Anda di halaman 1dari 2

LATIHAN SOAL IHWAL WAWANCARA

Siswa : Nurutkeun bapak, tarekah naon kinten-kintenna sangkan rumaja teu


kalibet kana narkoba ?

Narasumber : Barudak salaku generasi ngora kudu dididik ku ajaran agama,


sangkan kandel kaimanannana. Barudak kudu apal yen narkoba teh barang haram
anu dilarang ku agama jeung ku pamarentah, sabab bisa ngaruksak mental jeung
runtuhna nagara.

1. Wacana paguneman di luhur kaasup kana wangun …..


a. Rapat
b. Biantara
c. Wawancara
d. Sawala
e. Debat
2. Naon anu jadi jejer utama dina wacana di luhur ?
a. Narkoba
b. Generasi ngora
c. Sakola
d. Ngadidik rumaja
e. Ajaran agama
3. Di handap ieu anu teu kaasup kana nyarita wangun dialog, nyaeta…..
a. Wawancara
b. Rapat
c. Ceramah
d. Pidato
e. Debat
4. Nyarita dina wawancara lumangsung dua arah, nyaeta…..
a. Aya nu nanya aya nu ngadengekeun
b. Aya nu nanya aya nu ngajawab
c. Masing-masing jalma nanya
d. Nu ditanya meunang nanyakeun deui
e. Nu ditanya malikan nanya deui
5. Hal-hal anu dianggap perlu disadiakeun samemeh wawancara, kajaba…..
a. Keur kaperluan naon
b. Saha nu rek ditanya
c. Naon bae nu kudu ditanyakeun
d. Nyiapkeun babawaan pikeun nu ditanya
e. Nyiapkeun alat perekam
6. Wawancara dina basa inggris, disebutna…..
a. Interview
b. Interval
c. Intervensi

d. Intermedia
e. Interaksi
7. Kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara
langsung sok disebut…..
a. Wawancara
b. Paguneman
c. Sawala
d. Konferensi
e. Seminar
8. Ku ayana kamekaran teknologi, wawancara ge bisa dilasanakeun jarak jauh
ngaliwatan media internet anu disebut…..
a. Video compress
b. Video converter
c. Video conference
d. Media sosial
e. Media massa
9. Struktur wawancara anu bener nyaeta…..
a. Bubuka-eusi-panutup
b. Bubuka-dialog-pamungkas
c. Salam-pananya-panutup
d. Pangjajap-dialog-pamungkas
e. Salam-eusi-panutup
10. Sanggeus ngalaksanakeun wawancara ka saurang narasumber, hasilna teh bisa
dijieun laporan. Wangun laporan wawancara teh bisa disusun dina wangun…..
a. Dialog (tanya-jawab) wangun narasi
b. Dialog (tanya-jawab) wangun persuasi
c. Dialog (tanya-jawab) wangun argumentasi
d. Dialog (tanya-jawab) wangun kalimah pananya
e. Dialog (tanya-jawab) wangun kalimah ajakan

ALHAMDULILLAH RENGSE

Anda mungkin juga menyukai