Anda di halaman 1dari 1

07 September 2015

Rombongan Kwarcab Kota Serang dibageakeun ku


Jentrengan Kacapi

Ketua Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat, negeskeun yèn
kagiatan kapramukaan geus sakuduna asup kana widang pamarèntahan, sabab anu
dipigawè dina organisasi kapanduan ieu, bakal nguatan mental para pagawè  sangkan
ngajauhan korupsi. Sabab, saur Adè, Pramuka dididik sangkan pamikiran, ucap jeung
laku lampah saluyu kudu bersih.
“Pramuka mah ngadidik anggotana sangkan suci pamikiran, suci ucapan jeung suci laku
lampahna,” saurna. Hal èta ditegeskeun Ade mangsa narima rombongan ti Kwarcab Kota
Serang Provinsi Banten di Sekretariat Kwarcab Pramuka Kota Bogor, Jalan Papandayan
Kacamatan Bogor Tengah Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. Sawatara ngeunaan
kaayaan Kwarcab Kota Bogor, Adè nyaritakeun yèn ku gawè bareng, silih rojong jeung
pangurus ti mimiti Kwarcab jeung Kwarran, Kota Bogor meunang panghargaan tempat ka
tilu panggiatna sa-Jawa Barat, anu samemèhna nempatan ka 20 tina 24 Kwarcab Kota
jeung Kabupaten anu aya.
“Ieu bukti nyata, ku kadariaan jeung gawè rancagè babarengan mah, sagalana bisa
diungkulan,”tegesna. Salah sahijina dina sual palatih, taun 2010 ngan aya 7 urang, dina
taun 2015 ayeuna geus aya 900 urang, tur di unggal Kwarran anu aya keur
ngalaksankeun Kursus Mahir Dasar (KMD). Salian ti anu disebutkeun di luhur, rojongan
jeung kawijakan Pamarèntah Daerah ogè kawilang nangtukeun kana kalumangsungan
kagiatan.
“Pikeun kagiatan Pramuka, Pemkot Bogor nyadiakeun waragad samilyar tina APBD-na,
kukituna henteu hèsè ngalèngkah dina ngalaksanakeun kagiatan,”sanggemna.  Kiwari,
Kwarcab Kota Bogor keur ngadorong Pemkot Bogor sangkan netepkeun Perda Pramuka
sakumaha anu geus dilarapkeun di Kabupaten Cianjur, teu cukup ukur ngandelkeun
Undang-undang Kapramukaan wungkul.
Sawatara èta Ketua Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Serang, Tubagus Urip negeskeun
yèn henteu salah lamun diajar ka Kota Bogor, sabab anu dilaksanakeun ku organisaasi
anu dipingpin ku Ade Sarip ieu, kawilang nyongcolang.
“Pramuka Kota Serang mah umurna kakara 9 bulan, sabab Pemdna sorangan kakara
misahkeun diri ti Kabupaten Serang kakara sataun. Kukituna masih kènèh kudu loba
diajar salah sahijina ka Kota Bogor,”sanggemna. Rombongan ti Kota Serang ieu,
dibagèakeun ku jentrèng kacapi anu ngawihkeun Bogor Lumigar Mekar, ku Sang
Prameswari Tunggal Dewi anggota panggalang Gugus Depan SMPN 20 Kota Bogor, kawih
Karatagan Pahwalan ku Siti Nurjanah, sarta Bayu Anugrah ti SMP Bina Greha anu
macakeun Uga Pajajaran anu dipirig ku jentringna kacapi, Sang. (dhP)

Anda mungkin juga menyukai