Anda di halaman 1dari 5

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS) GANJIL

TAHUN PELAJARAN 2022/2023

Kelas : V (lima) Hari/Tanggal : ..................................


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : ..................................
Nama Siswa KD Nilai Paraf Guru Paraf Orang Tua
3.1
3.2
3.3
3.4

KD 3.1 Memahami isi teks tentang kaulinan barudak yang menggunakan benda di sekitar
I. Pilih ku cara dicakra (x) salah sahiji jawaban a,b,c, atawa d anu dianggap pang benerna!

Pek baca karangan deskripsi di handap!

Kaulinan barudak lembur

Loba kaulinan barudak anu ngalibatkeu ngaran ucing sebut bae ucing-ucingan, ucing sumput, ucing
peungpeun, ucing 25, ucing kurung, jeung sajabana.

Ucing kurung

Dina kaulinan ucing kurung, pikeun nangtukeun anu jadi “ucing” kujalan hompimpah jeung suten.
Satuluyna barudak pacekel-cekel leungeun nepi ka ngawangun buleudan, kalayan “ucing” cicing di
satengahing eta buleudan. Nu jadi ucing kudu bajuang pikeun kaluar tina eta lingkaran, tangtu wae
kudu awas, tug nepi ka bisa manggihan lolongkrang pikeun moncor. Hanjakal babaturan nana oge
geus siap ngahadang, upama ucing rek coba-coba norobos. Jadi perlu konsentrasi jeung tanaga.

1. Anu teu kaasup kana kaulinan ucing-ucingan, nyaeta ....


A. ucing kurung C. ucing begal
B. ucing sumput D. ucing 25
2. Pikeun nangtukeun nu jadi ucing saupama nu maena lobaan ku cara ....
A. hompipah C. endog-endogan
B. suten D. paciwit-ciwit lutung
3. Anu kudu dilakukeun nu jadi “ucing” dina kaulinan ucing kurung, nyaeta ....
A. neguh babaturan ku cara di cekel
B. meungpeun kana tengok atawa tihang
C. asup kana lingkaran
D. kaluar tina jero kurungan babaturan nana
4. Anu dilakukeun pamaen nu teu jadi ucing, dina ucing kurung, nyaeta ....
A. siap ngahadang, upama ucing rek coba-coba norobos kurungan
B. nyumput sangkan teu ka panggih ku ucing
C. lumpat ngajauhan ucing
D. nutur-nutur ucing
5. Mangfaat tina kaulinan ucing kurung, nyaeta ....
A. ngalatih ngitung C. ngalatih kajujuran
B. ngalatih konsentrasi D. ngalatih daya ingat
II. Eusian titik-titik dihandap ieu ku jawab anu bener!
6. Karangan anu ngagambarkeun hiji hal kalawan eces nepika nu maca oge bisa nyindekeun
hiji perkara disebut karangan ....
7. Kalimah anu subjekna ngalakukeun pagawean, disebut kalimah ....

III. Jawab kalawan singet pananya dihandap ieu!


8. Sebutkeun 3 (tilu) contoh kecap barang (kata benda)!...

KD 3.2 Memahami isi teks narasi tentang peristiwa kehidupan (pengalaman yang
menyenangkan, menyedihkan, berkesan)
I. Pilih ku cara dicakra (x) salah sahiji jawaban a,b,c, atawa d anu dianggap pang benerna!
Pek baca heula karangan narasi dihandap ieu!

Teu percaya
Basa pere sakola, Teten piknik jeung Bapana ka Yogya ti Jakarta ka jegjana make kapal udara,
teu lila Jakarta-Jogja make kapal udara mah, nga ukur lima puluh menit geus nepi ti Soekarno-
Hatta hiber tabuh tujuh isuk-isuk, tabuh tujuh leuwinh lima puluh menit geus turun di
Adisutjipto.
“Kunaon turun, Pak? Ceuk Teten ka bapakna
“ Geus tepi, Ten, Ceuk bapana
“ Ah... moal enya, Pak?
“Enya, geus nepi!
“di Jogja? Teten nanya bari teu percaya sebab Teten pernah ngobrol jeung Pa RW tatangana,
cenah sapoe sapeuting naek kareta ti Jakarta ka Yogya teh.

9. Anu piknik ka Yogya jeung teh, nyaeta ....


A. adina Teten C. Teten
B. lanceukna Teten D. babaturan Teten
10. Piknik ka Yogya na Teten teh naek....
A. kareta api C. beus
B. kapal udara D. angkot
11. Ti Jakarta ka Yogya teh lamun make kapal udara mah waktuna ....
A. tilu puluh menit C. lima puluh menit
B. opat puluh menit D. genep puluh menit
12. Lapangan udara anu di jugjug ku Teten jeung bapana basa rek ka Yogya teh, nyaeta ....
A. lapangan udara Djuanda
B. lapangan udara Halim Perdana Kusuma
C. lapangan udara Soekarno Hatta
D. lapangan udara Adisutjipto
13. Ka Yogya teh lamun naek Kareta Api mah numutkeun bacaan di luhur, nyaeta...
A. sapoe sapeuting C. dua poe dua peuting
B. sapoe dua peuting D. dua poe tilu peuting
II. Eusian titik-titik di handap kalawan bener!
14. Kalima anu make tanda baca panyeluk, disebut kalimah....
15. Kecap anu ngagambarekun hiji kaayaan disebut kecap ....
III. Jawaban kalawan singget pananya-pananya di handap!
16. Sebutkeun 3 (tilu) kecap kaayaan!....

