Anda di halaman 1dari 4

LAPORAN KAGIATAN

HUT KEMERDEKAAN REPUBLIK INDONESIA

Disusun Ku :
TORI
SRIWATI
ZAINAL
HARIS
RENDI AP.

SMK INDUSTRI LOGAM SITURAJA SUMEDANG


TAHUN AJARAN 2019/2020
A. Judul
Milangkala HUT RI

B. Kasang Tukang
Kamerdekaan Indonesia direbut ku para pajoang teh bari ngorbankeun jiwa jeung ragana
kalawan tanpa pamrih. Kukituna, urang salaku bangsa Indonesia kudu ngajaga jeung
ngarawat kamerdekaan Indonesia. Aya sawatara cara pikeun ngajaga jeung ngarawat
kamerdekaan Indonesia. Salah sahiji cara pikeun ngajaga jeung ngarawat kamerdekaan
Indonesia nyaeta ku mieling poe kamerdekaan Indonesia nu geus katelah sok disebut "17
Agustusan". Dumasar kana kasang tukang pamikiran eta, warga Komplek Margaluyu
Tasikmalaya ngayakeun kagiatan "17 Agustusan".

C. Tujuan
Kagiatan "17 Agustusan" ieu diayakeun miboga tujuan sangakan 1) Warga Komplek
Margaluyu Tasikmalaya bisa inget jeung ngahargaan kana jasa para pajoang kamerdekaan
Indonesia, 2) Miboga rasa sukur ku ayana kamerdekaan, 3) Ngarawat jeung ngajaga
kamerdekaan sangkan ulah nepi ka dijajah deui.

D. Waktu jeung Tempat Kagiatan


Kagiatan ieu tèh dilaksanakeun ti tanggal 10-17 Agustus 2019. Sedengkeun tempatna
nyaeta di Balai Warga jeung di lapangan badminton di hareupeun balai warga.

E. Pamilon
Anu jadi pamilon dina ieu kagiatan dibagi dua, nyaeta pamilon nu jadi panata calagra
atawa panitia jeung pamilin lomba. Jumlah pamilon nu kalibet dina ieu kagiatan teh
nyaeta aya 150 urang
4.1. Panata Calagra
Pupuhu: Ahmad Amirudin
Girang Serat : Leni Marlina
Panata Harta : Teti Roheni
Seksi Acara : Amir, Budi, Cepi, Dedi, Edi, Fahmi, Ani, Beti, Celia, Deti, Eni, Feny
Pamilon Lomba
Badminton : 10 urang
Tenis meja : 10 urang
Lomba Dahar Kurupuk : 20 urang
Balap Karung : 20 urang
Lomba sendok kaleci : 20 urang
4.3 Pamilon Pentas Seni
Seni tradisional Sunda : 15 urang
Seni NAsional : 15 urang

F. Waragad
Waragad kagiatan Mieling Poe Kamerdekaan Indonesia ieu teh nyaeta meunang tina
iuran para warga Komplek Margaluyu Tasikmalaya anu gedena 100.000/urang sarta dana
bantuan tina kas warga. Eta waragad teh digunakeun pikeun ngabiayaan kagiatan ieu, ti
mimiti nepi ka lekasan.
Ieu kagiatan tèh geus mèakkeun waragad Rp. 12.550.000,-
Wincikan waragad :
Konsumsi Rp. 5.000.000,-
Hadiah Rp. 3.000.000,-
Pakakas Rp. 1.000.000, -
Nyieun Hiasan jeung Panggung Rp. 3.000.000, -
Lain lain Rp. 550.000,-
Jumlah Rp. 12.550.000,-

G. Kagiatan
Aya dua rupa lomba atawa pertandingan, nyaeta nu dilaksanakeun samemeh tanggal 17
Agustus 2019 (badminton jeung tenis meja) jeung dina poe tanggal 17 Agustus 2019
(Lomba Balap Karung jeung sajabana ti eta), sarta aya oge pentas seni dina tanggal 17
Agustus peuting, anu wincikanana dijentrekeun di handap ieu:
a. Lomba atawa pertandngan nu diayakeun dina samemeh tanggal 17 Agustus nyaeta
pertandungan badminton jeung tenis meja.
b. Lomba nu diayakeun dina poe tanggal 17 Agustus nyaeta lomba ngadahar kurupuk,
lomba balap karung jeung lomba sendok kaleci.
c. Pikeun nutup acara 17 Agustusan, dina tanggal 17 Agustus peutingna diayakeun pentas
seni, ramah tamah antar warga sarta pangumunman nu meunang lomba atawa
pertandingam.
H. Panutup
Sanggeus diayakeun kagiatan Mieling Poe Kamerdekaan Indonesia atawa "17
Agustusan", bisa dihasilkeun kacindekan yen tujuan ieu kagiatan teh saeutik-loba bisa
kacumponan, nyaeta Warga Komplek Margaluyu Tasikmalaya 1) bisa inget jeung
ngahargaan kana jasa para pajoang kamerdekaan, 2) bisa miboga rasa sukur ku ayana
kamerdekaan, 3) bisa ngarawat jeung ngajaga kamerdekaan. Salian ti eta kaakraban antar
warga oge bisa jadi leuwih raket.

Anda mungkin juga menyukai