 01/RW 02 Desa Linggar Kec.


Rancaekek

- Perumahan Pesona Hijau Residen. Jl. Cangkuang, Rancaekek.


(Pengker Borma)

 Pakasaban : Guru Sosiologi, guru PAI, guru ngaos

 Pendidikan terakhir : S1, di STAI Sukabumi

 Hobi : Futsal & maca

B. Materi Pokok

"Gejala Sosial anu dialaman ku Pelajar"

C. Tempat & Waktu Wawancara

Wawancara ieu dilaksanakeun di buruan kelas X IPA 3 dina dinten Salasa, 9 Januari 2018.
D. Patalekan

1. Salaku guru sosiologi, numutkeun Bapa, gejala sosial naon wae anu dialaman
ku pelajar hususna dina perilaku?

2. Naon wae anu janten sabab gejala sosial eta teh aya di kalangan pelajar?

3. Kumaha sikep pelajar anu kedahna dilakonan pikeun ngaminimalisir gejala


sosial ?

4. Salaku guru sosiologi, kumaha cara Bapa nerapkeun sikep anu kedahna
dilakonan eta teh?

5. Numutkeun Bapa, salian ti pelajar eta nyalira, saha deui anu gaduh peran
penting tina usaha ngaminimalisir gejala sosial eta?

6. Biasana, gejala sosial naon anu seueur kajadian di kalangan pelajar SMP
sareng SMA jaman kiwari?

7. Naha pelajar sok cenderung nurutan kalakuan nu sanes, anu teu acan tangtos
leres?

8. Numutkeun Bapa, upaya naon wae anu tos dilakukeun ku pamarentah pikeun
mereskeun gejala sosial ieu?

9. Upaya mereskeun gejala sosial tina peran pendidikan anu dilakukeun ku


pamarentah teh naon wae, Pa?

10. Harapan naon anu bade didugikeun ku Bapa kangge para pelajar?
E. Hasil Wawancara

Gejala sosial nyaeta masalah anu aya di masarakat, termasuk dikalangan pelajar. Numutkeun Pa
Asep, salah sawios guru Sosiologi di SMAN 1 Calengka. Gejala sosial anu aya dikalangan pelajar
nyaeta penyimpangan seksual. Ieu tiasa kajantenan ku sabab kurangna iman sahingga para pelajar
ngalakukeun kegiatan diluar norma. Dina sosiologi, urang diajar ngeunaaan gejala sosial anu aya
sangkut pautna sareng agama (pelajaran PAI). Ku ayana lingkungan anu kirang sae oge sanajan
urang bageur, laun-laun bakal kacandakeun.

Sikep anu kedah dilakonan ku urang salaku pelajar kangge ngaminimalisir gejala sosial nyaeta
ngiring kana program pamarentah anu bakal ningkatkeun dina bidang pendidikan. Salaku guru
sosiologi, Pa Asep ngabimbing para siswa dilebet sareng diluar kelas. Salian ti guru, anu gaduh
peran penting dina mereskeun masalah ieu nyaeta diri urang nyalira sareng sepuhna.

Gejala sosial anu seueur kajantenan dikalangan SMP & SMA nyaeta masalah narkoba (obat-
obatan). Ieu tiasa kajantenan ku sabab pelajar masih milarian kayu diri, janten sok coba-coba.

Kangge mereskeun masalah ieu, pamarentah tos ngabentuk BNN (Badan Narkotika Nasional). Ku
ayana full day school oge, masalah ieu laun-laun tiasa ngiringan, lambang laun teu kajantenan deui.

Ku ayana kagiatan-kagiatan sae anu tos dilakukeun tadi, mudah-mudahan kapayuna bakal langkung
sae, aamiin.
F.Dokumentasi
Bab 3
Panutup
Kacindekan
Gejala sosial nyaeta masalah anu aya di masarakat, termasuk dikalangan pelajar. Numutkeun Pa
Asep, salah sawios guru Sosiologi di SMAN 1 Calengka. Gejala sosial anu aya dikalangan pelajar
nyaeta penyimpangan seksual. Ieu tiasa kajantenan ku sabab kurangna iman sahingga para pelajar
ngalakukeun kegiatan diluar norma.

Anda mungkin juga menyukai