Anda di halaman 1dari 4

PEMERINTAH KABUPATEN BOGOR

DINAS PENDIDIKAN
KECAMATAN CIBINONG
SD ………………………………………
PENILAIAN AKHIR TAHUN
TAHUN PELAJARAN 2020/2021
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Kelas : IV ( Empat)
Nama Siswa : ........................................... Waktu : 90 Menit
Hari / Tanggal : ........................................... No. Absen : ....

NILAI KOMPETENSI DASAR PARAF


ORANG
3.5 3.6 3.7 3.8 GURU
TUA

KD 3.5
Baca ku hidep wacana di handap, ilo sing gemet!
OTO ISKANDAR DI NATA
Oto Iskandar Di Nata mangrupakeun salasaurang pajoang Indonesia anu teuneung ludeung
nyanghareupan pamarentah Walanda. Pa Oto Iskandar lahir dina tanggal 31 Maret 1897, di
Bojongsoang, Bandung, Jawa Barat.
Anjeunna meunang jujuluk ‘Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna dina ngabela bebeneran.
Anjeunna geus bajoang dina pergerakan nasional ngaliwatan lembaga resmi pamarentahan Walanda
nu disebut Volksraad.
Dina salasahiji pidatona dina sidang Volksraad, Pa Oto tatag pisan nyarita “yen Nagara Indonesia
kudu merdeka, kudu leupas tina genggeman penjajah”. Upama ayeuna urang sok ngagorowokkeun
pekik “Merdeka!”, eta teh asalna ti Pa Oto Iskandar, basa pidato dina sidang.
Dina jaman penjajahan Jepang Pa Oto Iskandar terus bajoang, di antarana milu ngadegkeun Barisan
Pembela Tanah Air, anu ilahar sok disebut PETA.
Diadegkeunana PETA teh taya lian pikeun ngagedurkeun sumanget ka para pajuang sangkan terus
bajoang ngahontal kamerdekaan. Sabada nagara urang merdeka Pa Oto milu nyusun Undang-
Undang Dasar 1945.
Sanggeus pamarentahan Soekarno-Hatta nyusun kabinet anu munggaran, Pa Oto diangkat jadi
Menteri Negara. Hanjakal dina taun 1945 katompernakeun, basa nagara urang keur harengheng, Pa
Oto aya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang
I. Jawab pananya di handap dumasar kana wacana di luhur!
1. Saha ngaran pajuang nu dicaritakeun dina wacana di luhur?
2. Naon sababna dipasihan jukunan Jalak Harupat?
3. Nyarita naon Pa Oto dina sidang Volksraad?
4. Pikeun naon diadegkeun PETA?
5. Mangsa naon Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara ?
II. Cakra (x) salah sahiji aksara A, B, C, atawa D di hareupeun jawaban anu bener!

6. Pahlawan di gigir ngarana ....


A. Oto Iskandar Di Nata C. KH. Zainal Mustafa
B. Gatot Mangku Praja D. KH. Hasan Arief

III. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!

7. Ngaran pahlawan digigir nu asalna ti daerah Bandung nyaéta ....


8. Salah sahiji sikap pahlawan nyaéta ....
9. Kana ... mah Mang Ikin kaitung mahir, da baheulana tukang ngala kalapa.
Kecap rajekan dwi réka nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
10. ... hargina acuk téh?
Kecap tanya nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
11. Rudi watekna hadé.
Watek ngandung harti ....
IV. Jawab pananya-pananya di handap!
12. Tuliskeun 3 kecap nu biasana digunakeun dina kalimah pananya!
KD 3.6.
I. Cakra (x) salah sahiji aksara A, B, C, atawa D di hareupeun jawaban anu pang
benerna!
13. Maca sajak sorana kudu ....
A. béntés C. meumeueusan
B. lalaunan D. ngadehem
14. Maca sajak di hareupeun umum bari pepeta disebut ....
A. nerangkeun C. ngadeklamasikeun
B. nulis D. nawiskeun
15. Kembang kaca ... mah bodas jeung seungit
Kecap kantétan nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
A. hideung C. nako
B. piring D. mata
II. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!
16. Dahar sangu ... ogé ari keur lapar mah ngeunah
Keur ngalengkepan kecap kantétan dina kalimah di luhur nyaéta ....
17. ... balap mah diboséhna leuwih hampang
Keur ngalengkepan kantétan kecap dina kalimah di luhur nyaéta ....
18. Kiwari mah ...ogé geus carang, lantaran geus diganti ku kompor
Kecap pakakas dapur nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
19. Muti :“Ri, iraha bapa angkatna(...)
Riri :”Kamari.
Tanda baca keur ngalengkepan guneman di luhur nyaéta ....
20. ..., nyeri patuangan tadi tos ngaemam rujak!
Kalimah panyeluk nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
III. Jawab pananya di handap!
21. Tuliskeun 3 kecap panyeluk! …_____________________________________

KD 3.7
I. Cakra (x) salah sahiji aksara A, B, C, atawa D dihareupeun jawaban anu bener!
22. Bapa ...nuju nerangkeun pelajaran basa Sunda di kelas
Kecap barang keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
A. bapa C. kades
B. guru D. camat
23. Setiap jalmi pasti ngagaduhan... nu hayang dihontal keur ngaraih impian.
Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
A. harta C. cita-cita
B. banda D. imah
24. Nu boga cita-cita gedé, diajarna ....
A. kedul C. sakahayang
B. haré-haré D. soson-soson

I. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!


25. Urang ngagaduhan cita-cita supaya boga tujuan keur ....
26. Cita-cita Gilang mah hayang jadi ... supaya bisa ngubaran nu gering.
Kecap barang keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
27. Buku gudang élmu, maca éta koncina.
Nu nuduhkeun kecap barang dina kalimah di luhur nyaéta ....
28. Ulah boga niat goréng ka batur, bisi tamiang meulit ka bitis.
Maksud paribasa dina kalimah di luhur nyaéta ....
29. Budak téh teu daék cicing, ngan kaditu kadieu baé.
Pribahasa tina kalimah di luhur nyaéta ....
II. Jawab pananya-pananya di handap!
30. Cita-cita Yuda mah hoyong janten pembalap, tapi balapna balap motor. Yuda resep pisan
nongton balap motor dina TV. Nongtonna sok sareng bapa.
Tuliskeun tilu kecap barang dumasar kana kalimah di luhur!

KD. 3.8.
I. Cakra (x) salah sahiji aksara A, B, C, atawa D dihareupeun jawaban anu pang
benerna!
31. Rajapolah ayana di Tasikmalaya Jawa Barat nu geus kasohor ngahasilkeun karajinan....
A. jaket C. bedil
B. topi D. anyaman
32. Salian ti anyaman awi, karajinan ti Tasikmalaya nu sejenna nyaéta ....
A. jaket C. kelom geulis
B. topi D. kendi
33. Basa keur ka babaturan atawa ka saluhureun dina ngayakinkeun hiji hal nyaéta ....
A. hormat C. teu sopan
B. kasar D. goreng

II. Eusian titik-titik di handap ku jawaban nu merenah!


34. Hasil karajinan ti Cibaduyut Bandung nyaéta ....

35. Rajapolah mangrupakeun penghasil karajinan anyaman nu ayana di daerah ....

36. Gambar di gigir paranti ....


37. Bener ieu mah meunang meuli ti Cibaduyut.
Salah sahiji kecap nu kaasup bahasa loma tina kalimah di luhur nyaeta ....
38. Rajapolah kasohor ku karajinan.
Kasohor ngandung harti ....

III. Jawab pananya-pananya di handap ieu!

39. Tuliskeun tilu ngaran parabot dapur nu dianyam!


…_______________________________________________________________________
40. Poé Ahad isuk-isuk, warga Ciroyom geus ngarumpul di sisi jalan. Lolobana bapa-bapa
jeung pamuda. Aya meureun kana tilu puluh urangna. Saréréa pada nyekel pakakas,
kayaning pacul, congkrang jeung bedog. Aya nu rek ngababad jukut, meresihan kamalir
jeung nyaeur jalan.
Dumasar kana paragraf di luhur, tuliskeun tilu kecap pagawéan!
…_______________________________________________________________________

Anda mungkin juga menyukai