Anda di halaman 1dari 2

BIANTARA PERINGATAN MAULID NABI MUHAMMAD SAW

Bismilllahirrohmanirrohim,

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh,

Langkung ti payun mangga urang sami-sami sanggakeun puja sinareng puji kahadrat Illahi Robbi

Alloh SWT, nu mana dina danget ieu urang masih tiasa dipasihan kasehatan sareng kakiatan

kanggo ngumpul dina raraga paringatan Maulid Nabi Muhammad SAW. Solawat sinareng salam

mugia teras di kocorkeun ka nabi urang sadayana wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka

kulawargina, ka sahabatna, katut ka urang sadayana urang tumut sareng taat kana ajaran

mantena.

Hadirin anu sami-sami rawuh, terutami Bapa Kepala Sakola miwah ibu sareng bapa guru sadaya

nu ku sim kuring dipihormat, oge teu hilap sadaya pengurus OSIS sareng sadaya siswa di SMPN

…. Bandung anu sami-sami hadir dina acara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW. Abdi

salaku ketua penyelenggara peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW kalintang bingahna ningal

sadaya siswa sareng sadaya guru-guru tiasa ngalinggihan dina acara ieu.

Bapak miwah Ibu guru sareng siswa siswi anu ku sim kuring dipihormat,

Dina sasih ieu nyaeta sasih mulud, urang Islam tos pada terang sadaya yen panutan urang sadaya

nyaeta Kang Jeng Nabi Muhammad SAW dipedalkeun alam dunia, anu janten tawis bakal

nanjerna ajaran Islam di muka bumi. Nabi di lahirkeun ka alam dunia, nyaeta sebagai utusan

Alloh kanggo nyampurnakeun akhlak sadaya manusa. Nabi Muhammad SAW waktos dilahirkeun

ka alam dunia seueur kajadian anu araheng anu nunjukeun yen Nabi Muhammad nyaeta jalmi

pilihan anu bakal nyandak sadaya umat kajalan anu terang bengerang, khususna waktos eta

nyaeta di wilayah jajirah arab teh nuju jaman jahlliyah. Ku dipedalkeun nana kangjeng Nabi
Muhammad SAW ngajantenkeun jajirah arab khususna, umumna sadaya umat di dunya tiasa

ngalaksanakeun ajaran Alloh SWT.

Bapak miwah Ibu guru sareng siswa siswi anu ku sim kuring dipihormat,

Urang sadaya salaku umat Nabi Muhammad SAW tos sapantesna upami urang sadaya ngiring

bingah kuparantos dilahirkeun nana Nabi Muhammad SAW. Urang tos pada terang sadaya

perjuangan Nabi kanggo umatna dugi mantena bade tutup usia teras emut kanu janten umatna.

Kagiatan nu dilaksanakeun ieu teu aya sanes anu janten tawis yen sim kuring sareng urang

sadaya masih micinta atanapi mahabah ka kangjeng nabi Muhammad, anu antukna urang

mudah-mudahan diangkeun jantena umat mantena.

Bapak miwah Ibu guru sareng siswa siswi anu ku sim kuring dipihormat,

Kagiatan peringatan Maulid Nabi ieu, dilaksanakeun sabab seueurna rojongan ti sadaya guru

sareng sadaya siswa-siswi SMPN … Bandung, anu mangrupa dorongan materi atanapi tanagi. Sim

kuring salaku panitia ngahaturkeun rebu nuhun kana sagala bantosanna. Mudah-mudahan

waesagala amal sae urang sadaya janten hiji ladang amal sareng di wales ku Alloh SWTku

ganjarana anu satimpal.

Rupina mung sakitu wae biantara anu tiasa ku sim kuring didugikeun, mugia ageng dihapunten

kasadayana upami aya basa anu kirang merenah eta mah tangtos kalepatan sim kuring, upami

aya nu leresna eta hakekatna ti Alloh SWT.

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai