Anda di halaman 1dari 4

LOMBA BULAN BASA SMPN 3 MAJALENGKA

(Laporan)

Diajeungkeun pikeun Nyumponan Salahsahiji Pancén Mata Pangajaran


Basa Sunda

Ku

Ridho Faqih Abdilah

8A

SMPN 3 MAJALENGKA

2022

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh


Alhamdulillahi rabbil'aalamiin, wash-sholaatu wassalaamu 'ala isyrofil
anbiyaa i walmursaliin, wa'alaa alihi washohbihii ajma'iin ammaba'adu.

Anu ku simkuring dipihormat Bapa Kepala sekolah smp negeri 3


majalengka sinareng ku simpkuring dipihormat bapa/ibu guru SMPN 3
Majalengka sinareng rérénganna

Langkung ti payun mangga urang sami sami panjat keun puji sinareng
syukur ka Allah SWT, anu parantos maparin rahmat sareng inayah ka
urang sadaya dugi ka tiasa riung mulungpung paamprok jongkok
patepang raray dina raraga "Final lomba bulan basa SMPN 3
Majalengka". Dina kaayan sehat walafiat

Sholawat miwah salam mugia salamina ngocor ngamalir ka


kunjungan urang sadayana Habibana Wanabiyana Muhammad SAW".
ka para kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi't tabi'nna dugi ka
urang sadaya salaku umatna anu insyaallah taat sareng tumut kana
ajaranna. Amin ya Allah yarobbal a'lamin

Hadirin sadayana, Sateuacana sim kuring neda widi kanggo cumarios


dina ieu acara. Dupi runtuyan acara nu badé dipidangkeun di antawisna
nyaeta:

Acara ka-1 :Bubuka, parantos dikawitan, ayeuna nuju lumangsung

Acara ka-2 : Pinton Seni ti Ekstrakurikuler Tari

Acara ka-3 : Biantara Pamapag ti Bapak Kepala sakola SMPN 3


Majalengka/ Bapak Rizal Saputra

Acara ka-4 : Final lomba ngadongeng make basa Inggris ku Marsha


Meiliana ti kelas 8J

Acara ka-5 : Final lomba biantara basa Sunda ku Ibam Sakti ti kelas 8H

Acara ka-6 : Final lomba maca puisi ku Ezar Bimantoro ti kelas 8B

Acara ka-7 : PANUTUP/Doa

Bismillahirrahmanirrahim, supados teu nyangkolong teuing kana


waktos mangga urang ngawitan acara nu kahiji nya éta bubuka kalawan
sasarengan maosken Bismillah.
Lajengkeun acara kadua nya éta Pinton Seni ti ekstrakurikuler tari.
Ka ekstrakurikuler Tari mangga dihaturanan

............... Pinton Seni

……………

Hadirin sadaya, pentas seni parantos didugikeun. Saluyu sareng acara


nu parantos ditangtoskeun, ayeuna dilajengkan kana acara ka-3 nya
éta Biantara Pamapag ti Bapak kepala sakola SMP 3 Majalengka.
Ka Bapak Rizal Saputra Mangga dihaturanan

.............. Eusi Biantara pamapag/Bapak kepala sakola

..............

Hatur nuhun ka bapak kepala sakola SMPN 3 Majalengka anu


parantos ngadugikeun gerentas haténa.

Hadirin sadaya, Saluyu sareng acara nu parantos ditangtoskeun,


ayeuna dilajengkan kana acara ka-4 nya éta final lomba ngadongeng
make basa Inggris ka "saderek" Marsha Meiliana ti kelas 8J Mangga
dihaturanan

…………… Eusi ngadongeng make basa inggris ku Marsha Meiliana 8J

…………..

Alhamdulillah final lomba ngadongeng make basa Inggris parantos


didugikeun mudah-mudahan hasil lomba nyugemakeun.

Hadirin sadaya, Saluyu sareng acara nu parantos ditangtoskeun, ayeuna


dilajengkan kana acara ka-5 nya éta final lomba Biantara Basa Sunda
ka "saderek" Ibam Sakti ti kelas 8H Mangga dihaturanan

…………….. Eusi biantara basa sunda ku Ibam Sakti 8H

……………..

Alhamdulillah final lomba Biantara Basa Sunda parantos didugikeun


mugia hasil na nyugemakeun.
Hadirin sadaya, Saluyu sareng acara nu parantos ditangtoskeun, ayeuna
dilajengkan kana acara ka-6 nya éta final lomba Maca Puisi ka
"saderek" Ezar Bimantoro ti kelas 8B Mangga dihaturanan

……………… Eusi maca puisi ku Ezar Bimantoro 8B

………………

Alhamdulillah final lomba Maca Puisi parantos didugikeun mugia hasil


na nyugemakeun.

Hadirin sadayana, acara demi acara parantos dipidangkeun sadayana.


Ayeuna urang teraskuen kana acara pamungkas nya eta doa panutup.
Kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maoskeun
Alhamdulillahirabbil alamin.

Doa babarengan…………….

Hadirin sadaya nu dipihormat. Alhamdulillah sadaya acara parantos


réngsé kalawan lancar. Teu hilap Simkuring ngahturkeun nuhun kana
sadaya perhatosan sareng kahadiranana. Mugia tiasana ngahdiran ieu
acara tiasa ngajangtenkeun amal sholeh kanggo urang sadaya.ku
Simkuring neda dihapunten boh bilih aya cariosan anu kirang merenah.
Akhirul kalam, wabillahi taufiq wal hidayah. Wassalamualaikum
Warahmatullahi Wabarakatuh.

Anda mungkin juga menyukai