KD 3.3 Memahami isi teks guguritan tentang hidup rukun.


I. Pilih ku cara dicakra (x) salah sahiji jawaban a,b,c atawa d anu dianggap paling benar!

Pek baca pupuh Magatru di handap ieu!


Hiji tokoh dongeng Tangkuban Parahu
Ngudag-ngudag Dayang Sumbi
Teu yakin eta teh indung
Dibejaan keukeuh julig
Dasar anak nu bedegong
17. Dongeng anu dicaritakeun dina pupuh diluhur, nyaeta ...
A. Sangkuriang
B. sasakala Gungung Tangkuban Parahu
C. Dayang Sumbi
D. sasakala Gunung Putri
18. Anu dimaksud “anak nu bedegong” dina pupuh diluhur, nyaeta ....
A. si Tumang C. Sangkuriang
B. si Kabayan D. Dayqang Sumbi
19. Tokoh anu teh yakin yen Dayang Sumbi teh indung dina pupuh diluhur, nyaeta ....
A. si Kabayan C. Dayang Sumbi
B. si tumang D. Sangkuriang
20. Pupu diluhur aya ..... padalisan
A. dua C. opat
B. tilu D. lima
21. Guru lagu jeun guru wilangan padalisan ka dua, nyaeta ....
A. 7u C. 8i
B. 7i D. 12u
22. Jeung papada jalma urung kudu ....
A. silih asih silih asah C. silih antepkeun
B. silih omongkeun D. pajauh
23. Hirup rukun sauyunan, teu ngabeda-bedakeun boh agama, boh suku bangsa disebut oge ....
A. toleransi C. jail
B. acuh D. pengkuh
24. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, paribasa di luhur hartina ....
A. teu boga kaera C. sauyunan
B. silih antepkeun D. masing-masing
25. Manusa teh teu bisa hirup sosoranganan mangkana manusia disebut ....
A. mahluk lemah C. mahluk sakti
B. mahluk sosial D. mahluk galak
II. Eusian titik-titik dihandap ku jawaban nu mareneh!
26. Kecap sauyunan miboga harti ....
27. Kudu kumaha urang hirup jeung papada jalma ....
28. Urang kudu ngajaga karukunan, lamun di imah jeung dulur, lamun disakola jeung ....

III. Jawab kalawan singget tur mereneh pananya-pananya dihandap!


29. Sebutkeun 3 (tilu) istilah karukunan ....

KD 3.4 Memahami isi teks percakapan tentang sehat itu penting.


I. Pilih ku cara dicakra (x) salah sahiji jawaban a,b,c atawa d anu dianggap paling benar!

Baca cutatan paguneman dihandap!


Pikeun keluarga Asep, poe minggu mangrupakeun poe pikeun beberes. Unggal anggota
kulawarga mibanda tugas sewang-sewangan.
Bapa : Muhun, leres pak!
Asep : Bantuan deuinya ema jeung bapa beberes!
Rosa : Muhun, Pak!
Asep : Bapa... abdi sasapu teras sareng nyebor kembang
Bapa : Mangga
Rosa : Abdi ngepel sareng ngelapan kaca
Ema : Tah, ema mah masak sareng nyeuseuh baju
Bapa : Bapa mah bagean ngeusian bak mandi jeung nu sejena

30. Keluarga Asep teh babaresna saban poe ...


A. minggu C. salasa
B. senen D. rebo
31. Pagawean anu dipilih ku Asep nyaeta ....
A. sasapu teras jeung nyebor kembang
B. ngelap kaca
C. nyeuseuh baju
D. ngeusian bak mandi
32. Pagawean anu dipilih ka Rosa, nyaeta ....
A. nyeuseuh baju C. ngepel jeung ngelap kaca
B. nyebor kembang D. nyebor kembang
33. Anu boga tugas nyeuseuh jeung ngeusian bak mandi, nyaeta ....
A. Asep jeung Rosa C. Rosa jeung Ema
B. Asep jeung Bapa D. Ema jeung Bapa
34. Ngabantuan kanu jadi kolot beberes di imah kaasup kana sikap ....
A. silih tulungan C. silih pikanyaah
B. silih asih D. silih andelkeun
35. Mangfaat miara kabersihan lingkungan, nyaeta ....
A. buruan jadi endah
B. lingkungan betah jadi tempat ngobrol
C. lingkungan bersih alus keur tempat jualan
D. lingkungan jadi bersih awak oge jadi sehat
II. Eusian titik-titik dihandap ku jawaban nu mareneh!
36. Kalimah anu langsung di ucapkeun ku anu nyaritana (panyaturna), disebut kalimah ....
37. Sinonim tina kecap “babari” nyaeta ....
38. Antonim atawa lalawanan kecap tina kecap “cageur” nyaeta ....

III. Jawab kalawan singget pananya-pananya dihandap ieu!


39. Sebutkeun 3 (tilu) kecap istilah kasehatan ....
40. Jelaskeun, kumaha carana ngajaga kasehatan awak!...

Anda mungkin juga menyukai